Monday, October 14, 2024

geus beunghar meureun

Pikiran mah ngacacang, ngalamun, susuganan. Lamun aya nu mere gawe, boa, kaperluan anak kacumponan.  Lamun siga ayeuna mah, beurat.  Teu boga sacepéng goéng. Mudah-mudahan we dina waktuna butuh, duitna aya. Utamana keur mayar ka dokter, keur budak.

Ah tapi da teu bisa menta gawe sagawayah. Kudu bisa tamada bae.

Ningali status batur. Euleuh aya nu keur arulin, anu naek parahu, anu keur jajan, anu keur itu,  anu keur ieu.  Batur mah, geus baleunghar geuning. Urang we anu maut nyere ka congo. Beuki leutik. 

Haté gegebegan, listrik boa beak.
Gusti, mugia aya rezeki anu ti mana bae jolna, anu tiasa nyekapan kana pangabutuh abdi.

No comments:

Post a Comment