Ngirim ulen jeung peuyeum ketan hideung.
Biasa baé ari rék usum lebaran mah, nganjang (maké tanda petik héhéhé).
Webe ngangluh lebaran teh gegebegan, ari di dieu waé, nunggu, teu puguh tungguaneun, Dokterna ngarobah-robah béja. Ari saméméhna, ngajujurung kudu buru-buru ngirim duit, barang geus aya. Ari duit geus asup, aya wé halangan keur ngabuktikeun jangjina.
Lalakon duit goib téh masih maju.
Créng ngaluarkeun duit sajuta keur ongkos ngajemput dokterna. Cenah majar téh kapegat di jalan, disekat. Panan ayeun téh usum ditahan teu meunang mudik. Dokter keur indit ti Parangkusumo maju ka dieu.
Teu waka laju cenah, lantaran mobil nu di hareupeunna nabrak. Si dokter milu ditahan jadi saksi heula majar téh. Manéhna mémérés sagala surat-surat, ayeuna bisa laju. Kumaha atuh lebaran? Panan mereun mun indit isukan, nepi ka dieu, poé Reboan lebaran.
Putusanna Kayi nunggu, ulah kamamana.
Kayi nanya ka pamajikanana naha rék balik atawa rék nungguan buka puasa heula. Kaputusanna, balik wé, buka mah bisa di jalan.
"Atuh katabrak," Adipe mairan.
Kuring ukur imut maur ngadéngé Adipe ngomong kitu téh. Salah mataholangna pan.
Tadina manéhna nanya ka Webe.
"Buka di jalan?" Ceuk Adipe.
"Atuh katabrak buka di jalan mah." Tembal Webe.
Kuring teu ngarti naha nanya serius dijawab ku heureuy. Akibatna pas waktuna serius, Adipe mairan pikaseurieun.
Atuh rencana rék méngkol ka Ciguha nyokot duit di Ayakhfi batal. Jadina Yiki indit kana motor. Bébéakan mélaan kopi. Pagawéan miceunan waktu jeung duit, kitu ceuk pikiran téh da mémang teu ngahasilkeun, malah morotan, ngurangan nu aya di imah.
Poé ieu taya beja ti Dokter, informasi anu dicekel, yen poé Rebo, Dokter nepi ka imah pasén. Naha bener datang atawa sakadar nengtremkeun pasén hungkul, kari waktu anu ngabuktikeunna.
No comments:
Post a Comment