Friday, April 12, 2019

Teu gancang bari pincang

Reuwas lain dikieuna waktu kana ping-ping karasa aya nu baseuh rada-rada haneut. Untungna borolona teu kana lahunan. Lamun kana lahunan, atuh kabéh bakal nampuyak dina lahunan. Sakitu gé teu sué-sué teuing nasib téh. Utahna ngaborolona kana sisi pingping. Lamun lalega mah kuring bakal ti tibuburanjat, tapi da puguh hareurin, ukur bisa neuteup ka si aki anu beungeutna pias. Nu diteuteup samar polah, lain ngarasa karunya ka kuring bangunna mah. Manéhna moal nyahoeun baju anu dipaké ayeuna keur ka ondangan sobat.  Manéhna samar polah sabab … utahna can tuntas.
Lalaki nu gigireun ribut, néangan kérésék. Sigana manéhna paureun si aki utah deui, terus kabagéan utah sési 2. Kérésék ka si aki ditampanan, leungeunna katingali urat hungkul siga akar-akar kai natrat dina kulitna. 

Kuring nu kabagéan hadiah eusi peujit mah, teu dipiroséa. Si aki-aki memener kérésék, siap-siap utah babak kadua. Kuring teu bisa ngambek, da utah mah lain kahayang, teu direncanakeun deuih. Nya, kudu wayahna wé. Katambah deui, aki-akina téh kolot pisan. Aéh ari aki-aki mah dimana-mana gé kolot. Maksud téh aki-akina bangun lain tukang iinditan kana mobil, kolot baheula, nu kamana-mana téh cukup ku leumpang. 

Tungtungna utah téh dielapan ku tisu, teu beresih bener, tapi lumayan teu ngahiuk teuing. Bau késang, bau solar, bau haseup, bau utah, campuh. Mun teu éra mah, hayang orolo, tapi géngsi, piraku utah nurutan aki-aki. 

Reg élp téh eureun. Sirah supir euleugeug. Beuheungna nu pendék hayang bisa maca kaayaan di hareup. Lar tukang Gemblong liwat. Jalan ditutup sakeudeung cenah, aya présiden liwat rék ka istana Cipanas. Meg haté mentegeg. Aya-aya wé séséngkélan téh. Mun teu inget ka sobat, hayang turun, terus wé balik deui ka Cianjur. 

 Leng ngahuleng, beu lalampahan téh nepika kieuna. Ras inget ka obrolan dina WA jeung sobat. 

“Calon suami aku, namanya Rafli,” ceuk sobat dina sms, “orangnya baik, soléh banget, pokona moal aya,” cenah bangun agul pisan ku pisalakieunna. “Bilangnya mah aku pacar keduanya, tapi ga apa-apa, kan nikahnya mah, sama aku.” 

Kuring milu bungah ku sobat anu kaubaran raheut haténa kusabab bébénéna mutuskeun kalayan taya alesan. Sobat téh banget kuat ngadoa, atawa meureun kaasup manusa anu dikakaya, matak digantian ku Alloh téréh-téréh, ku nu soléh, nu moal aya duana ceuk manéhna téa mah.

Pengeusi élp ampir kabéh humandeuar, narik napas panjang bangun hayang ngasupkeun kasabaran bareng jeung asupna hawa kana dada. Kuring ukur bisa ngarep-ngarep sangkan waktu ulah nérélék, bisi datang ka ondangan kapolosan. Gerung kadéngé élp maju deui. Siga nu sahaté kabéh penumpang pok ngagerenyem, “Alhamdulillah.”

Nepi ka ondangan jam dua leuwih, rohangan katingali rada kosong, jam sakitu mah tamu-tamu geus baralik tangtuna gé. Kuring memener baju, rada teu paruguh leumpang mapay karpét beureum téh, rumasa awak bau solar, bau élp, jeung bau utah. Mudah-mudahan wé teu kaangseu ku pangantén. 

Lalaunan kuring naék kana hambalan panggung pangantén. Teges pisan katingali sobat nu mapag ku imut bungah. Di gigireunna lalaki nu ngaran Rafli tangtuna gé. Maké baju seragam pangantén warna salem. Lamun seug kuring nu nangtung di dinya, mana teuing bungahna. 

Srog kuring nepi ka hareupeun pangantén lalaki. 
“Rafli?” kuring nanya.
“Salma?” pangantén lalaki malik nanya. Sobat kuring olohok, teu nyangka lamun kuring wawuh ka Rafli. 

Kuring buru-buru nyampeurkeun sobat, terus sasalaman, capaka cipiki. “Saya ga bisa lama, harus langsung pulang, ditunggu di kantor, “ pok téh teugeug pisan. 

“Difoto dulu atuh Ma, buat kenangan,” ceuk sobat. Jeprét-jeprét kuring dipoto jeung pangantén.  

Buru-buru kuring turun, terus muru toilét.  Dada asa nyelek, eungap. Titingalian asa teu puguh, poék. Kesang tiis juuh. Ceg leungeun nyekel biwir bak cai. Borolo kuring utah.

Hanca.

No comments:

Post a Comment