Teu Gancang bari pincang
Bagian 4
Ku Badriah
Bagian 4
Ku Badriah
Renghap ranjug kuring nyekel angen. Brek diuk, teu kuat nahan rakacakna haté. Pating burial getih-getih kapeurih nu baheula disidem, ngocor kaluar tina sabulu-bulu. Gusti na bet dikersakeun abdi panggih jeung Rafli? Sirah pinuh ku pananya.
Teu hadé kabawa ku rarasaan. Kuring buru-buru istigfar, ngumbah beungeut, terus wudu. Lahaola, Gusti pasihan abdi kakiatan. Kuring nangtung, niat téh rék terus balik. Kolotrak panto toilét dibuka.
“Hampura,” ceuk bapana pangantén lalaki bari nangtung hareupeun panto nu kakarak dibuka.
Létah asa heuras, teu aya kecap nu bisa kaluar. Kalayan teu dititah, cimata murubut. Kuring ngabalieur neger-negerkeun manéh sangkan teu ngabangingik ceurik, komo nepika pingsan mah. Matak ngabarubahkeun nu keur hajat atuh. Ku nuturkeunna bapana pangantén lalaki ka toilét ogé tangtuna geus matak ibur keur kulawarga jeung pangantén awéwé.
Bapana Rafli neuteup mata kuring nu pinuh lamokot ku kasedih. Héhérang panonna ngagupayan mawa ka mangsa kuring keur dibagi rapor SD, kelas genep.
Jelas natrat, moal poho kumaha samar polahna nu jadi indung waktu tepung jeung bapana Rafli. Duanana bangun reuwas kacida. Indung kuring, Mamih, ngeleper, pias. Bapana Rafli nya kitu kénéh.
Tepungna Mamih jeung Bapana Rafli kalayan teu disangka-sangka ngarobah lalakon hirup kuring nu nyangka geus teu boga Bapa. Saban kuring nanyakeun dimana Papih, Mamih pok deui-pok deui ngingetan lamun Mamih jadi indung sakaligus bapa keur kuring. Sainget kuring mémang mamih ngagedékeun kuring istuning teu aya nu ngabantuan ti sisi ti gigir. Kahirupan mamih ditomplokkeun kabéh pikeun ngurus percetakan Tantra Printing.
Bapana Rafli olohok waktu mamih nerangkeun kocoran getih saha nu aya diri kuring.
"Ieu Salma, tuang putra. Dina akteu kelahiranna natrat ngaran bapana: Priyatna, nyaéta Akang pisan," mamih muka rusiah jati diri kuring, "harita waktos Akang mirak abdi, abdi ngandeg nembé 6 minggon." Sora mamih ngageter, bapa Rafli, hartina bapa kuring ogé, teu lemek teu nyarék. Sigana reuwas kacida nepika teu bisa nyarita. Sanggeus rada leler kakarak kedal nyoara.
"Tanti, naha bet teu bébéja lamun keur kakandungan? Teu sah Akang nalak nu keur kakandungan," bapa Rafli nganaha-naha semu hanjakal nu taya babandinganna.
Kuring jeung Rafli ukur papelong-pelong, teu ngarti. Naha kuring ngadadak jadi dulur sabapa jeung Rafli. Naha saha ari Rahadi anu fotona aya di kamar mamih. Kahirupan mamih milik mamih, kuring salaku anak cukup ku dipépéndé dongéng orok anu dipalidkeun dibekelan endog hayam. Orokna digedékeun di hiji leuwung liwung ku leungun hiji aki-aki. Endogna jadi hayam jago. Orokna jadi rumaja engkéna jadi raja, jeung papangih jeung bapana. Tah orok éta teh ibarat kuring, orok nu dipiceun, digedékeun ku indungna sorangan.
Naon maksud mamih ngibaratkeun diri kuring dipiceun. Saha nu miceun kuring? Boa-boa mamih lain indung kuring.
Hanca
No comments:
Post a Comment