Sunday, December 8, 2024

Dagang Sate

Sanggeus asak badami,  biur ka Jawa. Indit teh duaan jeung adi beuteung.  Kahiji manéhna bisa jadi batur ngobrol di jalan. Kadua bisa piligenti nyupiran, lamun tunduh ngarongrong.

Sanggeus nyetiran 9 jam, jol ka tempat nu dituju,  kasampak Mbah Gondrong dibaturan ku dua jelema. Luyu jeung perjangjian awal, bakal aya ritual. Kuring nuturkeun baé pamenta manéhna. Duit keur modal ritual geus tiheula dikirim ka Mbah Gondrong, jutaan deuleu! Panan ieu mah rek ngala duit ku duit. Meunangna bakal milyaran, bisa nutup sakabeh hutang, bakal loba leuwihna. 

Dina waktuna. Bring sarerea indit ka basisir.  Bus ka leuweung leutik, caraneom bangun tara kasaba ku jelema.
Deker Mbah Gondrong ngamimitian ritual.  Manuk gaak dipencit ku huntu. Terus buluna diberesihan
 Dikeureutan mangrupa sate. Ditojosan, badis jadi sate. Terus dido'aan. 

"Jung indit, jug-jug tangkal gede, handapeunna pek menta naon dipikahayang. Ngan saratna omongkeun kieu, 'ieu ngajual sate, pek beli ku duit," kitu papagah Mbah Gondrong ka kuring.

Adi beuteung uring katingali agag-agaggan rek ngajurung kuring indit téh.  Sieuneun meureun.
Lain sieun ku bungkerengna poek nu siga gegeblégan bakat ku teu katempo curuk-curuk acan. Atuda jam 1 peuting ieuh, najan langit lenglang jeung aya cahaya bulan ogé, ka handapeun tangkal jeung ka sajajalaneun ka tangkal eta mah, estuning poék,  kahalangan ku kakayon.
Kasieun manéhna bangunna téh kumaha lamun kuring dipergasa, mobil diparaok, dibawa ku maranéhna. Panan adi beuteung mah jelemana teh logis. Majar teh teu kaharti dagang sate ka jurig. Emangna jurig bogaeun duit. Kalahka jadi guguyon.
Ari keur kuring mah, yakin, yakin aya. Duit gaib tea pan ngaranna.

Kuring indit ka tempat anu dituduhkeun ku Mbah Gondrong. Leumpang teh antare, bari nelek-nelek pitincakeun. Tapi tetep teu katempo,  da puguh poek. Tungtungna ngandelkeun rarasaan kana tapak suku. Disasar-sasar bisi we aya lombang atawa jungkrang. 
Asa geus jauh leumpang teh. Haté téh asa méré pituduh sangkan diuk. Suku nurut.  Terus we diuk. Sidakep nyanghareupan 'sate gaak' anu rek didagangkeun ka nu cicing di laut. Hate ditetegkeun, sagala nu kadenge teu ditolih. Manteng nyambat jeung ngamat ka nu rek meuli sate. Sajam geus kaliwat  teu aya kelemengna. Ari nu ragag rigig, halughug jangkung mah, asa kokolebatan, sakapeung katempo,  sakapeung henteu, bulak balik di basisir. Ngan teu daek nyampeurkeun. Pok ngomong lalaunan, "leu kuring dagang sate, sok beuli."
Cindeluk sajam satengah, awak asa geus rapet kana taneuh. Nya tiris, nya cangkeul. Ah boa moal nyampeurkeun nu rek meuli sate teh. Kuring nguniang hudang. Terus bae balik deui nyampeurkeun Mbah Gondrong jeung babaturanna nu nyérangkeun ti kajauhan.
Ku kuring dibéjakeun yen nu rek meuli teh teu daek nyampeurkeun. Ceuk Mbah Gondrong téh,  "ieu karek jam 2, aya keneh waktu, sajam deui. Hayoh, ka ditu deui, tawarkeun deui. Mbah mah lain teu hayang mangjualkeuh, teu bisa puguh, panan teu boga pamajikan, jadi teu bisa dagang."
Saurang-saurang ku Mbah Gondrong ditataan sina dagang deui, neruskeun nu tadi. Lebar pajar teh. Saurang ge, jalma bawaan Mbah Gondrong taya nu wani narima panitah. Majar teh teu wani, sieun. 
Teu sangka adi beuteung maju, "Kadieukeun Kang satena. Ku saya we dioanjualkeun." Adi beuteung mani teges ngomongna. Manehna mah biasa nga-saya-keun ka dirina sorangan, pedah asalna ti Jakarta.
Kuring bungah, sugan we ku adi beuteung mah, anu bulak balik rek meuli sate teh nyampeurkeun. 

Katingali tonggong adi beuteung nu make baju warna bodas leungit dileg-leg poekna waktu nu rek maju ka janari leutik. Kuring jeung sarerea nu aya di dinya jempé,  nungguan kumaha hasilna. Pikiran ngacacang, boa adi beuteung bakal soak ningali nu meuli teh awakna sajangkung tangkal kalapa. Leungeunna sagede tangkal cau. Boa adi beuteung keur ngayekyek ngiihan manéh. Atuh lapur usaha meunang duit milyaran téh. 

Kira-kira tilu parapat jam, rongheap adi beuteung datang. Lengeunna ngaranggem kénéh sate. Euh teu laku dagang téh,  ceuk haté. 
"Ah euweuh nu datang, ka cangkeul-cangkeul nungguan. Ari sora angin jeung sora cai mah kadenge, pating saleor, ma'lum simpe, jadi sagala kadéngé. Ngan taya nu ngulampreng, atawa jungkereng nu rek meuli. Jadi balik we." Adi beuteung nerangkeun alesan balikna.

"Wanian Akang mah," ceuk babaturan Mbah Gondrong. 
"Hih matak wani datang ngaliwatan ratusan kilometer ka dieu ge, boga kawani," ceuk Mbah Gondrong.
Terus Mbah Gondrong ngomong deui, "Jang, lain milik, dagangan Ujang teu aya nu meuli. Wayahna balik we."

Kuring hanjelu. Asa geus kari sa-gep-gep-peun duit téh.  Nyamos. Terus we ngajak adi beuteung balik harita kénéh. 
Kuring mah teu nyaho lamun Mbah Gondrong saruka bungah sanggeus kuring balik, manehna babagi kauntungan ka tiluan. Tina duit ritual anu jutaan, teu kabeh beak pake meuli gagak. Lolobana mah sesana, diingkeun pikeun bagi-bagi kauntungan.  Da ti jaman ngongkoakna oge, teu aya jurig nu daek meuli sate. Eta mah murni we dongeng meunang ngaropea tiluan keur usaha ku jalan méré harepan ka jalma nu sasar pikir. 

No comments:

Post a Comment