Baheula pisan. Bakat ku geus lila, mun kecap baheula diucapkeun, lebah 'eu'-na bakal panjang. Ngan di dieu mah ngabéjaan baé yén kajadianna geus lila pisan, matak ngagunakeun kecap baheula.
Baheula, keur kuring SMA, kuring melak kembang Eros mini. Naha maké nyebut Eros mini? Pédah éta wé tangkalna pendek, teu cucukan, tapi kembangna mah, nya kembang Eros, ngaran nu sabenerna mah meureun lain Eros mini.
Keur kuring ngomé taneuh melakkeun kembang Eros anu mini téa, ana torojol téh kabogoh. Atuh puguh wé tibuburanjat. Atoh jeung bingung ngahiji, tungtungna ngahuleng. Sadar sotéh waktu manéhna ngabéjaan yén taneuhna ulah dipadetkeun. Kuring eureun melak kembangna, da ukur mindahkeun tina polibag plastik kana taneuh.
Tong waka nyeungseurikeun bari siga teu percaya kitu. Kajadian di luhur bener kajadian. Kuring didatangan kabogoh waktu keur melak kemabng Eros mini.
Mémang aya kitu nu bogoheun ka jalma siga kuring, waktu keur kuring SMA? Nya aya atuh! Duka manéhna kapeureungpeunan jadi teu jelas nempo kuring nu kondisina di bawah ekspektasi mun ceuk budak ayeuna mah; teuing manéhna enya bogoh. Kuring teu pati bisa negeskeun. Ngan nu jelas mah, rada lila ogé kuring wawawuhan jeung manéhna, aya kana dua taunna. Sanggeus manéhna pindah ka kota B, kuliah, manéhna ngirim surat cenah enggeus baé urang duduluran. Nya kuring gé surti, maksudna putus mun ceuk budak jaman ayeuna mah. Pleng teu aya béja ti manéhna, kuring ogé teu hayang nyusulan, da kuring boga sanghareupaneun nu leuwih penting ti batan néangan jawaban "kunaon manéh ninggalkeun kuring?'
Ti saprak harita, kuring jadi teu pati maliré kana kembang. Malah deukeut kana teu resep wé. Aya hubungan jeung putus jeung si manéhna, duka deuih. Ngan nu puguh mah, kuring teu melak, oge teu hayang ngingu, atawa ngurus kembang leuwih ti kana 20 taunan. Mimiti deui aya urusan jeung kembang sanggeus gawé jadi guru, aya murid nu méré kembang. Padahal kuring sok kéképéhan embung narima. Alesanna teu bisa ngurusna. Tapi nu méréna téh sok ngomong kieu, "Gampil, kantun disiram wé unggal énjing." éta papatah teh diturut, buktina mah, kembangna paéh. Matak ti saprak sadar kuring mah teu pati bisa ngurus kembang, kuring tara pirajeunan meuli kembang. Mun resep kana hiji kembang, cukup dipoto wé, pan teu kudu ngurus ari kembangna dina bentuk poto mah.
Pernah éta gé rada resep kana kembang Violces atawa African Violet dina taun 90an, keur trén. Meulian sababaraha hiji, ngan nya kitu téa, paraéh. Aya nu paéh kagaringan taneuhna poho teu disiram, aya nu paéh baseuh teuing, loba teuing nyiram. Bangkar wéh.
Ari kamari, kuring ngarasa jadi Embé Congé. Caritana kieu.
Kuring indit ngalaksanakeun tugas menteun gawéna kepala sekolah jeung tim. Timna ngan saurang, awéwé, urang sebut wé ngaranna Rasamala. Bus kuring duaan ka sakola Kristen anu pakaranganna téh pinuh ku kekembangan nu ngaremploh héjo, cirining diurus. Mimitina Bu Rasamala teu ngomongkeun kembang, manéhna tibelat kana lukisan. Panan di sapanjang koridor, di ruang aula, di ruang kepala sekolah, pinuh ku lukisan nu aralus. Jieunan barudak tangtuna gé, ngan kulantaran nyieunna teu sagawayah, kitu ceuk kepala sekolahna. Mun rék ngagambar dina canvas maké cét minyak, ibu kepala sekolah néangan heula gambar pikeun ditiron atawa jadi inspirasi. Matakan ibu kepala sekolah, siga nu apal kana kabéh lukisan nu aya di satiap ruang sakola.
Kacaritakeun Bu Rasamala, manéhna muji bébéakan kana lukisan-lukisan. Alus cenah, artistik cenah, lukisan buatan ahli cenah, manéhna merekpek mupuji. Kuring ngan nuturkeun ku juru panon baé. Kuring geus apal kana lalakon ogé sajarah éta lukisan-lukisan. Kuring geus babarengan leuwih ti opat taun jeung ieu sakola, jadi geus teu anéh atawa wah, euh, euleuh, kana naon nu aya di ieu sakola. Najan kuring siga nu teu maliré waktu ibu KS jeung manéhna mapayan gambar, kuring mah deg-degan, sok sieun manéhna pok ménta gambar. Mun enya téa mah manéhna ménta gambar, alah ngérakeun pisan. Harkat pengawas téh nyirorot turun atuh. Untung manéhna teu kadéngé punta pénta.
Saréngsé acara, manéhna ngabahas kembang. Kembang nu aya disabudereun sakola dibahas, tungtungna ngabahas mun manéhna ahli kana kembang Angkrék. Najan ngaran Rasamala ogé, ari dina haté mah, angkrék. Kuring muji, manéhna bisaaan ngurus kembang.
Manéhna ngadadarkan kumaha mimitina nepika jadi ahli kembang Angkrék. "Kieu, " manéhna ngamimitian caritana, "keur kuring jadi guru, biologi pan pelajaranna, kuring nitah barudak pikeun mawa kembang angkrék ka sakola, jenis naon wé."
Kuring ngahuleng, geuning mimitina siga kitu dongéngna. Kuring teu ngoméntar, cicing baé, hayang nyaho kumaha jucungna carita manéhna.
"Ku kalilaan mah, kembang ti barudak téh jadi loba pisan, nu aralusna mah, dipisahkeun dibawa ka imah, bisi ruksak mun diantep di sakola mah. Kembang nu di imah, diurus, dihadé-hadé, disiram, dibéré pupuk, dipikanyaah pokona mah." Manéhna neruskeun caritana. Oh geuning lain manéhna nu niat hayang jadi ahli kembang angkrék, tapi lantaran ngamangpaatkeun kaayaan. Boga kembangna téh meunang nyokotan ti sakola. Kuring rada seueul pas nyaho kitu téh. Ngan kuring teu ngomong nanaon, manéhna keur nanggap dirina di hareupeun ibu KS, bisi ngarasa diantégan.
Ngabahas kembang nepika aya kana sajamna. Teu béak-béak. Para guru mah pating darilak ka manéhna terus marelong ka kuring bangun ménta tulung jeung tumanya, meureun naha teu jung indit, kalahka ngomong baé. Kuring ukur imut, tapi lila-lila mah kuring nyarita ogé, "Hayu ah, bilih siang teuing, hawatos para guru bisi aruihna kahujanan, tos tabuh dua siang mah, sok neras hujan pan."
Ibu KS nangtung, manéhna gé nangtung, terus tiluan muru ruang kepala sekolah. Eh, di ruang kepala sekolah, der deui baé manéhna neruskeun ngomong kembang angkrék. Ibu KS sigana geus béak kalimah keur muji kana pangaweruh Bu Rasamala dina ngurus kembang. Sigana mun teu dihuit diajak indit, manéhna terus ngocoblak ngomongkeun angkrék. Kuring tiluan turun muru tempat parkir. Sapanjang koridor manéna masih kénéh muji dirina jeung angkrékna, sakali-kali muji kembang nu aya dina salasar kelas. Kuring asa bongé ngadéngékeun manéhna ngabahas angkrék.
Katingali manéhna bangun rada ngadilak waktu kuring asup kana mobil. Pok manéhna ngomong, "Nyetir nyalira, Téh?" Pertanyaan nu matak seueul deui baé. Siga nu teu sapuk mun kuring bisa mawa mobil sorangan. Moal kitu pédah manéhna mah pan ka mana-mana téh dijajap ku salakina. Jadi salakina téh, cenah mah PNS ogé, guru, jadi tara gawé da nganganteur manéhna. Kuring mah asa héran baé, ongkoh agamis, tapi duit teu kakésangan teu ngarasa salah. Mangkaning pengawas mah gawéna pan aprak-aprakan ka sakola, dina saminggu pasti aya ka sakola, dina bulan Desember jeung Januari mah, ampir saban poé ka sakola. Jadi meureun salakina teu gawé salila manéhna kudu dianteur. Eh naha bet kalah ngomongkeun salakina. Rék salakina gawé, rék nganteur pamajikanna, lain urusan kuring. Heup ah.
Perkara kembang angkrék ahirna mah kapopohokeun. Kuring peutingna saré leuwih awal, rék nyiapkeun meunteun sakola nu lumayan jauh tempatna di Bandung Barat, jalanna ngaliwatan Saguling.
Kacaritakeun poé isukna, kuring dipapag ku tari tradisional nu dipintonkeun ku opat wanoja nu maraké kabaya jeung karémbong konéng. Sanggeus dipapag, srog kepala sekolah ngasongkeun kembang angkrék. Kuring ngajenghok. Kembang angkrék! Hég nu mahal ieu mah, kembangna ngagebay panjang bodas, tengahna aya kembangna aya titik warna konéng. Kuring narima kembang angkrék bari dina haté tumanya, kunaon bet dibéré kembang angkrék? Moal kitu panglipur pédah kamari jadi Embé Congé sapoé ngadéngékeun jelema nu ngahabas kembang angkrék teu eureun-eureun?
(Cag, lalakon 797 poé deui ka pangsiun)