Kapahung
○1
“Please be seated,” pok hiji lalaki ngora bari leungeunna nunjuk kana korsi anu kari hiji-hijina nu kosong.
Bari rada balideg lantaran ceuli kaasupan angin tina hiliwir angin anu asup kana hélm, kuring némbalan ku imut bari gék diuk dina korsi anu dituduhkeun ku manéhna. Panon mah teu eureun rarat rérét hayang sidik ka sakabéh rohangan katut rupa-rupa jalma anu datang ti sababaraha nagara. Haté ngadadak méotan, kecing, kuring hiji-hijina urang Indonésia. Boa-boa kuring salah indit, salah tempat, salah kaputusan, salah, pokokna kabéhanna salah.
“Please fill this form,” kadéngé sora awéwé teuing timana holna, ngeureunkeun panon kuring anu ti tatadi kukurilingan teuing néangan naon. Panon tungtungna manco jadi neuteup ka manéhna anu sigana haré-haré baé. Katingali manéhna ngasongkeun pulpén sangkan kuring bisa ngeusian formulir pendaptaran.
Gutrut baé nulis. Name: Tantri. Country of origin: Indonesia.
Bari ngeusian formulir, panon mah anger baé teu cicing. Haté téh siga nu nitah sangkan kuring imeut nempoan eusi rohangan pendaptaran anu katingalina ngahiji jeung paranti dahar. Tukangeun méja pendaptaran, ngajajar korsi jeung méja leutik, cukup ngan keur saurangeun. Di luhurna aya barang kabéhna jumlahna ngan hiji. Gelas hiji, sendok hiji, garpuh hiji, peso hiji, lap tina flanél hiji, mangkok hiji. Di beulah kenca aya tempat dahar anu sarupa, ngan ditutupan ku hordéng teu béda jeung di mesjid, aya hijab, keur ngabédakeun jamaah awéwé jeung lalaki. Di beulah katuhu, katingali aya lomari anu eusina kotak-kotak laleutik, béréndél pinuh ku nomer.
Ti barang bus ka bangunan anu perenahna di tengah gunung luwang liwung, haté jeung pikiran lelenyapan. Kuring nanya ka diri sorangan naha datang ka ieu patempatan téh bener atawa kasasar kabawa ku angen-angen lamun hirup kudu move on ceuk barudak ayeuna mah. Kudu robah, hijrah, maju kanu leuwih hadé, nyieun resolusi dina prakna mah.
Tempat anu dijug-jug ngaranna Dharma...Java. Perenahna di puncak gunung, kaitung teu pati jauh ti pusat pamaréntahan Indonesia. Moal aya nu nyangka lamun aya tempat anu siga kitu di sisi Jakarta. Jalanna pungkal-pengkol, meulah kota Bogor, tungtungna bras ka puncak gunung.
Barang srog kana gerbang, karasa bédana. Kahirupan dunya anu sakitu pakewuhna, teu karasa meueus-meueus acan dijero mah. Estuning simpé, siga taya kahirupan. Ceuk nu bohong téa mah teu aya sireum-sireum acan.
Sanggeus ngaliwatan gerbang, aya jalan ngembat anu brasna ka dua wangunan kembar. Kénca katuhu aya bangunan anu sarua, percis. Wangunan nu kénca keur lalaki, nu katuhu keur awéwé. Di tengah-tengahna aya wangunan anu ngahaja dikaluhurkeun. Cenah mah éta tempat meditasi. Hiji tempat anu tangtuna gé teu dipikawanoh ku jalma réa, kaasup ku masarakat nu deukeut ka tempat éta. Masarakat mah nyahona éta tempat téh sok dijug-jug ku jalma ti sakuliah dunya anu boh dedegna, boh basana, éstuning béda.
Masarakat di dinya teu ngarasa kaganggu ku éta tempat anu cenah dijadikeun tempat meditasi. Kahiji tempatna jauh ti pilemburan, nenggang, nyengceling di puncak gunung. Kadua kagiatan naon nu dipilampah di jero éta tempat taya nu nyaho, jeung teu ngaganggu kahirupan masarakat di sabudereun éta tempat. Nyahona ukur, lamun kabeneran liwat subuh-subuh, kira-kira jam 4, sok kadéngé sora goong. Tos kitu mah, simpé. Katiluna, pikeun asup ka éta tempat teu bisa sagawayah. Gerbang anu ngadingding luhur, taya lawang pikeun asup kalawan paksa, kudu aya nu muka ti jero.
○○○●○○○
○2
Sanajan kuring pituin urang Indonésia, tapi teu nyaho jeung teu acan nincak wilayah nusantara anu cenah éndahna kabina-bina. Kurung batokeun, tara kamana-mana, apal téh imah, tempat gawé anu cindekna di Cianjur. Sakali-kalina indit jauh, harita wé waktu SMA, study tur ka Jogja, ka Borobudur. Pangalaman anu moal matak poho lantaran nya karak harita ningalkeun Kota Tauco bari naek beus sakitu jauhna.
Indit téh ngabring, rombongan, tujuh beus. Kuring beus nomer tilu, dibarengan ku dua guru. Berangkat peuting, muru isuk-isuk ka Jogja, langsung digiringkeun ka Borobudur.
Hareupeun ngajungkiring candi. Teu bisa ngomong asana téh. Naon anu ditulis dina buku sajarah, anu dibahas dina pelajaran, ayeuna nambleg hareupeun matak hareugeueun. Babaturan pating kiciprit muru latar candi nu panghandapna. Kuring nuturkeun kelompok bari teu weléh tumpa-tempo. Pikiran pinuh ku rasa reueus boga titinggal sajarah anu sakitu agréngna.
Ka jambi, ka Bangka, ka borobudur, ka Kamboja ngayakinkeun lamun reinkarnasi.
Vipassana panggih jeung Badrah. Ngadongengkeun geus pernah panggih, nyusul, ngajak indit.
Dibawa ka alam buda.
Shadu
Baca tentang buda di kamboja, do borobudur.
○●○
Jambi
Candi Muaro Jambi
Mobil mangprung ningalkeun bandara ka karak pisan kasaba. Jelema pating gerendeng dina basa anu teu pati kaharti, teu katangkep naon maksudna. Meureun maranéhna maké basa Kamalayon campur basa wewengkon. Tutas badami jeung tukang nyéwakeun mobil, paheut, mobil diséwa sapoé jeput keur soranganneun.
Pas ka Jambi pas upacara, marake baju bodas. Ngajenghok naha bet pas datang pas aya upacara.
Diuk di tengah runtuhan bangunan. Semedi, tengah poé éréng-éréngan.
● lima sila
● meditasi
● dibawa indit
No comments:
Post a Comment