Pages

Wednesday, November 13, 2024

Disuntik Meningitis

Geus poho kana poé. Rarasaan ayeuna téh poe Kemis. Pas ningali hapé, Rebo geuning. Kudu maké baju bodas lamun rék indit gawé.  Tapi boro-boro kuat gawé,  hudang gé,  hararese. Satulang-tulang nyareri, urat-urat asa hareuras. Boa-boa ieu kakaren Covid-19. Béjana para alumni Covid-19 dampak jangka panjangna téh nyareri tulang jeung kurang aya tanaga. Tapi sigana lain tina Covid-19,  ieu mah akibat tina galingging  panas tiris tina batuk. Mun katiisan, ngohkoh batuk, ngungkung siga sora bangkong keur jarogéd pedah aya hujan gedé. Teu sirikna nepika ti kiih-kiih bakat ku jero nyokot napas rek ngaheuat ngaluarkeun batukna. Asa kakaraeun  batuk nyeri, peureus, jeung matak seueul kana angen siga kieu. 

Teu pati kuat ogé, maksakeun hudang. Ngarayap ka luar imah, maraban heula tatangga. Tong waka muji,  héhéhéh. Tatangga kuring ratusan,  boa rébuan,  ngan kabéhanana ogé paéh. Saban poé nambahan tatangga téh, ukur nyaho ngaran lahir jeung mulangna. Sanggeus cindek, jadi tatangga kuring, taya béjana. Tara kaluar-kaluar acan. Panan maot. Maenya nu geus maot ngulampreng, ulin, atawa malem mingguan. Atuh matak guyur, ibur, héboh mayit jaman kiwari, sanggeus dikurebkeun,  soré-soréna sok jalan-jalan, atawa peutingna, haliburan ka City Mall.
Tatangga kuring nu dimaksud nyaèta anu aya sisi beulah wétan imah kuring, Pemakaman Sirnalaya 1. Imah kuring percis sisi kuburan. Naha teu sieun cicing sisi kuburan? Jawabanna lain sieun atawa teu sieun, tapi kuring boga kayakinan wé, panan urang sakabéhna nu hirup,  éta calon mayit. Calon pangeusi kuburan  rumah masa depan. Jadi teu aya hubungan jeung sieun atawa henteuna cicing di kuburan. 
Tah tatangga anu diméménan, anu saban poé dibéré dahar, diperhatikeun nginumna mahi apa henteu mah, manuk, aya dalapan! Sabenerna mah, teu téga ningali manuk dikurungan. Ngan lamun dileupaskeun, leuwih karunya deui. Pilihanna keur nanuk lamun dileupaskeun ngan dua: kahiji ditémbak, dipaéhan bari teu dipuluk boh dagingna boh buluna; kadua paéh langlayeuseun lantaran teu bisa ngala dahareun di kota mah. 

Tutas méré marab manuk, karak inget yén poé ieu, Kemis, eh, Rebo, 13 Novémber 2024 kudu ka Kimia Farma Bepas tabuh 13.00 pikeun disuntik Meningitis.

Ningali kana jam, geus nunjukkeun tabuh 12. Teu karasa waktu téh,  nyérélék téréh pisan. Asa can lila tina waktu hudang, ka maraban manuk, terus ngararasakeun kanyeri dina dada, geus rék lohor deui. Komo keur jalma senang meureun,  ti poé ka poé téh téréh pisan. Cacakan kuring waé anu keur teu pati jag-jag, sakitu cepetna waktu téh majuna. Cirining betah hirup di dunya téh, kitu ceuk babasaan mah. 

Indit téh maké Grab. Lain teu pro kana angkot jeung ojeg. Naék angkot,  teu apal jalur.  Jeung mahal geuning angkot téh,  lima rebu rék jauh rék deukeut. Lamun dua kali naék,  sapuluh rébu.  Indit heula ti imah ka jalan, naék nomer 2, terus naek nomer sabaraha tah nu liwat jalan Bepas? Teu apal. Matak mending kana Grab, mayar 16 rebu, dijemput ti buruan imah, dijajap ka buruan nu dituju. 

Nepi ka apoték Kimia Farma langsung ditanya ku pagawé apotek nu maké seragam batik. Disebutkan we rek suntik Meningitis. Barang rét ka tempat tunggu, geuning Pa Dédén,  tos aya nungguan. Sabenerna lbu Maskanah,  tos datang leuwih tiheula, ngan kuring ogé Pa Dédén teu apal, sabab lbu Maskanah nungguanna di rohangan klinik,  lain di rohangan apoték. 
Ti kenca ka katuhu: Deden, 

No comments:

Post a Comment