Tuesday, March 31, 2026
Pileuleuyan Pa Rustan jeung Mariksa Ijazah di Polres
Ngimpi Salaki Bisa Ngagorolang Ngagunakeun Mantra Buda
Monday, March 30, 2026
Mimiti Gawe Deui
Poe ieu dimimitian ku nempo ka kamar budak, bisi cai tina AC luber dientep. Aripék caina nga aya satengah ember. Keun heula we diantep. Engke sore rek dipake ngepél. Budakna ngangluh baé cenah nyareri awak. Duka pedah memang keur teu sehat, da katingalina pilek budak téh, duka tina akibat tina Covid. Panan kuring ogé sarua nyareri awak, nyeri nu datangna sanggeus divaksin Covid.
Terus M nandatangan SPTJM SMA Nurul Jannah. Muridna ngan aya 64 urang. Sakola nu kompleks urusanna. Pihak yayasan nyosok jero teuing kana urusan sakola, jadi KSna teu bisa gerak. Teu boga guru PKWU cenah. Guru nu aktip ngan Pa Yeyen. Bu .., Pa Iman, jeung KS.
M miluan zoom halal bihalal, join kaluar asup da teu acan der baé. Asup jam 9.45, can dimimitian, kaluar deui. Join deui jam 10, acan keneh. Kalah ka aya budak SMA ngawih basa Inggris, asa teu nyambung jeung acara halal bihalal. Tapi meureun geus usumna kitu kiwari mah. Ngawih teh asal der we, keun we konteksna mah teu dipikiran. Asal viral we.
M ngala jambu Bol ti tukang. Di tukang barala kacida, terus aya cai ti solokan, bocor jadi ngembeng, cebrék.
M miluan deui zoom halal bihalal provinsi, daring. Eusi halal bihalalna:
Kahiji, menta hampura loba dititah. Gawe kudu beres sapoe, dua poe, wayahna dibeberik ku target kinerja. Sakola nu didatangan, pék oméan nu tacan benerna. Ieuna kudu kitu, ieuna kudu kieu. Aya carakana nu teu wauh ka kepala dinas. Keun we, jadi nyaho sacara otentik kumaha sakola. Tujuanna ngarah sakola jadi terstandar.
Kadua, keur dijieun Pedoman standarisasi buang sampah, mengalirkan air, menata bangunan, pohon yang harus ada di sekolah.
Katilu, sanggeus paham job deskripsi, aya pangaruhna teu?
E dahar cau goreng. Cenah teu rasaan. Teu amis. Jadina dahar oseng kentang, wortel, kacang buncis.