Pages

Saturday, July 20, 2024

Ngumpulkeun kawani jeung kabedag

Ting keretek kadéngé ngetik dina HP. Diilikan sakali deui, nyureng, sieun kalimahna teu merenah. Ah geus we ceuk haténa,  dikumaha-kumaha ogé,  anger moal merenah. Kangaranan cidra kana jangji, sulaya kana babayar, maké kecap nu pangsopanna ogé,  bakal moal matak ngeunah katarima ku nu ngahutangkeun duitna. Bari ngagerentes bismilah, jempolna mencét tanda ngirim. Seblak haténa ngalenyap, kumaha mun narima jawaban anu matak buntu pipikiran. Mudah-mudahan Pangeran Gusti Nu Maha Welas marengan manehna, kitu ceuk pikirna. Jawaban nanaon ogé kudu ditarima ku karumasaan. 

Geus tilu poé,  kaweur, meunang béja lamun anakna, nu lalaki, keur marojengja pikir kebéntar asmara ku nu geulis, dosenna. Atuh puguh we, anakna neungar cadas. Moal bisa kahontal mikahayang guru sorangan mah. Lir ngabeberik kalangkang heulang,  kitu ceuk paribasa mah. Manehna ukur bisa rumahuh, hujan cimata mangkarunyakeun ka nasib anak. Anu kakarak sengserang panon, kalah tibelat ku awewe nu lain babad lain tanding. Ngan, heueuh ari nu ngaranna cinta mah, teu mandang guru, teu mandang umur. Mun geus katerap panyakit cinta mah, lat poho ka temah wadi, poho ka diri, teu nyaah ka awak. Awak nu teu tuah teu dosa disasaak, siga hayang ngagambarkeun rajetna haté. Tungtungna matak lelenyapan sok sieun katalanjuran, kelepasan, kaleleban ku bogoh, jadi tega lara,  tega pati. Bara'id teuing,  manéhna ukur bisa neger-neger maneh ti kajauhan. Manehna anu kedul ibadah gé,  pas ngadenge anakna keur dina tunggara mah, langsung nyokot wudu, deluk solat, ditutup ku ngadu'a bari reumbay cimata. Batinna ngajerit, menta ka nu Kawasa supaya anakna salamet, dibere kakuatan dina nyanghareupan cobaan cinta anu sakitu rohakana. 

Manehna geus rada reug-reug, mercayakeun ka Pengeran Nu Murbeng Alam pikeun ngaping, ngajaring anakna. Alloh mah kawasa. Jarak rebuan nepika jutaan kilo teu jadi halangan.  Kareureug teh burakrakan waktu anakna nu gedé mere béja yén  adina maceuh. Hayang tega bibilasan. Kapengpeongan ku Nyi Namira. Nepika rek mihapekeun jasad jeung surat sacewir ngiberan yén manehna bogoh nataku teu beunang dipapalerkeun.
Atuh béja eta ngajadikeun manéhna tibuburanjat, garo singsat. Hayang nyalametkeun anak.

Can ge leler, jol WA nanyakeun iraha rek mayar hutang anu jatuh tempona poe isukan. Manehna uleng mikir. Ti mana mayar mangyuta-yuta, bari duitna manehna mah teu milu maké. 
Sirahna asa bejad jeun beurat,  tikoro asa garing,  panon patingburinyay. Eusi sirahna but bet neangan akal. Anu kapikir, nginjeum duit ka lanceuk atawa ka adina. Sabaraha we, asal cumpon pikeun mayar hutang we. Berekah, boh adina, boh lanceukna méré nginjeum. Manehna ngaborahkeun injeuman ti BJB keur mayarna. Mayar hutang ku hutang. Ari lagu Oma lrama mah, tutup lobang, gali lobang. Ieu mah gali lobang, lobang digali lagih, sampai lobang notos bumi, meuntas nepika ajal tarohanna.
Goledag manehna ngagoler. Teu kuat ku lieur. Panonna dipeureum-peureumkeun sangkan teu nempo kahirupan nu sakitu juwetna.

Meureun aya kana lima menitan manehna ngalenyap. Kahudangkeun ku sora WA nu asup. Aya WA duka ti saha, nitah manehna ngirim file kurikulum.  Aya ku kamalinaan jelema mah, teu hir walahir, der menta dikirim file. Teu ngaraskeun neangan file teh teu gampang. Ieu meni siga kari mikeun we, barina ge, jelemana ge manehna mah teu wawuh. Hudang saré  teh jadi matak ngabarungsinang, tambah pusing. 

Ras inget ka salakina. Duit meunang nginjeum teh, lain buru-buru dipake balanja. Kalah ka dipake tatahar gede. Ngomean 2 imah, masang pager, masang pondasi. Najan enya cenah dibantuan ku adina 5 yuta, wah duit sakitu mah, teu kaluhur teu kahandap. Nu puguh, duit keur balanja jadi nyeot, kapake ka dinya. Acan deuih, mawa pagawe, cenah teu betaheun. Pagawena ngarungsing hayang balik alesan aya harepan meunang duit korban lini. Pagawe anu hijina deui, sarua, ngareying nginjeum duit keur anakna rek PKL cenah. Duit anu make bunga teh, aruh bru bro ka pagawe, lain keur balanja. 

Manehna ukur bisa diuk ngajentul, mikiran nasib. 

Sorena Rastiti nepungan lanceukna di Ciherang. Neangan bongbolongan kudu kumaha dina nyanghareupan hirup. Ari ceuk lanceukna teh: maneh kudu cageur. Salaki jauh, anak jauh, maneh di imah ngan sorangan,  lamun maneh nambru, ruksak ka sareea. Sing cageur. Perkara budak, urang sanggakeun ka Alloh. Atuh salaki maneh, sing hasil usahana. Keun ku Eteh rek didoakeun, diembat ti dieu. Sok we menta foto budakna jeung baju nu sok dipake ku budak.  Urang du'a'an susuganan we. Da Eteh mah teu bisa ngabalikeun hate anak di dinya. Sok ku maneh oge do'akeun. 





No comments:

Post a Comment