Teu tulus dikubur
Geus teu bireuk, urang lembur Cikarét mah nyebut manéhna Dadang Ilham. Ngaran asalna Dadang wungkul, ngan ti saprak manéhna ngimpi kadatangan jelema dedeg hadé rumpa sampe maké jubah héjo, cénah manéhna jadi bisa nyaréatan. Nyaréatan hartina bisa ngubaran ku du'a anu ditiupkeun kana cai. Ceuk jalma nu maké jubah héjo nu tepung dina impianna, nyebutkeun yen Dadang bakal bisa loba méré kahadéan ka jalma réa.
Tah ti harita, béja-pabéja béja yen di lembur Cikarét aya jalma nu bisa dijug-jug lamun urang boga kasusah, lamun perlu pananyaan, perlu bongbolongan.
Ngaran manéhna ditambahan ku llham ngarah teu patukeur jeung Dadang nu lianna. Pan aya Dadang Jamhur tukang nguseup, Dadang Sabrang tukang dagang sayuran. Sebutan llham pikeun ngababarikeun sémah baé. Sabab lain sakali dua kali, sémah salah alamat. Maksudna Dadang llham, karah jadi ka Dadang Sabrang anu kabeneran imahna pagigir-gigir.
Dadang llham katingalna biasa-biasa baé ngaranna diembohan ku llham. Keur manéhna kecap llham nguatkeun posisina yén manéhna bisa narékahan nasib jalma nu lian. Ilham hartina datang tina pikiran, nya kitu deui kamampuhan manéhna ngubaran oge datangna tina pikiran nyatana tina impian.
Keur narima semah ngarah teu kaliliwatan, Dadang llham nyieun kamar leutik. Kamar anu khusus pikeun sémahna 'konsultasi' jeung manehna, biasana ubarna mangrupa cai. Sakapeung mah manéhna osok oge ménta sémahna mandi, kumaha ceuk ilham baé. Kumaha énténg beuratna masalah. Siga sababaraha bulan katukang aya sémah anu ménta disaréatan hayang usahana kios pakéann jadi rongkah, manéhna ménta sangkan mawa taneuh kios reujeung lawon bodas. Taneuh jeung lawon bodas disimpen di kios, sedengkeun jalmana dimandian ngarah sagala panejana dikabul.
Sémahna aya nu balik deui aya ogé nu ngan datang ngan sakali. Sigana kumaha karasana baé. Kaasup sémah awewe nu karak boga anak hiji, ti RW 15, kaitung sadesa jeung Dadang llham mah, beda RW hungkul. Sémah nu ieu geus datang anu kaduakalina.
"Kumaha Ceu Rita ayeuna karaosna?" Dadang llham muka carita.
"Eu...abdi peryogi bantosan, kumaha supados pun biang rido masihan widi kange abdi uihan deui ka Bapana budak. Atuh Bapana budak oge sing lééh hatena, kersa nikah deui ka abdi, teras mirak istrina nu ayeuna." Rita nerangkeun.
"Oh, insyallah aya jalan. Landongna kedah ibak supados kapalidkeun sagala gangguan anu jol ti mana baé sumberna mah."
Rita pisah jeung salakina lantaran kolotna, utamana indungna teu satuju kana kalakuan salakina. Gawé sahayuna salaku tukang ngojeg, leuwih loba di imah batan gawé. Atuh Rita kudu indit subuh balik asar, sagawé-gawe di bumi di Pa Haji pikeun mantuan mayar kontrakan. Ngandelkeun hasil ngojeg mah pan jauh teuing ka mahi.
Ti saprak Rita hamil, indungna ngagugubrag kudu ménta pisah. Atuh basa brol orokan, indungna méré ultimatum naha rék milih salaki atawa kolot. Ka kolot sieun, ka salaki bogoh kacida, tapi Rita lah-lahan nurutkeun heula kahayang kolotna. Prung bae rumah tanggana pegat. Rita balik ka indungna bari mawa bulenan orok beureum. Salakina siga teu walakaya, disedek mitoha téh, éléh kalawan teu ngalawan. Pajar téh keun we ayeuna pisah heula, engké bisa balik deui, nu penting kolot teu rungsing.
Sabulan, dua bulan ti harita, Rita meunang gawé di koperasi. Tugasna jaga warung, nyatet naon nu dijual, jeung nyatet barang nu kurang. Kaitung gawé teu beurat. Orok bisa kasusuan da koperasina teu jauh ti imahna, bisa nyelang balik. Ari Jamal, popotonganna, mimitina sok datang ngalongok orok. Ninina orok tara eureun sok sindir sampir mun Jamal datang. Jamal katingali siga kagok mun nganjang. Tuntungna les baé tara datang. Tapi teu nanaon tara datang gé, imah kolotna Jamal teu jauh ti mah Rita, mun aya itu ieu bisa nanyakeun. Jeung panan masih kénéh bisa smsan.
Tilu bulan ti harita kadéngé Jamal kawin deui. Rita ngarasa diteungteuinganan. Manéhna masih ngarepkeun Jamal balik deui. Manéhna embung ngabapatérékeun anakna. Pan loba béjana, bapa téré ngagadabah anak téréna.
Rita ngasms Jamal nganahakeun bet cidra kawin ka batur. Jamal ngajawab yén kawinna téh lain kahayangna, tapi kahayang bapana. Ngarah teu nguluwut jeung kuuleun cenah. Ti dinya, Jamal teu bisa disms deui.
Rita ngarasa yén manéhna kudu berjuang ngarah rumahtanggana bérés roés sakumaha asalna. Nu matak waktu ngadéngé aya ahli tutulung, buru-buru didatangan.
'Siap ibak? Ieu caina tos dijiad.' Rita kagareuwahkeun.
"Eu..mangga," manéhna ngajawab bari bingung, maksudna ibak téh mandi sorangan atau mandi disaksian ku Dadang llham.
Rita ngiclik nuturkeun ka tukang ka kamar mandi. Di jero geus nyampak cai nu dicampur kembang. Dadang llham ngucurkeun cai jiad tina botol aqua anu dihijikeun kana ember.
"Buka acukna, urang piceun hahalangna" Dadang llham ngomando. Rita rada kalékéd, porosot bajuna hiji-hiji dilaan.
Dadang llham siga teu nolih. Manehna nyiuk cai make gayung, terus dibanjurkeun kana embun-embunan pasénna. Karasa cai nyecep, karasa oge aya leungeun anu nuturkeun muragna cai. Rita peureum. Manehna pasrah kanu ngubaran.
Ti harita, saban Juma'ah Rita dimandian.
----
"Mana si Dadang?" Kadéngé sora ngagorowok. Puguh ge aya tilu Dadang, nu aya didinya malik nanya.
"Dadang cabul, ngaku we ahli tutulung, tutulung pedut, adi aing reuneuh!' Nu tadi ngagorowok nerangkeun. Babaturan nu ngagorowok ngacung-ngacungkeun bedog, awi, aya oge nu nyekel batu. Teu lila, teuing ti mana jolna, jul jol jelema. Imah Dadang llham pinuh.
Prak, batu meupeuskeun kaca imah Dadang llham. Burusut jelema asup, paséréd-séréd dina panto. Gurudug Dadang llham digusur kaluar bari teu eureun panyiksa. Dadang llham teu kaburu nyoara. Nyawana geus ilang bareng jeung ngabayabahna getih dina tehel di hareupeun panto imahna sorangan.
Nu nyiksa baralik ningalkeun kasedih. Teu lila pulisi datang. Urusan ngabuntut bangkong, teu bisa nungtut sabab anu nyiksa Dadang llham jelemana loba pisan.
Tungtungna pulisi balik. Karunya ka mayit, buru-buru bae dipulasara rek langsung dikubur di pemakanan Sirnalaya.
Waktu geus ampir isya basa gotongan mayit ngabring ka Sirnalaya. Nu nganteur teu loba, ukur Pa RT, wakil ti DKM jeung tatangga deukeut aya kana 5an.
Liang makam geus siap. Lampu listrik rada nulungan nyaangan nu rek ngubur. Mayit geus dikaluarkeun tina pasaran. Kadenge aya nu susumbar, nitah ulah waka dikurebkeun. Nu susumbar diiring ku puluhan jalma lianna, mawa bedog, awi, badis we jeung kaayan tadi beurang.
Nu susumbar ngomong, " teu sudi tanah lembur ieu narima si Dadang llham, hayoh kaditu, bawa balik deui." Sieun ku amarah nu mawa bedog jeung awi, mayit diasupkeun deui kana pasaran.
Anu manggul pasaran kacida bingungna, kudu kamana maranehna mawa mayit. Kabingung nu sarua oge karandapan ku nu tadi pating jorowok bari mawa bedog. Kasampak dina tangkal nangka, awak Rita ngagulantung, beuheungna nyangreud kana dahan ku tambang plastik.