"Ceu tulunganlah sakeudeung," ceuk tatangga nu sok biasa méré gawé. Haté bungah, ti saprak puasa, béak puasa, liwat lebaran, tacan meunang duit. Padahal waktu puasa jeung lebaran, geus ngaluarkeun duit nu lain saeutik. Meunang kental kentil bubulanan, ampir korédas.
Kadéngé sora tat-tit tina token listrik, matak nambahan geumpeur. Karasa pisan butuhna ku duit keur nyundang kahirupan sapopoé.
"Di mana kitu gawéna? Asa ngadadak nya." Kuring ngajawab saujratna. Sabenerna mah hayang kénéh santey siga batur. Bring ka kaler ka basisir laut, bring ka wetan ka taman jijieunan, bring ka kulon ka pamandian cipanas. Ngan nyaéta ku taya duit mah, ukur bisa ngareungeukeun béjana wé, bari haté kumerot kabita. Sok kapikiran boa moal kaalaman bring ka ditu ka dieu siga batur. Umur kari ngitung taun, ka umur 65, umurna Kangjeng, geus mahi diitung ku hiji leungeun.
Manéhna pok ngomong bari tina semu jeung sorana karasa rada maksa. "Eta di bumina juragan pulisi, anu di Nagrak, deukeut kantor naon tatéh, DPR kitu? Kudu indit ayeuna nya Ceu, di dagoan pisan. Loba seuseuheun, kumbaheun, jeung beresaneun, kakaren lebaran cenah." Bari nahan seuri manéhna indit ninggalkeun kuring nu olohok.
Ka bumina juragan pulisi téh teu pati jauh ti imah kuring mah. Ngan najan deukeut ogé, teu pernah nincak ka buruan-buruanna acan. Uh ..., atuda teu bisa sagawayah jelema bisa asup-kaluar bumina juragan pulisi mah. Kudu puguh nu ngondangna, ngarah dipangmukakeun gerbangna.
Indit téh sabatae bae, teu gurung gusuh. Ménta kudu nepi jam hiji mah, moal kudu méakeun waktu lila mun ti imah leumpang ka bumina juragan pulisi mah. Barang srog, euleuh geuning aya ogé batur nu narangtung hareupeun gerbang. Boa sarua jiga kuring, rék mantuan beberes. Ari pék sanggeus di tanya tamba bau sungut, enya we, anu narangtung tiluan téh, diogan ku juragan pulisi pikeun babantu.
Sanggeus dititah asup, kuring jeung nu tiluan dibéré tugas séwang-séwangan. Kuring teu loba omong, gawé beberes di imah mah geus katalar. Ngistrika, sasapu, meresan dapur mah, ceuk paribasana bari peureum gé, bisa.
Kabagean teh meresan kamar. Baju amalayah, sapatu paburisat, jingjingan, tas, sabuk, kerudung, teu puguh kudu ti mana ngamimitian mereskeunna. Nu kapikir, eta baju kudu diistrikaan heula, karak dihijikeun nurutkeun baju awéwé, lalaki, dipisahkeun mana baju gawé, jeung baju paranti di imah. Heueuh ari nu beunghar, baju teh sakamar. Matak barieukeun. Lamun baju geus merenah, karek kana sapatu jeung nu lianna. Bangun-bangun moal beres nepika isa galagatna kieu mah.
Enya baé, nu tiluan mah, magrib téh geus baralik. Kuring nagen kénéh, kagok. Ari dua poé, isukan kari meresan saeutik deui mah, lebar lengkah. Jam satengah dalapan peuting, kuring menta idin balik, bari haté keketegan rék diburuhan sabaraha ari ku pangkat juragan pulisi keur ka jalma leutik.
Méméh balik kuring digoroan. Rék dibéré duit ceuk haté.
"Bi, ieu bawa tah, roti." Saur nyonya pulisi.
"Ah sawios, Bu, cekap." Kuring ngajawab pondok.
"Ih ulah nolak rejeki Bi. Sok tah, abuskeun kana kérésék. Kabéh we, jeung cai aquana ogé. Asa teu katingali nginum Bibi mah ti tatadi téh. Eta cai ngaglik we teu ditoel-toel acan." Nyonya pulisi galehgeh pisan. Atuh teu eleh déét, roti sapiring jeung cai teh dipindahkeun kana kérésék. Bari ngasupkeun roti kadéngé sora hujan merelek dina kenténg. Waduh, bakal balik kagirimisan ieu mah.
Kuring buru-buru amitan. Ku nyonya dihegkeun. Memeh ngalengkah ngaliwatan panto, nyonya nyarios rada tarik, "Bi, isukan beurang ka dieu deui nya. Omat nya," can gé bérés nyaritana, nyonya teh cicing heula, terus nyarita deui, "Eh, ketang, lamun jadi, dibejaan kana WAna Bu Urnasih nya."
Kuring unggeuk ngaenyakeun. Terus we ngagidig balik bari mawa kérésék eusi roti. Kulantaran hujan, sakapeung kérésék téh sok dipaké ngiuhan sirah. Bisi rieut, ceuk haté, lamun kagirimisan sirah mah.
Barang nepi ka imah, brak sarerea ngadahar roti. Roti teh ledis. Kuring ngarasa bungah, peuting ieu, beuteung teh teu kosong, kaeusian kadaharan jelema beunghar, roti. Kacipta, isukan, bakal dibéré duit.
Kuring saré tibra. Isukan meunang duit.
Isukna, kuring ngalengo nungguan beja ti tatangga nu nitah gawé di juragan pulisi, Bu Urnasih, tukang nimbang di Pos Yandu. Sok diserebut Ibu ku sarerea. Geus jam 10, jam 11, jam 12. Pikiran teh, boa nitah gawéna siga kamari, mimitina jam satu.
Waktu geus nincak asar. Beja ti nyonya pulisi tacan jol. Ku panasaran, kuring datang ka imah Bu Urnasih. Nanyakeun. Nanyakeun aya gawé deui, jeung nanyakeun pamayar gawé nu kamari.
Can ge nyarita, Bu Urnasih geus miheulaan. "Tah, kabeneran. Kumaha Ceu gawé di juragan pulisi teh, bérés?"
"Beres. Ngan aya pesen mun poe ieu kudu ka ditu deui. Ngabejaanna make WA Ibu cenah. Sugan aya WA?" Kuring nutup ku pananya.
"Teu aya Ceu. Saur nyonya nuhun cenah, kerja bakti tos bérés."
Gebeg, haté ngarenjag. Paingan teu méré duit, da kerja bakti.