Tapi teu bisa kitu ning.
Ti poé ka poé beuki karasa beuratna nyubadanan kabutuhan hirup keur opataneun. Sagala kabutuhan maké duit. Hayang bisa lancar komunikasi, perlu meuli pulsa saurangna ratusan rebu per bulan. Hayang hiburan gaganti teve, perlu meuli internet anu hargana ampir satengah juta per bulanna.
Hayang dahar mah geus puguh, ti mimiti meuli beas, gula, uyah, jeung sayur mayur keur saban poé, paling henteu butuh saratus rébu sapoé keur sasayuran hungkul. Euleuh atuh meni maké gaya hidup mėwah, sagala mahal. Duka tah, naha mėwah atawa henteu. Ngan, ku duit sakitu téh kabeuli daging hayam sakilo, asin saparat, minyak goreng sakantong. Saeutik barang nu bisa ditebus ku harega 100 rébu téh.
Terus, urang tataan deui. Keur sapopoé, saban urang dibekelan, aya nu 20 rébu, aya nu 100 rébu. Aya ogé, bekel bulanan, rata-rata 500 rébu. Keur bulanan kaasup nyumponan méré ka budak anu disakolakeun. Sabéh dituna. Anu angger kudu dibayar bulanan téh gas 300 rébu, listrik 200 rébu.
Kadang-kadang aya ogé nu kudu dibayar dadakan, siga kamari kudu nalangan heula mayar tanah warisan ngarah teu ngurangan tina amanat kolot, crėng kudu aya 12 juta. Atuh nya puntang panting kudu ngusahakeun ėta duit aya dina waktuna. Nyebut puntang panting sabab dina bulan nu sarua kudu mayar kuliah 15,7 juta.
Ari huluwotan duitna ti mana? Nya teu ti mana deui, iwal tina gawé sorangan. Kabéh urusan duit ditangkes ku sorangan. Teu aya nu mantuan. Nya ku sabab éta, gawé téh hapot-hapotan, dug hulu pet nyawa, lain wawadulan. Nya bisa dibayangkeun keur nyumponan bubutuh opat jelema, dina kaayaan mangsa kiwari. Tangtuna ogé, bakal beurat lamun ku sorangan mah.
Geuning di rumah tangga nu galib mah, nu gawé tina sasuhunan sok duaan. Duaan dina harti, salakina anu pokona, pamajikanna nu mantuan. Atawa nu panggalibna mah, salakina nu jadi jejer, pamajikan nu laér aisan.
Naha atuh teu nyedek sangkan aya duaan nu bisa produktif? Teu bisa ngajawab lebah pananya nu ieu mah. Bisa disebutkeun teu acan aya nu bisa mantuan ngurangan nutupan kabutuhan sapopoé. Masih kénéh ngandelkeun sorangan wé. Kitu singketna mah.
N
No comments:
Post a Comment