Keur baluweng ku mikiran lobana pangabutuh nu kudu ditedunan. Keur anak nu kuliah di Moskow. Keur anak nu hiji deui, nu keur ngeureuyeuh berobat. Keur salaki nu kakarak diajar melak kentang jeung strobéri. Acan keur kuring sorangan, mayar gas mah, mayar listrik mah, mayar wifi, jeung réa-réa deui.
Jol aya surat paréntah ti pingpinan. Kudu ngawakilan anjeunna dina acara Al Madina Fest 2026. Alhamdulillah, ceuk haté. Lamun ngawakilan lbu kepala mah atuh aya meureun ari karék transpor waé mah. Nuhun Gusti, haté kuring galécok bakat ku bungah.
Poé anu ditangtukeun pikeun ngawakilan lbu kepala geus cunduk. Kuring indit nuturkeun pituduh Google Map anu dibéré ti Al Madina Fest. Tabuh tujuh kurang, kuring geus nepi ka nu dituju. Katempo barudak maké seragam SMP keur dibariskeun ku guruna. Kuring rada agag-agagan, bisi salah asup, hég engké jadi kaisinan. Tamba panasaran kuring nanya ka lalaki nu papaliwat, "Manawi uninga, SMA M palih mana nya?"
"Euh. Duka nya, Bu. Abdi sanés urang dieu." Manéhna ngajawab bari rungah ringeuh. Alah ieu mah alamat salah, ceuk haté. Can gé haté téh bérés ngagerentes, jol aya lalaki tengah tuwuh, maké baju kaméja warna soklat, nyampeurkeun.
"Ibu, ti KCD, haturan," pokna galéhgéh pisan.
Kuring ngajawab bari leumpang nuturkeun manéhna, "Leres, luyu sareng serat nu kamari dikintun, lbu mah wawakil lbu kepala, anjeunna teu tiasa sumping, jalaran dinten ieu aya rapim di Bandung. Biasa, awal sasih mah aya rapim."
"Muhun, mangga lbu. Hatur nuhun parantos kersa sumping. Mangga linggih di sagédéngeun ketua yayasan. Pak Haji Yuana." Manéhna siga teu paduli, nu datang rek kepala dinas, rek wawakil, nu penting mah aya jelema ti dinas wé, bangunna kitu. Aya nu datang hartina acarana teu robah. Pan biasana nu ti dinas mah kabagéan méré sambutan jeung nakol goong.
Sanggeus narima informasi yén sakola nu ayeuna ngayakeun acara téh sakola berasrama. Muridna kahayang mah lulusanna 100% asup ka sakola negeri. Jadi asupna mayar 15 juta, uang bulanan 2,5 juta. Stratégi sakolana nyaéta ti kelas 10 kénéh muridna tos dibimbing, mun hayang sakola kadinasan, langsung dibéré bekel supaya bisa asup ka kadinasan. Nu hayang jadi dokter, upamana, langsung digembléng sangkan bisa lulus ka kedokteran. "Pokona," saur ketua Yayasan, "sakola di dieu mah, 50% akademik, 50% keagamaan."
"Fifty -fifty," kuring ngomong sorangan. Bisa kahontal kitu? Anu 100% akademik waé, loba nu teu bisa asup ka perguruan tinggi negeri, lantaran nu hayang kuliahna loba pisan, ari bangku anu diparebutkeunna saeutik. Jadi nu hayang kuliah ka perguruan tinggi negeri mah, kudu bener-bener ngandelkeun akademik. Lamun sakolana ngabekelan 50%, boa-boa peluangna kacokot ku nu 100% akademik. Iwal mun muridna boga prestasi nu pinunjul.
Ngobrol ngeunaan sakola can lengkep, acara geus dimimitian. Panata calagarana barudak duaan, sajodo. Duanana geus dilatih sigana pikeun nyarita kitu atawa kieu. Ngan hanjakal, kabéh kecap-kecapna maca tina keretas nu dicekelna. Jadi kadéngéna kurang alamiah.
Mimiti acarana dibuka ku barudak nu dua. Terus maca ayat suci Alqur'an. Ngarep-ngarep mun di sakola anu boarding mah, meureun ngajina siga musabakoh ning, sorana dialeu-aleu, ngaranna téh cenah bayati, hijaz, nahawand. Aripek, ngajina siga ngaji biasa bae. Teu maké lagam nanaon. Oh meureun pan ieu mah sakolana 50% akademik. Jadi ngajina akademik ogé, lain ngaji maké maqamat.
Terus ngawih Indonésia Raya. Kuring miluan ngawih. Meungpeung bisa kénéh ngawih. Mun geus pangsiun mah, iraha teuing aya kasempetan ngawih lagu kebangsaan. Bari nangtung kuring ngawih, sora téh asa teu nincak kana nada. Tapi terus wé ngawih, najan sora kuring sumbang gé, moal kadéngé. Sora speaker, tarik pisan, siga keur ngaladangan ceuli anu jarakna. 500 meter. Sora speaker matak ngageder jaman jajantung. Lagu Indonésia Raya baé asa jadi lagu naon, bakating ku tarik najongan ceuli, nalipakan kana dada.
Untung ngawih teu lila. Mun lila, bencar sigana ceuli téh. Kadéngé panata calagara manggil ketua panitia pikeun biantara. Diteruskeun biantara ti Ketua Yayasan anu ngarangkep ogé jadi kepala SMA. Kuring muji. Biantarana téh alus, teu lila! Biasana pan, lamun bangsa urang mah, sok matak nundutan mun méré biantara téh. Sanggeus bérés ketua yayasan, kuring dipanggil keur méré sambutan. Lakadalah, tah téréh bérés acara téh lamun geus aya sambutan ti dinas mah. Biasana sambutan ti dinas sok sakalian muka acara. Kitu galibna. Kuring ngabayangkeun nyekel gegendir, ditabeuhkeun kana goong. Gung! Gung! Gung. Saréréa émprak. Ngalaman ogé geuning nakol goong. Saha heula atuh? Wawakil kepala dinas!
Kuring muru podium. Nangtung terus nyekel mik, uluk salam. Kuring nganuhunkeun ka pribumi, ogé ngadorong sangkan anu miluan turnamen olahraga ngaheulakeun kajujuran, sportifitas. Kuring ogé teu lila ngomongna. Paling lima menit. Kuring terus balik deui kana korsi nu asal tadi kuring diuk.
Ceuli kuring rebing, ngadadago panata calagara manggil kuring pikeun nakol goong. Panan kuring diondang ogé pikeun muka acara, kitu ceuk pikir kuring. Éh teu lila kadéngé, "Bapa ketua yayasan dihaturanan kanggo nakol goong minangka tanggara turnamen dikawitan."
Kuring ngaheungeu. Bet kieu ieu téh?
Biasana atuh teu nakol gé, minimal maturan nakol goong. Ieu mah, lapur.
Kuring olohok.
Gung! Gung! Gung!
Goong ditakol dituturkeun ku sora émprak.
Bérés nabeuh goong acara ditutup.
Kuring pamitan. Alhamdulillah diongkosan saratus rebu. Na haté ngagerentes, mun tadi dibéré kasempetan nakol goong mah, boa dibayarna leuwih gedé, panan gawéna jadi dua. Kahiji méré sambutan, kadua nakol goong!
(Cag, lalakon 795 poé deui ka pangsiun)