Pages

Wednesday, October 31, 2018

Kamar 418*

Keur urang lembur siga kuring mah,  anu jauh ka Mol, anggang ka KFC; waktu narima hadiah tina nulis mangrupa nginep di hotél anu aya kolam renangan. Bungahna leuwih ti batan bungangangna haté lantaran urusan ngurus suku nu rorombéheun maké ubar parud waluh Siem geus bérés. Najan sukuna masih kénéh aya rorombéheunna, nya lumayan wé  kaos kaki rada awét. Matak bungah pan lantaran teu kudu hayoh waé meulian kaos kaki. Atawa nu matak éra mah, kadéngé ngagesruk béréwékna kaos kaki ngarait kana rorombéheun.

Ngaran hotél maké basa asing.  Dina sirah kabayangna hotél modern anu siga dina pilem-pilem atawa sinétron. Isuk-isuk bakal disuguhan roti, diukna dina korsi anu aya méja marmeran,  dibarengan hiliwir seungitna cai susu coklat panas. Bérés dahar terus kokojayan.  Éndah dunya téh. Sanggeus dahar teu kudu mikiran ngumbah piring,  ngagosok katél tutung lantaran kapohoan telat ngajait.
Di hotél mah sagala kari nunjuk,  kari nitah, kari ménta. Ngan hanjakal, hadiah saré di hotél téh ngan soranganeun. Biasa pan manusa mah, sok ngarasa kurang baé.  Dibéré ati ménta jantung ceuk paribasa mah. Maksudna geus dibéré nu hadé,  hayang meunang nu leuwih hadé deui, nu leuwih ngeunah ceuk sorangan.
●●●

Waktu dampal suku nincak ka hotél anu kudu dijug-jug, kuring ditarima ku resepsionis anu imutna leuwih kareueut amisna batan cai susu coklat anu isukan bakal ngajagrag dina méja. Kuring dijajap ka rohangan anu bentukna buleud. Geus nyampak juara-juara nulis nu lain ti provinsi lain. Awak asa ngaleutikan pas panon paamprok teuteup jeung anu dariuk dina korsi. Karasa pisan lamun lain kanyaah Alloh mah, moal bisa aub ngariung ngadiukan salah sahiji korsi anu disadiakeun panitia.

Teu lila aya nu ngumumkeun lamun kagiatan bakal dilaksanakeun diaping ku réngréngan ti outbond. Eusina kurang leuwih ulin, sukan-sukan, ngamangpaatkeun waktu ku sagala kagiatan nu matak bungah. Éndah deui bae dunya téh.  Geus lila kuring tara ulin, malah geus poho kumaha ari ulin. Baheula sok ulin téh basa keur budak. Sanggeus jadi kolot mah, saban poé téh gawé jeung gawé,  mastikeun pamajikan teu kurang dahar, anak teu kurang didik.

Geus dibéré makan malam, kuring dititah istirahat.  Acara bébas.  Bébas rék naon baé.

Nu cocok keur ngeusi acara bébas, taya deui iwal ti saré. Kuring bus asup ka kamar nomer 418 di tingkat 4. Kamarna beresih, maké model minimalis. Pas nempo tina jandela, aya balkon. Tina balkon lamun ningali ka handap, aya kolam renang maké téhél biru, caina ngagenclang herang. Teu kabita hayang renang, kacipta bakal tiris, kabita kénéh ngagéléhé ngagoler dina kasur anu nyacas bodas.

Ku lantaran haté leuwih condong ngamangpaatkeun hadiah saré ku saré, nya kuring buru-buru ucul-ucul. Tatan-tatan saré.  Kuring mandi heula ku cihaneut, maké sabun hotél.  Dug baé saré, teu inget naon-naon deui.
●●●

Asa ngimpi pas ningali aya awéwé maké kerudung asup ka kamar kuring.  Manéhna antaré pisan asup ka kamar, muru kana méja leutik, teuing neundeun naon. Kadéngé manéhna asup ka toilét. Kuring teu geruh, ngan bingung. Naha bet bisa aya awéwé asup. Pan dikonci, koncina nyelap dipaké ngahurungkeun lampu.

Awéwé téh leumpang ngadeukeutan lomari bari muka kerudung. Awak kuring ngajepat kénéh dina kasur,  tapi panon nuturkeun sakabéh gurak gerik awéwé nu ayeuna gadag gidig di jero kamar.
Manéhna katingali nyampeurkeun, haté ratug. Napas ditahan, arék naon  maké nyampeurkeun. Lalaunan ampir teu kadéngé sukuna ngeteyep, leungeunna mapay kasur. Meureun sieunan labuh lantaran kamarna poék. Kuring mah lamun saré lampu sok dipareuman,  kudu poék.

"Neng, badé kamana?" Kuring nanya bari sora rada ngageter antara reuwas jeung sieun.
"Hah, ari ieu saha?" Manéhna malik nanya bangun sarua reuwasna jeung kuring.
"Dedi," pok téh nyebutkeun ngaran.
"Hah, aduh, salah asup kamar. Hanas menta dibukakeun ka office boy!" Kadéngé manehna gegelendeng.  Kuring olohok. Sigana olohokna kuring moal katingali ku manéhna da poék.

Manéhna nyokot kerudung, terus malik rék ka luar kamar. Kadéngé ngutruk.
"Kunaon sih pantona teu di konci? Jadi we batur bisa asup. Jeung naha teu ngahurungkeun lampu? Pan teu katempo saha nu di jero. Saré téh lalawora."

Kuring ngahuleng, anu salah asup manéhna, naha jadi kuring nu salah? Geus salah asup, ngaruksak kani'matan saré batur, éh kalahka malikan ngambek. Kuring jadi keuheul. Sugan jelema anu sok sararé di hotél mah tara ngaragap haté batur. Nu salah téh kudu batur, padahal geus jelas manéhna nu salah.

Tungtungna teu bisa saré.  Dipeureum-peureumkeun gé anger wé teu reup. Guling gasahan, kahudangkeun awéwé nu asup salah kamar. 

Bari ngagoler, rarasaan asa hayang ka cai.

Kuring nguniang hudang,  maksakeun.

Kolotrak nyekel knop toilét. Pageuh. Naha bet ngonci.  Digebreg-gebreg, panto téh pageuh teu muka. Aduh, awéwé téh mawa sial. Naha maké ngonci kamar toilet sagala.

Teu kuat hayang ka cai ampir teu katahan. Kuring nelepon ka nomer 0 maksudna ngarah dikirim pagawé anu bisa mukakeun  panto toilét.

Teu lila jol lalaki anu ngaku jurungan ti bagian hotél keur ngomé panto toilét.
Kuring ngarasa hanjelu, peuting éndah saré dina kasur hotél  kamar 418 anu sepréna nyaca bodas téh teu tulus. Tukang ngoméan panto lila pisan gawéna. Kaburu teu hayang kacaina ge, kaburu nyelek ku keuheul.

Aya bagja teu daulat!

No comments:

Post a Comment