Gusti ari ras kumaha manéhna ngahina, nyacampah, jeung nyeungseurikeun kuring, bulu-bulu dina sakujur awak, kabéh asa narangtung, siga tina saban pori-porina hayang ngabijilkeun bulu nu heuras nu bisa nojos kasadaran manéhna, nu bisa muka panon manéhna lamun awakna sarua baé jeung manusa lianna, ukur tulang dibungkus ku daging ditutup ku kulit, bédana pédah kulit manéhna mah dibungkus baju anu aya mérk, lain baju anu hargana 100 rebu meunang tilu, ditambahan bonus hiji anu saban poe dipaké ku kuring.
Kacipta kénéh basa manéhna ngajak diuk sabangku dina beus. Pokna, urang bareng wé, pan urang mah salian ti sakelas téh, salembur deuih, tong misah, ngarah sayah engké aya batur pakumaha di tempat wisata, atawa lamun manéh aya pangabutuh, ku sayah bisa dipangmayarkeun, pan biasana gé kitu lin? Bapa manéh pagawé papih, manéh tangtu apal kumaha kuduna lamun bareng jeung anak dunungan. Di sakola hungkul urang bisa sakelas, di lembur mah, anger, manéh teu bisa ngaku satata jeung sayah. Manéhna nyorocos bari am ngadahar Taro anu dikeduk, dirawu, trrus dijejelkeun kana bahamna bangun taya kaseubeuh. Teu nawaran ieuh bangun teu meunang kuring barang dahar tina kantong nu sarua.
No comments:
Post a Comment