Pages

Sunday, August 26, 2018

Ngamangpaatkeun nu aya

Ti saprak salaki kuring ngumumkeun milu nyaleg, rupa-rupa kajadian nu karandapan. Salah sahijina nyaeta urusan 'relasi'. Nya panan ari nyaleg bari teu boga duit mah, modalnya kudu ngabina jeung nyieun relasi nu loba, kitu ceuk salaki kuring mah.

Di lembur aya hiji lalaki, umurna sigana leuwih ari ti 50 mah. Pagawean matuhna mah tukang menta sodakoh lamun aya nu ngurebkeun. Atawa lain eta sugan pagawean matuhna. Sapopoe kulantang kulinting bae sabudereun pemakaman, ngaroris siga mandor. Tapi lain mandor, da mandaor mah aya, pagawe negri anu sok make seragam oranye lamun keur poe dines mah.

Sebut bae manehna Mang E. Ceuk beja manehna urut preman anu insap. Insap tina mabok, tina preman, insap tina kalakuan teu eucreugna we. Boga imah, boga pamajikan, boga anak. Mun teu salah asa pernah nyaritakeun anakna nu pangleutikna masih keneh sakola keneh, SD asana mah. Hiji deui, boga motor.

Ampir saban poe Mang E datang ka imah. Tujuanna nepungan salaki. Ngakuna mah cenah abdi mah berjuang kango Bapa. Nepika poho dahar, tah ieu beuteung ge, pokna bari nunjuk ku lengeunna kana beuteungna, teu acan kaeusian nanaon, nyeri ayeuna teh. Mang E nerangkeun mun manehna boga panyakit maag, lantaran loba puasa cenah. Duka enya duka henteu. Rek bener heg, da eukeurna, rek teu bener oge, heg, da keur manehna.

Kadang-kadang tina sapoe aya kana tilu kalina datangna teh. Anger we tujuanna mah kitu, bade ka Bapa. Asalna kuring teu pati malire. Ah pek we arek mantuan neangan relasi mah, kuring mah moal milu riweuh. Ngan kadieunakeun mah mimiti ngarasa lamun manehna ngamangpaatkeun kaayaan.

Tah, peuting ieu ge datang. Salaki kuring keur masangkeun panto anu geus dalapan taun tacan kapasangkeun. Karek ge saencret gawe, manehna geus ngagorowok uluk salam. Salaki bangun paur semah teu ngeunah hatena. Cul alat-alat gawe, cul naon, langsung nyampeurkeun, diladangan. Rek balik teh sok beasna (anu beas teh ngan saktu-kituna deui, sok sampeuna, alesan bisi hideung, padahal karak diala bieu sore).

Kaitung kacida berehanna salaki teh. Moal aya jalma anu sakitu welas asihna siga salaki kuring mah. Matak salembur ieu mah, pada muji moal aya deui nu berehan sapertos Bapa mah. seueur sodakohna, seueur jariahna. Kitu tah conto pok-pokan ti tatangga, kaasup Nini N anu eta oge sarua sok nganjang sacara reguler, neang sodakoh kujalan nepangan Bapa. Kuring kudu acung jempol, siga acung-acungana leungeun Nini N saban datang ka imah muji bebeakan kana kahadean Bapa.

Ari ceuk pamikir kuring mah asa jadi dimangpaatkeun ku pangsiunan preman. Contona bae kieu. Hiji poe, isu-isuk geus uluk salam, bebeja lamun guruna cenah maot. Datang ka  Bapa manawi aya kango ongkos. Golosor.

Poe anu lainna deui, bebeja lamun atos tataros, Bapa mah kedah maju, bakal meunang. Memeh balik teu poho, menta ganti ongkos. Golosor.

Minggu anu katukangna, manehna datang rek menta bengsin sabab arek nepungan warga masyarakat di daerah dapil Bapa. Cenah teu bisa indit da motorna taya bengsina. Golosor.

Kitu-kitu jeung kitu we. Budakna tacan dahar, menta ka Bapa. Pamajikanna gering, Bapa anu kudu mere duit keur meuli obatna. Manehna teu boga beas, Bapa anu kudu nyadiakeunna.

Ari salaki mah majar teh nya meureun sakitu kabisana. Keun we.























No comments:

Post a Comment