Sunday, September 30, 2018

Nalipak maneh

"Hanjakal salaki téh kuuleun, teu siga Kang Dudi, sugulak sagilek téh jadi duit," manéhna ngagerentes sorangan bari leungeunna ngagupay ngeureunkeun angkot. 
"Mun harita narima Kang Dudi, kacipta ayeuna téh keur naek mobil anyar, nyetiran ku sorangan. Lain naék angkot butut, bari loba bebenyit, garandéng pira ge kabeuli es krim meni kawas kabeuli Gunung Gedé " manéhna norowéco sorangan.
Nina, hiji awéwé geulis. Awakna jangkung, kulitna konéng umyang. Anu matak deungdeuleueun: halisna, hideung meles ngajepat lir jeler paéh téh lain bobodoan. Najan geus boga anak dua gé, nu nyarebut téh sok Enéng wé da awakna siga tacan ngalaman buncireung bureuyeung orok, jeung mémang manéhna mah katingali ngora baé.
Siga waktu harita, keur manehna ngalécok ngupat salakina, bus kana angkot asup hiji ibu-ibu. Lengeun katuhu ngajingjing karanjang eusina bungkusan rupa-rupa kopi sachet. Leungeun kencana, nyekel térmos dua. Rarèbo pisan matak hésé asup kana panto angkot. Bus heula leungeunna nu katuhu, sok jingjingan nu sagedé alaihim téh ditunda, karék manéhna bisa asup. Gek diuk hareupun Nina pisan. Nina rut rét merhatikeun ti tungtung leungeun kénca anu nyekel térmos sadua-dua, lengeun katuhu jadi nyekel tas leutik, nepika sukuna nu dipaké ngahalangan karanjang badagna bisi murag ngajol tina panto angkot.
Si ibu ngarasaeun mereun diteuteup baé.  Padahal Nina nempo malaweung saényana mah. Manéhna keur ambek ka salakina nu ceuk rarasaanna taya kabisa. Ongkoh baé pagawé negri, tapi imah teu bérés-bérés, boga mobil hiji kriditan, teu kakridit ari mobil hiji sewang mah, alesan teu boga keur uang mukana. Bener-bener teu kreatif, gawé ngandelkeun gajih, teu pernah sugan balik mawa duit lembur, atawa duit naon wé kawas batur. Ieu mah, gajih téh saukur gajih wé. Matak kesel, lamun seug manéhna dimeunangkeun gawé, kaayaan moal siga kieu.
“Néng, punten kaheurinan. Mulih ti mana?” si ibu nanya ngagebahkeun lamunan Nina.
“Wios Bu. Mulih damel Bu?” Nina kalah malik nanya kanu nanya.
“Muhun Néng, icalan di Alun-alun. Pan sadayana apal, alun-alun nuju dirombak.”
“Icalan cai kopi?” Nina nanya deui.
“Muhun Néng, mios tabuh 2 subuh, supados tiasa icalan kanu di pasar, teras majeng ka nu uih ti mesjid Agung. Ti dinya nembe ka nu daramel ngalereskeun taman alun-alun, wangsul magrib Néng.” Pokna bangun nalangsa.
“Dupi Bapa- eu maksad téh carogé Ibu, kamana?” Nina bangun panasaran.
“Aya wé Néng di bumi, teu damel.  Kapungkur mah ngajagaan nu alit, pan tos dalapan taun Ibu icalan cikopi téh. Ti jaman si bungsu orok beureum kénéh, ayeuna tos kelas tilu.” Pokna bari teuteupna meuntas ka luar jandéla.
“Teu damang sugan dugika teu tiasa damel?”
“Ah henteu Néng, séhat, teu acan aya hidayah baé. Tos gaduh anak opat téh, teu robih-robih. Kaubaran haté ibu ku si cikal anu tos damel di kimia parma. Kasundang saeutik-eutikeun. Namung da kangé sadidinten mah, teu cekap, kedah ibu wé nu ngeureuyeuh. Modal 50 rébu cekap Néng, namung pami nuju taya artos mah, gaduh 20 rébu gé mios.” Tembalna ngajelaskeun.
“Naha teu kaémut ku ibu kangé papirak? Naha bet sabar baé?” Nina merekpek nanya, teu sadar mun dina angkot téh loba penumpang anu keur malencrong ka nu keur ngobrol.
“Euh, teu kaémutan kadinya Néng. Gaduh rumah tangga, tos mukakeun lawang rejeki kangé ibu ogé. Buktosna, ibu gaduh opat anak anu kedah diurus, ogé bapana barudak. Ladang ibadah wé Néng. Rumaos ibu mah teu tiasa sodakoh, wakaf, atanapi infak sapertos Enéng anu katingalna teu répot dina urusan dunya.” Cenah bari ngeluk.
Nina milu ngeluk.  Dina haténa ngajerit, “Gusti, hapunten abdi. Abdi mah teu kudu hudang jam 2 subuh balik magrib, ditambah ngurus opat anak, teu kudu kabeungbeuratan ku salaki nu ukur nurut hirup.”
“Mang lirén di payun,” Nina ngeureunkeun supir, “punten angsulanna ka si ibu anu kerudung beureumkeun,” pokna bari mikeun duit 50 rebu ka supir angkot.
Boa salakina ogé siga si ibu éta. Rumah tangga ladang ibadah. Matak teu kapikiraneun mipit tanpa amit jeung ngala nu lain hakna.

No comments:

Post a Comment