Yq ngaganjel beuteung ku sangu goréng. Tapi seuseut seuat rék asup kana tikoro téh. Karasana horéam nyapék. Anakna, xl, milu aub dahar. Caman cemén daharna, nanya sanguna maké naon, ceuk kuring, ditambahan ku pindang. Lebar, meuli dua bungkus, ti kamari tacan kénéh baé kadahar. Sugan ari dihijikeun jeung sangu goréng mah, otomatis kadahar.
Dina sapertilu ka rék béak sangu, Xl nyelang ngadahar obat nu isuk. Dina pikiran kuring ngagerendeng, 'budak téh lain engké ngadahar obat saberes dahar'. Tapi éta omongan téh teu kedal. Keun we, meureun bakat nu ADHD mah pabeulit. Nu penting keur ayeuna mah, obatna di dahar.
Kuring ngomong ka Xl, "Engké lamun Rf hudang, sina dahar." Cl ngaenyakeun. Rf ngendong tadi peuting. Basa isuk dipariksa, katingali ngagolér kénéh di kamar Teh l.
Kuring sorangan, ngarasa kebeberik ku tulisan ti SMKN Cidaun. Asa wega kacida keur nguruskeunna. Pikiran keur museur kana kaséhatan salaki, anak, mikiran kumaha carana meunang duit keur kahirupan sapopoé. Katambah Yq ngangluh nu gawe, nu ngukur tanah di Kamojang, kidu dibéré duit.
Kuring ngarasa capé jeung tunduh, tapi teu bisa saré. Ahirna maksakeun narjamahkeun artikel. Sihoreng hésé ning. Leuk-leuk. Karak ge sajam, aya WA, nanya "lbu janten teu ka dieu?" Alah naha salah nempo jadwal kitu?
Aripek enya we, Al Bayan, ari kuring kalah ngahubungi Al Bahjah, heu!
Nya, da tos kagok. Datang we.
No comments:
Post a Comment