Pages

Wednesday, May 14, 2014

KABEURANGAN

 Istilah kabeurangan bisa boga harti nu beda-beda gumantung ka saha nu makena. Pikeun nu sare, mun hudang leuwih beurang tina jam nu geus direncanakeunna, nya disebutna kabeurangan. Pikeun nu geus ngarencanakeun datang kana hiji kagiatan, aipek datang leuwih melar tina waktu nu geus ditangtukeun, eta ge kabeurangan. Sabab musabab kabeurangan rupa-rupa. Lamun nu sare bisa kulantaran kelepasan, nepika poho waktu hudang. Pikeun nu ngarencanakeun ngadatangan hiji tempat atawa kagiatan, alesanna nyakitu oge loba rupana. Contona bae kuring. Kamari ngalaman kabeurangan, akibatna teu bisa miluan kagiatan, akibat nu leuwih jauhna deui, leungit kasempetan. Urang tingali deui naha kuring bisa kabeurangan, padahal kuring kaasup jelema nu on time jeung kacida ngahargaan kana waktu.

Poe Senen, tanggal lima
Aya nu ngajak nyarita. Pokna teh,’Ibu Alhamdulillah urang kacandak kana calon Instruktur, nu lebet ti sakola urang mah panginten abdi, Ibu, sareng Pa Suratmaja’. Kuring seuri, asa teu percaya bisa asup kana calon Instruktur. Keur ngurangan kareuwas, kuring nanya iraha kira-kira mimiti latihan instruktur di mimitianna, manehna ngajawab kalayan ngayakinkeun nyebutkeun tanggal genep belas. Kuring nyusul ku pertanyaan nu kadua, naha bet tanggal sakitu. Jawabna teh ngarah guru keur teu sibuk ngajar. Kuring nyatet dina hate, lila keneh geuning latihan jadi instruktur teh, sabelas poe deui ti ayeuna. Kuring ngarasa yen eta informasi teh cukup, kuring teu nanyakeun timana manehna meunang eta informasi, siga kumaha bentuk suratna, atawa hal-hal lain nu aya kaitanna jeung gamblangna eta informasi.

Poe Salasa, tanggal genep
Kuring gawe fokus mingpin kagiatan lomba debat basa Inggris tingkat kabupaten. Ti Senen sore pikiran teh geus ngamimitian maca naon nu kudu dipigawe isukan. Mun kudu mere sambutan, meureun kudu mantes basana jeung eusina. Mun ngondang Kepala Seksi, Kepala Bidang Pendidikan, PJB Basa tingkat SMA kudu buru-buru ngasmsna, bisi surat mah teu kaburu kabaca. Kuring ngasms ka jalma-jalma penting nu disebutkeun bieu. Teu pati mikiran naha dijawab atawa henteu sms kuring ku maranehna, kuring ngarti, yen maranehna pastina ge sibuk, ngurus itu-ieu nu leuwih kudu tiheula digarap, moal ieuh ngahaja mukaan jeung ngabalesan sms.

Isuk-isuk kuring geus indit ka tempat debat, barang jol ketua pelaksana kegiatan geus cuh cih dibantu ku dua urang guru nu nangtung di bagian daftar ulang. Kuring mastikeun ka ketua pelaksana nepi kamana kasiapan kegiatan poe ieu. Jawabanna pikabungaheun, sadayana tos siap cenah. Ti mimiti keuangan tos cair, ATK tos siap, juri tos aya sabagian. Teu lila, pejabat nu kudu ngahadiran geus datang. Acara dibuka jam 7.30. Jam 9an mimiti case building pikeun ronde kahiji. Tim kompak garawe, kaasup kuring, milu ngajurian. Ti ronde ka ronde, kagiatan debat kaitung lancar. Perkiraan waktu rengsse oge teu pati jauh tina irongan. Acara dua poe disapokeun, tangtuna ge mola bias beres beurang-beurang, kitu we logikana mah. Acara beres jam 10 peuting. Balik ka imah, lungse kacida. Teu mikiran itu ieu, dug bae sare.

Poe Rebo, tanggal tujuh
Jam genep leuwih saparapat
Kuring geus kencling indit ningalkeun imah, niat rek ka gawe. Loba pigaweeun nu tacan rengse. Salah sahijina tacan nyieun kisi-kisi soal jeung kartu soal keur ulangan kenaikan kelas lintas minat. Kuring nyekel dua kelas lintas minat. Naha ngaranna lintas minat, eta mah aya hubunganna jeung kurikulum anyar nu diterapkeun ka sakola-sakola di sakuliah Indonesia beubeunangan pamikiran mentri Muh. Nuh. Nepika ka sakola, tacan pati loba guru nu hadir, katingal guru nu meunang tambahan tugas wakasek humas jeung kesiswaan nu geus guntreng ngobrol di ruang guru. Keur nunjukkeun kuring hormat ka eta pejabat sakola, kuring sasalaman. Geus kitu mah der we kuring ngamimitian muka buku, milihan pibahaneun soal. Anteng we.
Jam 8
Aya sms ti babaturan, pokna ‘Ibu naha teu kadieu? Cobi cek ka LPMP sareng ka Dinas, name Ibu aya dina absen peserta instruktur’. Kuring rada helok, jeung teu pati percaya kana eta sms. Keur mastikeun kuring nyusul ku sabaraha pertanyaan, manehna tandes yen kuring memang geus kacatet aya dina daftar hadir. Ngahuleng we kuring teh. Ceuk manehna, nambahan, acara teh dimimitian poe ieu, tanggal tujuh poe Rebo, ayeuna jam dalapan keur pre-test. Ceuk manehna keneh, sok we kadieu dan tadi ge aya nu dating, ditarima. Manehna nyebutkeun yen tempatna di Sawangan Depok. Hiji tempat nu kuring teu nyaho, jeung wani indit sorangan, kudu menta bantuan salaki pikun ngajajap. Ras inget ka babaturan sakantor nu poe Senen ngajak cacarita. Kuring ngahuleng, euh meureun waktu manehna ngaunggahkeun status dina fesbuk nuliskeun ‘IN’, sihoreng manehna mah geus indit.

Jam 9
Kuring mikiran pilampaheun, naon heul nu kudu dipigawe. Tungtungna kuring nelepon heula pihak panitia kagiatan nu di Sawangan. Ti tungtung telepon kadenge jawaban kieu ,’Ibu hubungi LPMP, meunang teu miluan, sabab acara geus dimimitian’.

Jam 9.35
Kuring nelepon ka LPMP, maksud teh rek nanyakeun, naha bener kuring diutus ku LPMP. Mun enya, pastina ge aya datana di LPMP. Sanggeus nelepon kaditu kadieu, meunang oge ahirna nomer kontak person nu ngurus kagiatan instruktur. Waktu kuring nanya naha bener kuring kudu ngahadiran kagiatan. Manehna ngajawab ngabenerkeun malah nanya sanggup atawa henteu mun kuring indit poe ieu langsung. Ku kuring di jawab siap teu nanaon.
Geus beres kitu mah, kuring balik ka imah, neundeun heula laptop, terus laju ka Dinas rek menta Surat Tugas.

Jam 10.15
Kuring nelepon pihak LPMP deui. Ceuk kuring menta surat ondangan keur kuring. Kirim kana email kuring jeung email Dinas. Ditungguan taya jol wae surat elektronik teh, padahal kuring jeung Dinas perlu pisan. Ceuk manehna indit we, hubungi Ibu E.
Urang Dinas teh rada ngabigeu rek mere surat tugas teh da puguh Dinas teu narima surat pemberitahuan ngeunaan kawajiban kuring ngahadiran ieu kagiatan. Ngan ku kahadean Kasi, surat teh dijieunkeun. Teu ditelek-telek dan rarasaan teh kudu buru-buru indit. Memeh ningalkeun Dinas, Ibu Kasi pesen nitip surat keur ka sakola kuring. Cenah aya surat nu kudu ditepikeun ka KS kuring. Kuring teu mondah, mangga we, sakalian kuring rek sasadu menta ijin indit ka KS. Ibu Kasi nelepon KS kuring ngabejaan yen surat dititipkeun ka kuring. Kuring ngaharewos, sakalian pangbejaankeun KS mun kuring kudu indit nyumponan ondangan.
Samemeh indit ka sakola kuring nelepon pihak panitia deui. Ari jawabna cenah manehna teu bisa mutuskeun naha kuring kudu datang atawa henteu. Manehna ngaku sakadar pelaksana, ceuk manehna coba hubungi Ibu K salaku penanggung jawab kagiatan. Dicobaan dihubungi eta Ibu K teh, sanggeus tilu kali dicoba, dina waktu nu beda-beda, teu ngajawab wae, kuring teu nelepon deui. Meureun keur sibuk, teu bisa narima telepon.

Jam 12.17
LPMP ngasms cenah surat elektronik ondangan teh tos dikirim. Kuring coba muka, tapi taya surat nu asup. Pikiran teh meureun tina hape mah leuwih lemot katarimana. Kuring ngadius ka sakola. Make motor teh ngabiur we, teu luak lieuk asa reuwas barang ningali kecepatan, kuring mawa motor leuwih tarik batan biasana. Waktu datang ka sakola, KS keur ngobrol, duka jeung saha. Kuring nunggu heula. Tapi teu lila KS ngagero manggil kuring. Ngobrol sakeudung, intina KS mere idin pikeun indit. Ku sakitu ge geus cukup keur bekel indit. Keur kuring mah sacara pribadi, teu babari meunang idin ti KS teh.
Kuring ngoprek hape, sugan we surat ti LPMP teh bisa kabuka. Lapur. Kuring beberes, mawa pakean tilu potong keur salila milu kagiatan jero 7 poe.

Jam 14.
Aya tamu nu menta buku elektronik nu kabeneran kuring bisa ngadonlod kalayan gratis. Aya 14 buku elektronik nu husus ngabahas pendidikan karakter. Kaasup aya handbookna nu jumlah kacana aya 624. Ieu buku-buku teh kacida pentingna keur tamu nu keur nyuprih elmu S3 Pendidikan Umum. Kuring nunjukkeun sacara singet nyokot tina judul buku ngeunaan kira-kira eusi bukuna naon.
Tamu ngajelaskeun yen manehna hayang karakter nu aya kaitan jeung pengajaran ilmiah. Kuring teu apal kana eta spesifikasi, samemehna ukur nangkep kecap pendidikan karakter wungkul.

Jam 16
Dianteur ku salaki kuring indit make motor, itungan, mun kana mobil bakal leuwih lila, macet. Motor ngadius ngaliwatan Cipanas. Kulantaran motor teh geus kolot jeung diepeleter makena, dina tanjakan teh ripuheun. Ngadudud we, nepika Puncak mimiti kabut, memeh Ciawi, breg hujan gede. Mangkaning teu boga jas hujan (matak teu mawa jas hujan). Ngiuhan heula, kadenge hawar-hawar adan magrib. Kuring jeung salaki kuring mucicid sisi Alfamart, nungguan hujan raat. Dikersakeun, hujan teh lila. Rek maksa indit huhujanan, moal hade da hujanna badag pisan. Sanggeus bosen nangtung, nungguan hujan, hujan teh ngaleutikan. Kuring indit deui, bari susuganan di jalan aya nu ngajual jas hujan. Kabeneran samemeh awak jibrug pisan, aya toko nu ngajual jas hujan dua kepala, nya meuli we da butuh kacida.
Kuring maju deui, asa teu nepi-nepi iinditan teh. Jauh kacida. Bogor geus beak, maju ka Depok. Tunyu tanya sugan aya nu apal kana alamat nu ku kuring rek dituju, rungah ringeuh nu ditanya teh bangun teu nyaho. Tungtungna maju we nuturkeun insting. Geus waktuna mah kapanggih oge.

Jam 21
Kuring nepi ka bangunan tempat pelatihan. Ku satpam dititah neangan bangunan Nusa. Belenyeng kadinya, ucul-ucul jas hujan, awak baseuh kabeh. Barang nanya, cenah, kudu ngadatangan bangunan Rama dekeut koprasi. Kencling deui kuring indit. Tempat latihan teh lega pisan. Matak sasab. Nepika bangunan Rama, uluk salam, jempling.
Tungtungna kuring ngahubungi babaturan nu ngasms. Manehna nitah sare we heula, lapor ka panitia mah isuk we. Kuring teu nurut, asa teu puguh, ujug-ujug nginep bari taya idin ti panitia.
Sanggeus tatanya, aya nu nunjukkeun asup ka ruang tempat pelatihan. Kuring eces ningali ngaran kuring aya di ruang A. Ceuk peserta teh, teangan we di ruang Sartika, aya tutor, sugan apaleun panitia ayana dimana. Kabeneran tutor teh aya, malah nelepon panitia. Tina obrolan nu ukur kadenge sawareh bangun-bangun panitia teh embungeun narima kuring.
Ahirna kuring dititah ka Ruang Shinta, cenah didinya aya panitia. Kuring muru kadinya, awak asa heuras, tiris jeung cangkeul ngahiji jadi leumpang teh asa teu nincak.

Jam 21 leuwih
Kuring ngobrol jeung panitia. Nanya we naha bias milu atawa henteu. Panitia teh karunyaeun ka kuring dnu geus kukucrut nepi ka dinya. Pokna teh ,’tadi siang ketika Ibu menelepon, saya langsung membicarakan ini dengan bapa kepala bagian. Beliau malah langsung menjelaskan kepada Ibu E dari LPMP bahwa Ibu tidak bisa mengikuti kegiatan ini karena telah terlambat (kabeurangan).’
Sanggeus jelas teu bisa milu, Kuring ngobrol ngaler ngidul jeung panitia, sakadar nunjukkeun yen kuring datang teh kulantaran dititah ku LPMP, jeung nempokeun yen kuring mah teu nanaon teu bisa milu ge.

Jam 22
Kuring saged make jas hujan deui. Geuleuyeung kana motor, balik.
Nepi ka imah jam 2 subuh.
Ieu pangalaman sapoe teh kacida mundelna. Loba nu bisa dijadikeun pelajaran. Diantarana bae kudu asak lamun aya beja teh. Ulah cukup ku bejana katarima, cicing we. Alusna susul, pastikeun. Kaduana, kajadian jelem leutik jadi korban, geus lumrah pisan. Dina waktu eta kudu kaalaman ku kuring, kuring nyaho yen, koordinasi antar instansi pamarentah teh keur urusan ieu mah, kurang hade. Kuring nyebut kitu kusabab, jelas kuring kapanggil ku pihak P4TK, tapi ondangan ti LPMP teu nepi ka kuring sakitu nomer hape, alamat email, alamat sakola, no telepon sakola, aya dituliskeun dina lamaran. Katiluna, boga salaki teh penting. Mun seug lain salaki mah, boa moal aya jelema nu daek huhujanan sapeupeuting nganteur kuring bari jeung nyamos. Nu kaopatna, jadi jelema leutik mah kudu sabar. Najan enya oge bisa menta milu kagiatan, tapi tetep posisi jelema nu taya kakuatan mah, kudu ngelehan. Ceuk kolot tea mah, ngelehan we, sugan we Alloh Gusti nu maha suci ngke mere nu leuwih gede batan kagiatan ieu.
Tah kabeurangan kuring, teu direncanakeun, teu diniatan, lain kasalahan kuring deuih. Hasilna, kabeurangan mah ngakibatkeun leungit kasempetan. Intina, ulah kabeurangan we.

Thursday, May 8, 2014

Nungguan Berangkat ka Ustrali

 Pikeun kuring aya waktu dua bulan ti mimiti dibere ‘bekel’ keur indit ka Ustrali kana prungna indit. Eta waktu dua bulan teh tangtuna bae teu karasa lila pikeun kuring mah. Meureun keur nu ngarep-ngarep bari ngitung ti poe ka poe mah, tangtungna bae bakal karasa lilana. Ti mimiti mulang ti tempat pembekalan, pigaweeun geus murudul. Aya wae sanghareupaneun ti poe ka poe teh. Ceuk piwejang di pembekalan mah, nu rek indit ka Ustrali dina waktu musim tiris (Juni-Agustus), kahade kudu nyiapkeun: long jhon, kaos kaki wol, syal wol, baju haneut bulu soang, kupluk, sarung tangan, sapatu bot, jeung rea-rea deui.

Kuring ukur bisa mesem ningali yen loba pisan barang nu kudu disiapkeun (=dibeuli). Ti mimiti nu teu wauh-wauh acan nu kumaha rupana saperti long jhon nepika sapatu bot. Atuh sabarahaeun tah piduiteunna mun kuring meuli, mangkaning boro-boro meuli nu kararitu rupa, keur dahar ge rada ripuh kondisi finasial kuring teh. Tungtungna nya make tarekah we, pikeun baju haneut bulu soang nu cenah mah hargana 1-2 juta. Kuring mah nginjeum we ka babaturan nu asal boga baju haneut. Teu kudu aya bulu soangan ieuh. Lebar temen mun miceun duit 2 juta, ukur dipake sabulan, kadituna eta baju teh diantep. Teu make sense pikeun kuring mah. Sapatu bot, kabeneran aya nu salaki kuring. Kaayaan sapatuna geus matak prihatin. Talapok handapna geus coplok. Sigana eta sapatu teh geus kolot umurna. Eta sapatu teh pamere ti guru kuring, ti saha-sahana mah, duka teuing, guru kuring teu nyebutkeun. Eta sapatu, dibawa ka tukang sol,  diganti talapok handapna. Rupana siga kumaha, ah nya teu pati nyeni ari ditingali ku mata seniman mah. Kamampuan nyeni/senina tukang sol mah semet ‘ngomekeun supaya sapatu aya talapokan handap, bisa dipake, urusan nyeni atawa teu nyeni meureun teu asup itungan’. Pondok carita, sapatu bot teh aya. Logor, eta geus pasti da puguh sapatu lalaki. Ceuk guru kuring mah, kudu latihan make eta sapatu, pan beurat, sigana aya kana 3 kilona mah. Kuring teu openan, keun we beurat ge. Kudu ngarumasakeun ari jalma masakat mah, tong loba kahayang, tong ngareka-reka hayang nu ararendah, kaasup ngalamun make sapatu bot anyar bari hampang.

Pikeun bekel, bisi letah reuwas ku kadaharan Ustrali, ceuk piwejang panitia, mawa we cenah setan-setan (set, ukuran bungkus nu laleutik)  dahareun. Misalna we kecap setan, saos setan, jeung setan-setan lianna. Mawa mih (noodle) oge kudu cenah. Nu disarankeun dibawa teh kayaning saos, kecap, bajigur, bandrek, emih, jeung rea-rea deui. Iwal nu bahanna tina daging, kayaning abon, jeung rendang. Kuring ukur bisa mesem deui we. Aduh kudu sagede kumaha tasna mun kudu mawa pakean, mawa dahareun, mawa laptop, sapatu, jrrd. Kuring mah sigana, moal mawa dahareun, iwal cai keur nginum sabotol mah keur sasayagian salila nunggu di bandara. Kuring rek ngandelkeun pribumi we sapinuhna. Rek dibere roti, dibere kentang, dibere naon bae, salila halal jeung geus galib di dahar ku urang Ustrali, kuring mah miluan we. Keun we ceuk beja ti pembekalan yen dahareun teh teu pati ngareunah, kurang rasa, hambar, ah itung-itung latihan puasa tina ngadahar dahareun nu ngeunah we. Salila ieu ge, kuring mah tara riweuh ku dahareun. Teu manggih sangu sapoe, dua poe, tilu poe, sabulan, sigana moal ngarumas. Naha bisa kitu? Kuring geus biasa dahar nu nyampak. Kuring teu ngudukeun dahar teh kudu sangu. Mun kasampak di imah ukur aya sesa sayur tahu nu diongseng jeung pakcoy, nya dahar eta we, teu disanguan ieuh, wareg. Kuring mah melang ka bapa-bapa nu panggih di pembekalan nu katingal hariwang pisan sieun teu manggih sangu. Pajarna teh ,’aduh abdi mah ripuh, mun teu dahar sangu teh asa tacan dahar, bisa langlayeuseun’. Singgetna, kuring moal mawa emih, atawa setan-setan nu lianna. Keun, ngaranna ge nganjang ka nagara batur, dahar mah narima kumaha disuguhanna we. Supaya kuring teu balanja, euweuh duitna. Sakali deui, jadi jalma masakat mah tong loba ngarep-ngarep dahar ngeunah. Dahar nu aya we, cukup.

Tah salila nunggu waktu piinditeun teh, kuring taya pisan aya hate pikeun bula beuli keur bebekelan di Ustrali. Sabrakna we. Terus, nu lian mah bejana geus rame mareuli oleh-oleh, cinderamata keur pingpinan, dinas, babaturan gawe, jeung kulawarga. Kuring mesem deui. Lamun boga babaturan gawe sa-sakola aya 100 jelema, hadiah keur per jiwa hargana 1 dolar =11 rebu, tah berarti sajuta saratus rebu piduiteunna. Keur pingpinan mah meureun kudu beda. Keur kulawarga, babaturan, dulur, masya alloh, kuring sama sakali teu mampuh nyumponan mere hadiah. Kuring oge dibere saran ku panitia teh, kudu oge mawa hadiah keur host family (indung-indungan tempat kuring ngke cicing di Usrali), keur sakola, keur murid nu di Ustrali ge kudu kaitung. Kuring mah kacida ngarasa beuratna lamun kudu kabeh dicumponan dipangmeulikeun hadiah. Lain teu hayang mere, samporet, teu mampuh. Mun boga duit ge, misalna we sajuta, bakal dibikeun ka salaki kuring pikeun bekel barudak jeung manehna dalahar salila ditinggalkeun ku kuring. Kuring salaku tulang tonggong kulawarga, mun iinditan kudu mikiran naha salaki jeung barudak dahar atawa henteu.

Kulantaran peran kuring mah beda ti para pamajikan nu lian, kuring kudu gawe leuwih loba, ngarah beubeunanganna mahi keur sakulawargaeun. Tah balik ti pembekalan ge, mimiti mikiran naon pigaweeun nu kira-kira ngahasilkeun duit. Aya nu menta pangnerjemahkeun, ditarima. Padahal, kuring anti kana nerjemahkeun teh. Lain teu bisa, eeta sok nyeri sirah jeung puerih panon ari ngagawean nu kitu teh. Nyeri sirah meureun  ku lantaran mikiran eusi terjemahan, nyeri jeung peurih panon, lantaran panon bulak balik kana kerta jeung kana layar laptop ngageder ti isuk nepika peuting, bari ukur ngandelkeun sabeulah panon. Tangtuna ge, nya cape secara fisik meureun panon teh.

Loba keneh nu rek ditulis, ngan kuring kudu gawe nyieun soal jeung kisi-kisi soal.

cag heula