Akad téh maheutkeun jangji. Jangji anu kudu dibayar, lunas, ulah kurang saeutik-saeutik acan.
Akad, nginjeun duit ka bank anu jumlahna gedé kacida ari keur pagawé leutik mah: 200jt.
Dibayar 110 bulan. Sabulanna kana 3jt 300rebu.
Muoangkeunna mahal pisan, ampir jadi 330jt.
Mudah2an bae kabayar. Najan teu kabayar kacicil ge, bisa lunas ku nyawa.
9 Januari 2019, tina angka mah alus angka 9, 2, 0, 1 dijumlahkeun jadi 12, dijumlahkeun jadi 3. Cenah 3 mah angka hadé keur Chantri. Tapi naha atuh karasana lain kitu. Haténa asa gudawang, pikir baluweng, ngabayangkeun 110 bulan ngembat panjang bulan2 hutang. Kumaha keur hirup sapopoé?
Manéhna ukur bisa ngaharéwos kana pikirna dimana engké aya duit ti salakina anu nyebutkeun éta duit pamayar hutang, tong didahar, tapi asupkeun kana bank anu nginjeumkeun éta hutang. Tilik, sabaraha lila kabayarna. Éta itung-itung mulangkeun duit salakina baheula anu pernah sakali gawé duitna dipaké ku Chantri mayar biaya rumah sakit indungna.
Lamun teu era ku awak, hayang ceurik jejeritan, naha bet diulinkeun ku nasib nu goréng. Jolna lain ti batur, ti jalma anu ku manéhna dipercaya. Anu ku manéhna diaangka bakal nyenangkeun.
Ti saprak pagawé bank nyebutkeun hutangna sakitu ratus juta dibayar sakitu ratus bulan, ngek, biwirna asa garing, dada asa panas, ciduh asa bari, pait. Pait ku hirup.
Manéhna ménta hampura ka dirina sorangan anu to baheula tacan bisa nyugemakeun.
No comments:
Post a Comment