Bagian 1
Kakeuheul téh asa taya béakna, kitu ceuk pangrasana. Can gé anggeus narima Fajar anak Kang Asép nu boga warung nagih urut hutang bulan kamari nyokot endog. Geus jol deui Mang Ujang. Majar téh rék ménta pamayar buruh ngaberesihan buruan tukang. Beuki ambek lantaran manéhna karak nyaho salakina muruhkeun nitah meresihan jukut, padahal manéhna gé taya gadag, teu loba gawé. Pira gé ngorédan taneuh saésé kalahka muruhkeun. Mumul, kedul téh kabina-bina, taya kaéra ku pamajikan nu cuh cih sagala diurus.
Geus rada leler, gék manéhna diuk. Gap kana hapé. Diulak-diilik.
Klik muka pésbuk.
Burudul rupa-rupa béja. Euleuh ieu babaturan keur ulin ka Lampung . Ngajeblag dipoto hareupeun parahu sisi basisir. Hayang teuing bisa ulin ka Lampung, terus dipoto deukeut parahu, maké baju pantéy, manéhna ngagerentes. Tapi, pamohalan bisa ulin ka pantéy, mayar hutang endog waé disusul. Hirup téh ngan susah jeung susah. Salah salaki, naha maké kedul gawé.
Manéhna ngahuleng dituturkeun ku ngajentul. Gegetun, keuheul ku hirup. Salaki robah adat ti saprak kios pasarna kahuruan. Pindah ka pasar anyar, batan menyat, modal ogé karurud milu béak.
"Ah rék ngaplod status," manéhna ngomong sorangan.
No comments:
Post a Comment