Pages

Tuesday, March 31, 2026

Ngimpi Salaki Bisa Ngagorolang Ngagunakeun Mantra Buda

Katingali loba jelema keur bébérés. Cenah mah anak bupati nu lalaki rek kawin, rek aya hajat gedé. Tatangkalan diberesihan, lahan-lahan diurus, pikeun tempat hajat sangkan alus.
Kacaritakeun kuring. Neangan baju. Euleuh geuning baju hideung ipis teh aya dina tas, numpuk ngagulung kana rodana. Dinedol, arioek jadi saperti aya tilu baju hideung. Terus we bajuna diberesan. Geus kitu indit kana mobil. Supirna salaki kuring sorangan. 

Eta salaki. Mawa mobil siga nu teu nyaho jalan. Bras ka jalan nu batuan. Milihna teh nu batuna ngajegir, der liwat ka dinya, maju deui, milih jalan nu loba hahalangma. Anu ahirna bras ka tempat nu tadi diberesihan keur hajatan anak bupati tea. Mobil teh cicing, teu maju. Jalan fi hareup heureut, kuring mikir. Ieu rek kumaha liwatna. Katempo aya lalaki tengah tuwuh mulungan régang -regang gararing, dikumpulkeun terus dipindahkeun ka sisi jalan.  Jalan jadi neresih tina régang. Jol deui régang, geus dibeungkeutan malah. Dipindhahkeun ngarah teu di jalan. 
Srog mobil nu ditumpakan ku kuring maju. Kuring di jero mobil posisina sare di tukang, make alas plastik.
Asna bras jadi ngaliwatan rumah makan. Kuring jadi leumpang, katingali aya budak awéwé nu ngaladangan warung. Budakn teh berseka pisan. Ari salaki leumpangna karah ka sawah. Pokna rék dahar. Ku kuring disampeurkeun. Manéhna turun ka sawah, néangan tempat keur dahar bari diuk. Kuring nyampeurkeun, dina galengan, bari ditilmaan di palastik, embung kotor. 
Teu lila jol katingali loba barudak nonoman di beulah katuhu kuring, dariuk ngaronom.
Aru salaki nu cenah nyebutkeun rek dahar kalahka ngagorolang maca mantra budha. Leungeunna salaki siga ngajak sasalaman ka sasabaraha nonoman tadi. Ditarima sasalamanna ku sababaraha nonoman. Bari terus salaki teh ngagorolang maca mantra. Kuring rada ngadeukeutan ka salaki terus narima sasalaman oge. Geus kitu, salaki beunta siga nu teu sadar atawa aya nu nyurup nepika manehna bisa ngagorolang maca mantra. Beungeutna luut leet ku kesang. Manéhna ngomong nu nandakeun yén manéhna teu sadar tadi ngagorolang maca mantra. Sanggeus eta kuring duaan indit. Hufang weh. Ampir jam 2 peuting. 

No comments:

Post a Comment