Thursday, November 7, 2024

Ka Imigrasi

Komunikasi jeung pihak BJB ti saprak meunang béja meunang hadiah téh, dina WA. Aya WA grup Pemenang. 

Dina grup aya pengumuman, Kemis,  7 Novémber 2024 jam 13.00, kudu kumpul di BJB keur tatahar ngurus paspor ka kantor imigrasi.

Kuring gesat gesut rék indit ka SMA IQU Al Bahjah heula.  Rék nyaksian sakola diakreditasi, utamana rék ngabandungan réfléksina. Biasana refleksi ngabahas naon-naon waé anu geus sesuéy jeung instrumén jeung naon waé anu kudu dioméan. Aripék teh ceuk KSna, aya kunjungan ka nu di Cirumput, kemungkinan moal bérés jam 12. Kuring bébéja ka sakola mun teu sanggup datang,  lantaran waktuna mepet, bari jeung kuring teu bisa maké kendaraan. Kendaraan nu biasa dipaké, keur dibéngkél.

Nepi ka BJB téh jam 12.55. Lumayan aya 5 menit deui keur ngarénghap. Kuring langsung ngirim WA ka grup Pemenang ngabéjaan yén geus nepi ka BJB. Teu lila, aya WA ti Pa Dédén  jeung Bu Léni, duanana nyebutkeun hal nu sarua, geus nungguan di lantéy dua.

Panon rarat-rérét sugan aya anu opatan, nu sarua meunang hadiah umroh. Karak aya dua, Pa Dédén jeung Bu Léni. Tapi najan dirérétan ogé,  moal kapanggih,  panan teu wawuh. Kuring mukaan DP nu ngaranna Dédén. Cirina maké kacamata. Rét ka beulah juru katuhu, katingali aya Bapa-bapa nu sarua wajahna jeung DP WA. Keur ngobrol jeung ibu-ibu. Teu lila, aya satpam nyampeurkeun, ménta identitas diri ka Bapa-bapa anu keur ditengetan. Kuring mah cicing wé, ukur merhatikeun. Perhatian museur ka lalaki nu diuk gigireun kuring, asa wawuh.  Asa pernah panggih, saha nya? Pikiran muter rekaman kahirupan, mundur ka jaman keur ngora. Enya kitu ieu teh Ayi? Asa piraku Ayi. Tapi keureutanna mah Ayi. Kuring ngawanikeun manéh,  nanya ti heula.
"Ieu téh Pa Ayi? Nuju naon di dieu?"
Manéhna bangun ngaranjug. Kuring ngabapakeun tanda ngahormat. Manéhna maké baju seragam, hartina lain jalma joré-joré. Sarua siga kuring boa, PNS.

"Eh, lbu?" Jawabna pondok. Tapi teu lila terus ngomong deui, "nyaéta nuju badé naroskeun pensiun."
"Ih naha tos bade pangsiun kitu?" Kuring rada héran.
"Aya kénéh dua taun deui, ngan hayang apal we kumaha-kumahana?" Tembalna bari semu ngalamun. Pok deui nanya, "Masih kénéh di Kopem?"
"Tos ngalih, ayeuna mah di Kebon Manggu." Ceuk kuring.
Kopem teh perumahan anu ayana di tukangeun SMAN 1 Cianjur.  Baheula kuring pernah cicing, kos-kosan di lbu Ela, istrina Pa Raflés, guru SMAN 1 Cianjur. 
Ngobrol téh teu ka ditu teu ka dieu kaburu dipanggil ku Satpam nu ménta KTP, Akta Lahir,  jeung Paspor. Teu lila ti dinya,  terus aya pagawe BJB, Pa Deri jeung Pa Akbar ngajak berangkat ka kantor imigrasi. Katingali aya tilu awéwé,  hiji lalaki nu bareng jeung Pa Deri. Ceuk pikiran teh, oh ieu nu opatan nu meunang hadiah umroh ti BJB téh. Teu karagok kuring nyolongkrong ngajak sasalaman bari ngenalkeun diri ka nu Bapa-bapa heula anu posisina pangdeukeutna ka kuring.  Ka dieunakeun jadi wawuh, éta téh Pa Deden, pagawé Puskesmas Cikalongkulon jeung istrina.  Ibu-ibu anu duaan deui nyaéta lbu Léni,  pagawe Puskésmas Cijati jeung ibuna, Maskanah. Bu Léni keur kakandungan dalapan bulan, moal bisa naék pesawat jauh-jauh. Sigana hadiah umrohna dihadiahkeun deui ka ibuna.

Can pati jejeg wawanohan teh, Pa Deri ngatur supaya geura berangkat ka kantor imigrasi. Kuring diperenahkeun jeung Bu Léni ogé ibuna. Bari diuk, kuring nanya Cijatina beulah mana. Bu Maskanah ngajawab ti Bojonglarang, diembohan ku boa-boa urang téh bau-bau sinduk, aya patula patali dulur kénéh. Kuring ngadongengkeun ka Bu Maskanah lamun nini, Ené Iceuh, bojona Aki Oping, nganjrekna di Kampung Rambutan,  Cijati. Putra-putrana Ené: Wa Iyong carogena Wa Padil, Wa Buong istrina Wa Emen asana, Wa Yaya carogéna Wa Jatma, Wa Iyat carogena Wa Edi Sukardi, Wa Rukma hilap istrina saha, Wa Mahmud istrina Wa Nasibah, pun biang-bungsuna lbu Saadah carogena Apa Bobon Buchroni. 
Bu Maskanah imut, nyebatkeun pami anjeunna arapal ka Uwa-Uwa anu disebutan di luhur. Enya geuning, dulur kénéh.  Ngan teu apal we. Kuring ge apal ka Uwa-Uwa teh ku jasa Ene. Ene sok mamawa kuring waktu keur leutik,  dibawa nganjang, diwanohkeun ka dulur-dulur. Jaman ayeuna mah, sigana moal daékkeun mun budak dibawa nganjang terus ngendog. Pastina ge ajret-ajretan hayang balik sabab di imah aya game atawa tempat nu genah keur cicing. Sosialisasi teh jadi kurang galib, barudak jaman kiwari leuwih milih boga babaturan dina rohangan maya. Ka dulur teu pati wawuh ka baraya teu pati apal. Mun diajak nganjang, cukup ku embung.  Dina sakalina milu,  teu ngobrol galecok,  maen Hape we.
Jaman baheula mah, kuring, budak leutik bisa ngobrol jeung Uwa. Obrolan teh mimitina sok kieu, "Usum naon di ditu?"  Budak jaman kiwari mun ditanya usum naon, boa ngajawabna usum Rambutan atawa usum Manggah.
 
Teu karasa ku ngobrol mah, jol eureun mobil teh di perempatan ka Rumah Sakit Hafiz. Eh naha bet kadieu? Asana kantor imigrasi mah lain di dieu. Ieu kantor sementara cenah, kantor nu biasa keur dibangun. 

Ka Imigrasi di tempat nu sementara. 
Memeres administrasi. 

Ka Klinik CHB
Teu bisa ayeuna suntik Meningitis mah, kudu geus aya pasporna. 
oh vaksin meningitis persyaratannya photocopy paspor sama KTP

 vaksin meningitis harus sudah disuntik 10 hari sebelum pemberangkatan

 dibawah 10 hari klo di klinik ngak bisa soalnya inputan langsung terkunci


Difoto 80%
Leumpang ka BJB.
Foto dititipkeun ka Pa Surya, satpam nu soméah. Sanggeus meunang beja ti Pa Deri gawéna nepika ja. 18.00.
Euleuh beurat ning gawé di Bank téh.  Sugan téh ngome duit we 

Balik deui leumpang ka Osaka Sushi, the best sushi in town. Dahareun Jepang nepi ka kota leutik, Cianjur. Ciri kamajuan atawa ciri jati kasilih ku junti? 


No comments:

Post a Comment