Indit teh ngahaja rebun-rebunn kénéh. Méméh panon poé meletèk, rérés salat subuh, motor geus ngadius mapay jalan raya, ngidul ngajugjug ka lembur anu can perenah nincak. Nyaho ngaran wungkul téh lain bohong.
Ijiran kira-kira 6 jam pasti nepi kanu dituju. Jam 10 isuk-isuk kudu geus nepi ka tempat anu dimaksud. Boga jangji rék nepungan dulur anu pindah ka tempat nu jauh. Cidamar.
Ngaran tempat téh siga anu boga harti. Damar, lamun jaman ayeuna mah sarua jeung lampu. Lain lampu anu maké listrik, ieu mah lampu cempor. Pasti teu ngarti naon ari lampu cempor.
Lampu anu maké minyak tanah, centirna ngan hiji, tah éta lampu cempor. Biasana dijieunna tina urut kaléng Botan. Naha kaléng Botan? Jaman baheula lamun hayang nyirian saha jalma nu boga duit, tingalian we ka carangka runtahna. Lamun aya cangkang Botan, tah éta beunghar. Jaman harita mah, cangkang Botan téh penting pisan, matak sok ditaréangan panan bisa dipaké nyieun parudan, nyieun lèteran keur naker bèas, jeung nu utama mah keur nyieun cempor. Ngeusian minyak tanahna teu leuk-leuk pan rada gede kaleng botan mah, bisa asup minyak tanah kana saparat léterna.
Cangkang Botan téa, dikohokan luhurna, ditambahan wé sèng leutik anu digulungkeun keur wadah sumbu. Teu maké semprong, ngagedur kitu baé matak hideung liang irung.
Semprong gé pasti teu ngarti. Semprong mah siga kap, kap khusus keur nutupan centir lampu anu sumbuna hurung, ngarah seuneuna teu kakalicesan atawa pareum ku angin.
Lamun ningali kana kumaha bisana caang dina waktu peuting keur jaman baheula, kacida matak riweuhna keur jelema kiwari anu sagala instan mah. Loba unak anikna. Barudak jaman baheula henteu ngarasa riweuh ku urusan ngahurungkeun lampu da dimana-mana kitu ilaharna. Galib, kitu ceuk istilah nini mah.
Aéh karah ngomongkeun budak jaman baheula. Apanan keur ngabahas Cidamar.
Indit ka Cidamar téh meunang pangjurung ti indung. Pajar téh, "Enéng, cukcruk amang hidep anu ngan kari hiji-hijina. Baheula ema geus kedal ucap, rék méré bagian waris ti bapa hidep, ku duit. Ayeuna pan bapa geus tilar, tah ema mah embung ngeukeuweuk banda nu lain hak. Téangan amang hidep, Amsor katelahna mah. Cenah pindah ka Puncak Haur, Cidamar. Omat kudu kapanggih."
Paménta indung anu tacan jejeg 100 poé ditilar salaki, najan tacan ngalaman, kacipta kumaha sedihna. Komo bari aya kecap anu pakuat pakait jeung almarhum bapa, tangtuna gé pikeun indung kuring anu sakitu tumutna ka salaki, jadi bangbaluh.
Kuring, awéwé, meujeuhna buta tulang buta daging, belekesenteng ceuk pangjejeléh nini mah. Ngan henteu ari tunggul di rarud catang di rumpak mah. Kuring boga watek siga lalaki, éta mah ceuk batur, kuring sorangan mah, nya teu rumasa atuh. Meureun pédah bisa ngurus kenténg bocor, ngomèan keran mangpet, ngababad jukut nu jaradi di buruan imah, ngumbah motor.
Atuda pan euweuh sasaha di imah téh, kari nini nu geus jelas nini-nini tulén euweuh huntuan jeung moal maham kana ngoméan keran cai, nyahona téh pan pancuran. Atuh indung, maènya guguntayangan maké samping naék ka para imah. Nya kari kuring, anu biasa maké calana jin, kaos teuing nanahaon mérekna, kahayang mah mérékna H&R, anu kudu tanggung jawab ngurus imah. Balik deui kana H&R, éta téh mèrék luar negeri. Ngan ari keur sakuringeun mah hartina téh Hargaan & Rupaan.
Pan béda atuh kaos hargaan jeung rupaan mah, pada nyaho, dipakéna matak teu hareudang, jeung teu arateul, nu utamana teu kanyahoan meulina ti hareupeun pagadéan!
Waktu menta idin indit ngaberengbeng kana motor sorangan gé, boh nini boh indung sigana teu melang ieuh. Da geus biasa, kana motor lain sakali dua kali, geus ti SMP kénéh. Geus ledeg ka pasar, ka Cibeber, ka Bandung ogé maké motor.
Barang rék indit. Ditiup embun-embunan ku nini jeung indung dibarengan ku ngagorolang doa pangjajap. Semu dareuda ema ngabéjaan lamun indit ka Cidamar hartina nepungan bali geusan ngajadi, Nu jadi bapa pan pituin, asli urang Cidamar. CIcing di kota Cianjur sotéh pedah baé jadi guru SD. Geus ilahar pan di CIanjur mah, guru-guru SD mah pasti asalna ti Cidamar, CIdaun, Kadupandak. Ti lembur basisir Cianjur beulah kidul. Ceuk bapa mah, urang kota mah arembungeun jadi guru téh sabab gajihna teu kaharti, kaharti kénéh dagang. Ari bapa mah bisa sakola ka kota lantaran pesen ti aki. Lamun hayang jadi jelema, kudu jadi guru.
Kuring sok mesem lamun merhatikeun pesen kolot-kolot jaman baheula. Apan geus jelas bapa téh jelema, naha bet kudu jadi guru heula, kakarak jadi jelema. Meuren mun ceuk budak ayeuna mah you are somebody, not just some and body.
Omongan kolot baheula mah kudu dipikiran. Sok loba malapah gedang, maksudna kamana, dipéngkolkeun heula kamana. Atawa maksudna kamana, ditepikeun ku siloka. Kuring mah sok pok baé ménta harti saujratna. Kalakuan kitu téh ku ema mah sok kadang digenggeureuhkeun. Pernah sakali mangsa mah ku bapa rada disentak.
"Ari nyarita jeung kolot, sing hade basa jeung semuna. Ulah alesan taya waktu, ngomong tog mol. Anaking, urang mah lain jalma samanéa, urang mah turunan Cidamar."
Na haté mah mentegeg. Naon urusanna ngomong jeung turunan Cidamar.
"Sanés kirang sopan Pa, kaleresan baé abdina aya PR."
"PR mah teu penting, nu penting nyaho rundayan. Saha ari nini-aki, bibit-buit. Palias poho ka asal, palias poho ka bagal. Hana nguni hama mangke, tan hana .... lah naon saterusna, poho" Bapa mamatahan sakaligus ngahulag, bari anger, kaluar deui baé basa nu araranéhna, untung cenah poho.
Sirah pinuh ku obrolan jeung almarhum bapa. Rumasa loba némbal ka bapa téh. Bapa mah lamun nyarita ngeunaan tutungkusan kolot baheula, kuring sok asa diajak balik deui ka jaman Mataram. Jaman dimana sacideuh metu saucap nyata, sagala supata kajadian. Kuring rada ngarti saeutik kana sajarah mah, ngan sajarah anu di sakola. Lain sajarah ménak Cidamar anu teu aya dina buku sajarah Indonesia.
Asa nongtoreng kana ceuli omongan Bapa anu ngabuka rundayan Cidamar.
"Tengetkeun anaking, Cianjur pakidulan, kaasup daerah Jampang. Aya Jampang kulon anu di Sukabumi, Jampang Tengah, anu kaasup ka Bojong Lopang Sukabumi. Tah aya hiji deui, nyaeta Jampang Wetan anu ngawengku Pagelaran, Tanggeung, terus mipir basisir nepika Cidamar."
Bari nyekelan setang motor, kuring siga nuturkeun omongan Bapa. Mimiti ninggalkeun kota, asup ka Cibeber, Sukanagara, Pagelaran, Cibinong, terus ngidul bus ka Sindang Barang. Jalan leucir karak bérés dicor semen. Lain leucir kétang, taruktuk teu cara jalan aspal.Sisi jalanna tacan dirapikhkeun, pating logodor kénéh kawat urut ngecor nalongérak matak bucat pan mu ngait kadinya. Jalan karasa taruktuk teu cara jalan aspal. Motor ngageuleuyeung, kuring anteng nempo jalan, ngan ari pikiran mah anger baé keur ngobrol jeung Bapa.
"Cidamar mah aya cirina, nyaéta gunung Béngbréng. "
Ti tatadi ti sprak asup ka Tanggeung, geus katingali gunung nangtawing warnana koneng, ngadingding. DIna haté ngecewis," Merureun ieu Gunung Béngbréng anu dimaksud ku Bapa. Geus kaambeu bau laut, Sindang Barang."
Bapa kadéngé deui nyarita, "Cidamar kasohor tempat anu nyumput, hésé disaba, kudu naék géték atawa rakit lamun hayang kadinya. Ku kituna Cidamar jadi daérah panyumputan karaman atawa rampog. Keur ngamankeun tukang bobok tukang tarok, nya Sultan Agung Mataram ngutus Rasen Brajadiguna ti Sukapura keur ngamankeun Cidamar. Sanggeus CIdamar aman, Raden Bajadiguna jadi umbul di Cidamar anu wilayahna nyaeta Campaka,Sukanagara, Kadupandak, Pagelaran, Tanggeung, Cibinong, Lélés, Sindang Barang, Cidaun, Cikadu jeung Naringgul."
Karak nyambung omongan Bapa jeung tempat anu kaliwatan ku kuring ayeuna, Sindang Barang ceuk tulisan dina plang. Ngong deui Bapa jéntré pisan nyarita, "Ngan saprak dijajah ku Walanda, Cidamar dijeun daérah perkebunan Karet nyaéta kaasup ka Ondernenimg Cibancét, CIgebang, Pasir Tujuh. Lamun kebon téh mah di Kolébérés, pepelakan kina mah di Cimaskara. Keur kaperluan onjoyna hasil perkebunan, ku Walanda dilegaan nepika Sukaati, Sanumra, Rancabali, tembus ka Bandung. Tah urang mah mah kaasup ka seuwu siwi Cidamar anu bibit buitna ti Sukapura, lain lalawora."
Kuring anteng baé neruskeun perjalanan. Dina angkeuhan, istirahat mah engké we lamun geus karasa lapar. Motor ngeureuyeuh maju. Najan geus ampir jam 9, hawa téh karasa tiis kénéh. Meureun ku lantaran rada miripis hujan.
Katingali jalan téh rada méngkol saeutik. Semén cor jalan bangun rada dipulas deui ku aci semén. Dina haté nyarita, "Jalan semén diacian, torombol, sigana keur nutup anu barolong. Lamun hujan mah, matak nyolédat motor."
Tacan gé garing biwir, ujug-ujug koléwang motor ngagalieung ka kénca, ban hareupna ngagejlig kana sisi jalan anu sigana aya kana 75 sentina tina coran tempat nincak motor. Kuring kabawa motor, teu inget nanaon. Inget-inget sotéh geu diuk di tengah jalan bari panon merong kana suku kénca. Kamana sapatu? Kaos kaki rajét. Katempo getih ngucur ulawéran tina jempol suku anu dagingna jeung kukuna sompal saeutik. Rét deui kana tuur katuhu, calana soéh, kulit tuur béak ngagasruk kana coran. Ramo suku kénca, tilu nu tatu. Suku katuhu bared, kulit tuurna nyingklak.
"Néng, aduh, karunya teuing, hayu kadieu, urang urus heula tatuna, " kadénge sora awéwé nawaran pitulung.
Katingali ogé sarérét aya lalaki nu nyampeurkeun, ngésérkeun motor supaya nangtung di sisi jalan. Kuring merhatikeun kadua jelema éta. Bisi wé siga dina berita di WA, Fesbuk api-api nulungan padahal niatna jahat.
Kuring dibéyéng dibawa ka imahna nu perenahna sisi jalan peuntaseun tempat kuring cilaka. SI ibu cuh cih nyiapkeun cai haneut keur ngumbah tatu. Si Bapana ngagidig ka tukangeun imah. Kuring rada curiga ka si Bapa, ti tatadi ngan jempé baé. Teu jelas rupa beungeutna, asana téh tungkul baé. Nu atra ukur buukna baé katingali galing, jeung dikongkoyang samping sarung anu disalepangkeun kana tak-takna.
Sanggeus diberesihan, si Bapa nutup sakabeh tatu ku dangdaunan anu geus dibebek. Tina bauna mah, sigana manéhna maké daun babadotan jeung Kirinyuh. Sanggeus sakabéh nu tatu ditutupan ku bebek dangdaunan. Si Bapa ménta idin, cenah tuur kuring rada nyéngsol saeutik. Lengunna nyekel mamangkokan tuur. Krek kadéngé siga aya tulang nu disada. Teu karasa nyeri. Nu tatu oge teu karasa nyanyautan peurih. Na haté nyangka meureun maké obat tradisional mah kitu karasana.
Aya kana sajamna kuring nyanghunjar ngadagoan panutup tatu rada garing. Si bapa bangun surti lamun kuring hayang geura indit. Manéhna ngagidig deui katukang, balik deui mawa kulit kai anu geus di papag jadi ipis.
"Kulit kai naon éta Pa?" kuring panasaran.
"Ki Dapap," Si ibuna anu nembalan. Si Bapana mah ret- ret ngabungkus tuur, ramo-ramo ku Ki Dadap, jadi siga diperban lamun jaman ayeuna mah.
Geus bérés, si ibu ngajurung nitah indit.
"Mangga teraskeun deui baé perjalanna Néng, insyallah aman."
Kuring bingung kumaha nganuhunkeun kana kahadean si ibu oge si bapa anu sakitu siga bébéakan nulungan. Ras kana dompét, pan mawa duit. Kuring ngasongkeun duit 100 rébu.
"Aduh meni ageung-ageung teuing Néng, tong 100 rébu atuh."
"Teu aya récéh Bu, mangga wé masihan sadayana."
"iih ulah, ké urang lironan atuh nya sugan aya 50an," walonna bari asup ka jero imah.
Aya kana 5 menitna karak manéhna balik deui bari ménta hampura duit récéhna teu aya.
"Néng, engké uihna sampeur baé nya, ku ibu artosna dilironan ka warung." si ibu mutuskeun.
"Muhun, saé Bu, engké pas abdi wangsul, abdi mampir deui ka ibu, padahal mah abdi iklas Bu, mangga we artosna sadayana kangé ibu kalih bapa."
"Ah ulah Néng, kangé bengsin pan."
Ahirna kuring ngéléhan kana kahayang nu nulungan. Naon héséna engké ari balik, méngkol heula ka imahna. Sabaraha manéhna mulangkeun récéhna, sabodo teuing, dan geus gilig méré.
Perjalanan ka Ciamar estuning nuturkeun kumaha ceuk google map. Teu loba tatanya kanu papaliwat, réncéd, kudu eureun heula, kudu basa basi heula. Katambah kapikiran bisi turun hujan gedé, atuh bahaya, tatu bakal kahujanan, mangkaning dangdaunan mah pan teu cepet garing.
Nu jauh dijug-jug téh ahirna mah nepi ogé. Srog ka imahna amang Amsor dumasar kana pituduh jelema anu tijauhna kénéh geus nuduhkeun. Sihoreng ngaran Amsor téh sohor. Ampir saban jelema nyaho, Baping Amsor tukang tutulung, tukang méré pituduh, panglupatan jelema susah jeung bingung. Tukang puasa jeung tukang nyepi, ngurus agama, nepika teu wani boga pamajikan. Pajar téh sieun teu bisa mawana. Kitu béja nu katarima ku kuring mah.
Kuring ditarima kalayan daria. Ma'lum kakarak pangih harita. Kuring merhatikeun ti luhur sausap rambut ka handap sausap dampal. Jelamana bangunna keur ngorana kasép, ngan dedegan Amang téh asa mirip jeung lalaki anu tadi ngubaran kuring, buukna sarua galing. Tapi panyangka éta teu lila nyangkaruk dina pikiran. Manehna ngajak gobrol ngalér ngidul ngeunaan jujutan rundayan kulawarha Cidamar. Kuring ngaregepkeun baIndit teh ngahaja rebun-rebunn kénéh. Méméh panon poé meletèk, rérés salat subuh, motor geus ngadius mapay jalan raya, ngidul ngajugjug ka lembur anu can perenah nincak. Nyaho ngaran wungkul téh lain bohong.

Kuring ditarima kalayan daria. Ma'lum kakarak pangih harita. Kuring merhatikeun ti luhur sausap rambut ka handap sausap dampal. Jelamana bangunna keur ngorana kasép, ngan dedegan Amang téh asa mirip jeung lalaki anu tadi ngubaran kuring, buukna sarua galing. Tapi panyangka éta teu lila nyangkaruk dina pikiran. Manehna Ngobrol ngalér ngidul anu brasna kana nepikeun jeung méréskeun amanat ti Bapa anu tos taya dikieuna. Paromanna ngadadak robah waktu kuring ngasongkeun amplop titipan ti ema., da geuning caritana sarua jeung anu dinge=Indit teh ngahaja rebun-rebunn kénéh. Méméh panon poé meletèk, rérés salat subuh, motor geus ngadius mapay jalan raya, ngidul ngajugjug ka lembur anu can perenah nincak. Nyaho ngaran wungkul téh lain bohong.

Kuring ditarima kalayan daria. Ma'lum kakarak pangih harita. Kuring merhatikeun ti luhur sausap rambut ka handap sausap dampal. Jelamana bangunna keur ngorana kasép, ngan dedegan Amang téh asa mirip jeung lalaki anu tadi ngubaran kuring, buukna sarua galing. Tapi panyangka éta teu lila nyangkaruk dina pikiran. Manehna ngajak ngobrol ngalér ngidul nyaritakeun rundayan Cidamar. Kuring ngaregepkeun bari suku mah nyanghunjar da puguh tuurna donglak.
MIndit teh ngahaja rebun-rebunn kénéh. Méméh panon poé meletèk, rérés salat subuh, motor geus ngadius mapay jalan raya, ngidul ngajugjug ka lembur anu can perenah nincak. Nyaho ngaran wungkul téh lain bohong.

Kuring ditarima kalayan daria. Ma'lum kakarak pangih harita. Kuring merhatikeun ti luhur sausap rambut ka handap sausap dampal. Jelamana bangunna keur ngorana kasép, ngan dedegan Amang téh asa mirip jeung lalaki anu tadi ngubaran kuring, buukna sarua galing. Tapi panyangka éta teu lila nyangkaruk dina pikiran. Manehna Ngobrol ngalér ngidul anu brasna kana nepikeun jeung méréskeun amanat ti Bapa anu tos taya dikieuna. Paromanna ngadadak robah waktu kuring ngasongkeun amplop titipan ti ema.mIndit teh ngahaja rebun-rebunn kénéh. Méméh panon poé meletèk, rérés salat subuh, motor geus ngadius mapay jalan raya, ngidul ngajugjug ka lembur anu can perenah nincak. Nyaho ngaran wungkul téh lain bohong.

Kuring ditarima kalayan daria. Ma'lum kakarak pangih harita. Kuring merhatikeun ti luhur sausap rambut ka handap sausap dampal. Jelamana bangunna keur ngorana kasép, ngan dedegan Amang téh asa mirip jeung lalaki anu tadi ngubaran kuring, buukna sarua galing. Tapi panyangka éta teu lila nyangkaruk dina pikiran.
Amang galecok ngobrol ngeunaan rundayan, turunan Cidamar. Kuring ngaregepkeun bari suku mah nyanghunjar, apanan tuurna donglak. Bérés Amang ngaguar carita anu kurang leuwih sarua jeung caritaan Bapa. Kuring ngasongkeun amplop titipan ti ema, anamah ti almarhum.
Katingali pasemonna robah waktu kuring ngasongkeun amplop. Kahartina ku kuring mah, pastina gé sedih narima rezeki saeutik ti almarhum Bapa. Teu ditanya, bisi matak nyuat-nyuat nambah kasedihna.
Méméh asar, kuring ménta do'ana réki balik deui ka Cianjur, kahayang mah nepi méméh isya. Bari nangtung, Amang ngasongkeun amplop ka kuring, halon pisan nyarita, "Bral miang anaking, ieu amplop bawa balik deui ku hidep. Duitna katarima ku amang, ngan amang méré ka hidep. Gunakeun ieu duit sakumaha mistina. Amang iklas, sakumaha iklasna baheula mikeun indung hidep ka bapa hidep."
Kuring ukur calangap. Naha Bapa ngarebut kabogoh adina? Naha ema teu pernah nyaritakeun pasualan éta. Paingan ema jeung bapa tara menggihan amang, paingan amang teu boga pamajikan.
Reuwas, bari campur bingung. Reuwas ku sajarah turunan Cidamar anu geunig aya nu dibunian, jeung geus kabayang ema bakal nganggap kuring teu bisa diplomasi nepika duit balik deui. Ema bakal nyarékan bébéakan naha maké narima duit amanah. Kuring teu bisa nolak, haté téh siga nu nyarita kudu narima éta duit ngarah amang teu ngarasa kuciwa.
Tungtuna kuring ngasupkeun deui amplop kana rangsel. Tuluy baé uluk salam, ngahurungkeun motor. Alhamdulilan amanat ti indung geus réngsé najan balikna jadi matak lieur ka kuring sorangan.
Biur baé muru balik, bari teu poho rék nyimpang heula kanu nulungan.
Mawa motor téh leuwih anteb dan geus apal jalan. Pating beledugna sora ombak Sindang Barang siga nu nganteur kuring mulang. Kuring rurat rérét bari motor rada dilaunan néangan imah anu tadi isuk nulungan kuring. Sakilo-dua kilo, Sindang Barang ampir béak, naha imah téh si ibu jeung si bapa téh euwuh.
Piraku kaliwat mah, apan kuring inget lebah-lebahna. Panasaran, lebah tikungan, kuring eureun, terus alak-ilik.
Gebeg. Katingali aya sababaraha dahan Ki Dadap nu geus garing, jeung jujukutan nu ogé sarua geus garing.
"Milarian naon Néng?" ceuk sora anu jolna ti tukangeun kuring nanya.
"Ieu Pa, tadi abdi ditulungan ku si ibu oge carogéna, bumina di dieu pisan."
"Ah teu aya nu linggih di dieu mah Néng, sugan éta mah kanyaah ti Éyang Ibrahim, anjeunna jalmi luhung élmu, ma'lum turunan Cidamar, saguru pan sareng rayina, Baping Amsor. Makamna di palih ditu Néng, di kuburan karamat, caket ti dieu mah."
Kuring ngarumpuyuk.