Teu Lével
Teu Lével
Suasana Badriah
"Manusa mah kabéh gé sarua, nu ngabédakeun ukur kulit."
Nongtoréng jeung asa kadéngé kénéh kalayan jelas omongan guru pendidikan moral Pancasila waktu keur SMA.
"Lamun teu percaya, sok, pesék, jero-jerona manusa. Eusina sarua, tulang bodas. Teu aya nu geulis, teu aya nu kasép, rorongkong manusa kabéh kitu. Warnana sarua, bentukna sarua," ceuk guru kuring harita ngayakinkeun lamun manusa mah sarua bahanna, jadi darajatna ogé kuduna mah sarua.
"Bédana manusa pédah ku bungkus. Geura, nu rorongkongna dibungkus daging ditutup ku kulit hideung, der disebut urang Afrika. Padahal éta téh jerona mah sarua.
Anu rorongkongna dibeulit daging dibungkus ku kulit bodas, dilandi urang Eropah. Padahal sarua jerona mah tulang dibungkus ku daging. Anu kulitna sawo asak, nyaéta urang, disebut urang Indonésia. Padahal kabéh sarua jero-jeroanna mah."
"Ulah gimir, ulah galideur," guru PMP, PPKn meureun jaman ayeuna mah disebutna, neruskeun bari nandeskeun deui, "manusa mah sarua, sadarajat. Teu hadé ngabéda-béda jelema diukur ku rupa kulitna, diagung-agung ku warna bajuna. Manusa mah diukur ku kalakuanna, ku moralna, lain ku bungkusna."
Abong guru PMP, sagala dikait-kaitkeun kana moral. Sesuéy misi, kitu ceuk koméntar babaturan sabangku mah.
Papatah guru PMP téh dicekel dijadikeun tetekon hirup. Rumasa kuring mah asal muasalna ti lembur, anu lemburna téh deuih rada nyingkur, jauh kana buku, anggang kana maca. Teu acan kawénéhan tepung jeung jelema hideung. Teu pernah pataréma jeung jalma bodas. Nyaho téh batur salembur wé, sugan téh dunya ngan salega kacamatan Kadupandak.
Sajaba ti dijadikeun tetekon hirup, omongan guru PMP, eh PPKn diteureuy buleud, teu dibeuweung, dileg-leg kabéh ku kuring, teu aya nu diutahkeun. Omongan guru pasti bener. Peun.
***
Najan ayeuna kuring geus jadi pagawé negri, handap golonganna mah. Sakitu gé ari keur urang Kadupandak mah, geus kaasup hadé. Anak tukang nyawah jadi PNS, matak reueus. Ceuk tatangga téa mah, anu gawéna di kebon, pajar téh genah jadi PNS mah, gajihna ngalir. Padahal lamun ngabandingkeun jeung panghasilan Mang Rowi, anu boga sawah jeung kebon, jauh mela melu gajih téh. Meureun pédah kuring mah bajuna beresih, tara manggul pacul, tapi ngagotong pulpén ku lima ramo. Kuring ukur pagawé désa.
Sakali-kali kuring sok kaajakan milu diklat boh ti Kemendagri boh ti Kemendés. Rupa-rupa diklatna kumaha nu ngondang. Désa mah dununganna dua. Urusan administrasi éta laporanna ka Kemendagri, ari urusan program laporanna ka Kemendés. Ti saprak aya aturan transparansi keuangan désa, urusan bantuan, jadi matak jangar.
Kuring narima ondangan bimtek perubahan sistim pengelolaan keuangan désa anu waktu pembukaanna pas haolan mitoha. Krang kring ménta idin sangkan bisa datang jam 10an sanggeus haolan réngsé. Untung disatujuan.
Bérés haol, langsung belenyeng méakeun ampir opat jam anjeucleu dina motor, muru hotél tempat bimték. Awak asa pasiksak. Ceuk pikiran téh rék langsung ka kamar da pembukaan geus pasti kaliwat. Rék ucul-ucul heula bari ngalempengkeun cangkéng.
Leungeun otomatis mencét bél. Rada lila saeutik, kakarak panto dibuka. Lol, katingali aya sirah buukna bodas, awakna satengah katutupan panto, katingali ukur di kolor.
"Punten, abdi diperenahkeun di kamar 224," pok téh.
"Gimana yah, ga énak, kasurnya tidak twin bed." Tembalna, teu muka panto, ngan panonna baé rut rét kana kasur. Ngodeuan lamun kuring narah asup ka éta kamar, komo deui mikir sakasur jeung manéhna.
Beuheung kuring euleugeug nempo ka jero. Enya baé kasurna single béd. Tapi kumaha atuh da ceuk panitia kuring kudu sakamar jeung manéhna.
"Saya dari BPMD, Anda dari mana?" Manéhna nalungtik calon batur sakamarna.
"Saya, dari Kecamatan Kadupandak, pagawé désa," kuring ngajawab bari rada dareuda. Kuring nyaho ari BPMD hartina lembaga anu sok méré latihan ka pagawé désa. Dunungan ari keur pagawé désa mah.
"Aduh, ini gimana yah, masa saya sekasur sama pagawé désa," manéhna rada murukusunu. Panto nu tadi anger méléngé, ku manéhna dibukakeun. Kuring nu tadi anger ngajengjen luareun panto, bisa asup.
Kuring bébéja rék mandi terus saré, bisi manéhna rék saré ti heula, sok baé.
Bari rada ngahodhod bérés mandi kuring muru kasur nu katingalina najan hiji gé mahi keur opataneun. Awak nu ukur make kaos sangsang ipis, nyulusup ka handapeun sepré nu bodas nyacas. Manéhna geus nyampak ngagolér sigana rék saré. Awakna nonggongan. Kadéngé manéhna ngomong, "Situ jangan bilang-bilang sekamar sama saya yah."
Kuring teu nempas. Naha naon héséna ngaku saré sakasur jeung pagawé désa. Panan ayeuna mah manéhna statusna sarua 'peserta diklat'. Na haté galécok. Ari jalma anu gawé di BPMD baheulana sakola SMA teu? Diajar PMP teu? Nyahoeun teu lamun manusa mah sadarajat, jerona sarua tina rorongkong?
Éta pertanyaan teu kungsi kajawab, kuring geus lep saré. Bapa BPMD mah duka teuing kumaha. Boa manéhna mah teu bisa saré sabab mikiran wegah jeung teu lével sakasur jeung pagawé désa.
No comments:
Post a Comment