Pages

Wednesday, March 27, 2019

Teu Niat

Katingali Bu Dédé kutak ketik dina hapéna.  Panonna mencrong lempeng kana layar.  Sakapeung halisna kerung, sakapeung pasemonna bangun kesel. Ku kituna mah kaharti. Naon anu kaalaman ku manéhna,  nya osok kaalaman ogé ku kuring, nyaéta urusan balik ti pelatihan. 

Sok teu paruguh ari balik pelatihan téh.  Ari ménta dijemput ka salaki. Karunya. Sakitu riweuhna. Ari teu dijemput,  teu wani balik sorangan. Eh, lain teu wani-wani teuing kétang.  Horéam turun unggah naék angkutan umum. Sanggeus bisa maké mobil sorangan mah, urusan indit jeung balik, teu jadi pipikiran. 

Kacipta ku kuring kumaha matak horéamna keur Bu Dédé.  Ti Bogor ka Cianjur, pan lumayan tah lalampahan téh. Mimiti ti hotél ka Ciawi. Ti Ciawi nunggu sangkan bisa naék beus Marita ka Cianjur, Mun kabeneran aya korsi kosong, bisa diuk, éta untung. Mun teu kabeneran, naék beus Marita, wayahna kudu bari nangtung.  Mun keur sué pisan mah, kudu daék  diuk diparêkoskeun dina mobil elp. Elp nu bau, panas, heurin, jeung matak ripuh kana suku. Penumpang didedet. Kuduna jok keur opatan, dipaksa kudu asup genep. Engké lamun geus nepi ka Pasir Hayam, naék deui angkot ka imahna. Leuheung mun teu hujan. Mun hujan? 

Kuduna Bu Dédé naék grab ngarah genah. Kana grab mah, kari clék, diuk bari mobilna maké asé. Dijajap nepi ka buruan imah. Ngan,  harga keur meunang tempat diuk alus bari tumaninah, ti hotél tempat pelatihan nepi ka imahna, mas kawinna meureun kudu kana 300 rebu mah. Mahal teuing atuh. Tina pelatihan waé ngan dibayar 600 rebu!

Karunya na mah karunya ka Bu Dédé téh,  ngan kumaha da kuring balikna ka Tangerang. Teu sajalur. Mun sajalur mah, diajak kana mobil kuring. Da indit sorangan, béngsinna sakitu, indit duaan, anger wé, béngsinna mah, sakitu.

"Pesen grab wé atuh Bu Dé, keun sakali-kali meuli kenyamanan," ceuk kuring ngolo Bu Dédé sangkan balikna kana grab ngarah teu katalangsara di jalan. Karunya atuda. Nya balik sorangan, nya geus liwat lohor. Kumaha mun jalan ka Cianjurna kaburu di tutup, deudeuh teuing bakal kapeutingan di jalan. Diwawaas deuih, kumaha mun turun rék ganti kendaraan, breg hujan gedé. Mangkaning mawa léptop, kumaha mun léptopna kahujanan.

"Muhun atuh badé nyobian kana grab, keun wé perkawis ongkos mah, tiasa diskon tina OVO," walon Bu Dédé bari ramona pakupis néangan lokasi berangkat jeung lokasi anu di tuju. Panonna mah anger kana hapé.  Kuring imut, enya kudu kitu atuh, piraku kaluar ti hotél naék angkot.

"Nin, ikut ga cari PSK di Cipanas?"  Aya sora nomplok kana ceuli kuring anu keur anteng ngabayangkeun nasib Bu Dédé. Bu Sélfi. 

"PSK?" kuring ngagerentes dina jero haté. Anéh naha maké néangan PSK, keur naon? Kuring ngahuleng bari asa reuwas, saeutik. Sakanyaho kuring Bu Sélfi kaasup senior di jajaran peserta pelatihan mah. Malah kaasup anu salah sahiji peserta anu dipikasérab. 

Tacan gé kuring nanya, kaburu pok Bu Selfi nyarita, "Éh, jangan mikir macam-macam yah, PSK itu mah singkatan dari Pusat Saté Kiloan. Kebetulan bawa mobil sendiri nih, supirnya mah Pa Chandra, anak buah lbu dulu waktu sama-sama di Kurikulum. Kita mau léwat Cianjur, biar bisa menikmati PSK dulu." 

Omongan Bu Selfi anu nyabit-nyabit PSK di Cianjur ngakibatkeun peserta pelatihan lain milu nanya. Aya nu nanya dagingna daging dikilo atawa daging sakeureut. Dijualna di warung atawa di hotél. Dibeuleumna ku areng atawa ku guguling. Dikipasanna ku hihid atawa ku haréwos. Rupa-rupa. Tungtungna jadi ramé ngabahas PSK Cipanas-Cianjur. 

Bu Selfi ngaladénan nu nanya, ampir teu kaladangan bakat ku loba nu panasaran. Atuh rohangan lobi hotél ampir bahé beurateun teuing ku nu ngagimbung Bu Sélfi anu mawa téma PSK. 

Kuring ngoléséd  ka sisi kénca nu teu pati jauh ti Bu Sélfi,  nyampeurkeun Bu Dédé. Panon Bu Sélfi nuturkeun kuring ku rérétna.

Bu Dédé peserta nu anyar di rékrut. Manéhna tacan loba wawuh ka peserta lain anu geus biasa diondang pelatihan. Tina keureutna mah, bangunna cerdas, sagala bisa, matak resep nu nitah gawé. Ngan kulantaran tacan loba nu wanoh, manéhna teu populér saperti Bu Sélfi. Jeungna deui,  teu sacara peserta nu lian, anu rata-rata baroga mobil sorangan. Bu Dédé éstuning basajan pisan, nyebutkeun dijajap atawa dijemput téh ukur ku motor Vario 2007. 

"Kumaha tos aya mobilna Bu Dé?" kuring miheulaan nanya. Sora rada ditarikkeun, rada diatur sangkan nepi kana ceuli anu rék liwat ka Cianjur anu rék néangan PSK. 

"Numawi, teu acan. Némbé téh kenging, ari saur supirna alim pangaos sakitu mah, rugel bengsin, margi uihna ngosong saurna. Ku abdi dipiwarang cancel baé. Anjeunna nyungkeun ongkosna ditambihan." Témbalna ampir teu kadéngé. 

"Terus?" Kuring jadi panasaran. 

"Abdi nuju pesen deui, mudah-mudahan nu ieu mah teu nyungkeun ongkos tambihan." Bu Dédé nerangkeun bari panonna rut rét ka lebah gerbang tempat asupna mobil. "Tuh itu ning mobilna, nomer 1422. Mangga Bu Nina, abdi permios." Manéhna ngajak sasalaman, ka kuring, terus ka Bu Sélfi, ogé ka nu lainna nu aya di lobi hotél, taya nu kaliwat, kabéh dipapay, kaasup Bu Sélfi. 

Tacan gé mobil anu ditumpakkan ku Bu Dédé maju, Bu Sélfi kadéngé amitan. "Hayu ah semuanya. Aku mau ke Cianjur, nemuin PSK." 

Katingali tukangeun mobil grab anu ditumpakan Bu Dédé aya mobil Veloz anu eureun. Sirah Pa Chandra kaluar, "Hayu Bu urang angkat."

"Dadah ya, sampéy ketemu lagi ya." Sora Bu Sélfi ngaliwat ceuli kuring. Tonggongna ngungkug asup kana mobilna.

Dua mobil pauntuy-untuy. Nu hiji eusina Bu Dédé, sorangan; nu hiji deui, eusina duaan, Pa Chandra jeung Bu Sélfi. Kuring gogodeg. Haté muji ka Bu Dédé. Aya ku alus, teu nanyakeun naha bisa milu numpang atawa henteu ka jalma anu teu riuk-riuk aya hawa hayang ngajak. Harga diri jeung mandirina hiji jalma bisa ditaker, bisa diukur, ku kumaha carana nyokot putusan pikeun méréskeun hiji masalah hirup anu keur disanghareupanna dina waktu anu samporét. 













No comments:

Post a Comment