Thursday, August 23, 2018

Langlayeuseun

Barang asup ka imah, kasampak Excel keur ngagojod wé disimbut. Cenah mah muriang. Ditanya geus dahar acan, jawabna acan. 

Awak anu rampohpoy, puguh gé keur gering, ti kamari utah2an, ditumbu ku mencret-mencret, ningali budak kitu haté mani gudawang. Atuh naha bet teu meuli dahareun pas di sakola, panan dibéré duit, cukup ari keur dahar mah. Tapi pan ngaranna ge budak, moal mentingkeun beuteung cara kolot. Tungtungna kaliwat, salatri boa, teu dahar ti isuk nepika soré.

Rupa-rupa wé urusan rumah tangga téh. Boga budak dua, teu kaurus.  Nu gedé mamaké notor ka Bogor saminggu dua kali, matak melang. Melang ditilang, oge melang ku picilakakeun. Pan loba kabéjakeun kiwari mah loba anu dirampas motorna, jelemana dirogahala. Haté téh lelenyapan wé saban budak indir jam 3 atawa jam 4 subuh. Nyakitu deui pas balikna jam 12 atawa jam 1. Matak teu bisa saré ari keur indungna mah.

Ayeuna nu leutik, der gering. Lain teu meunang gering, da gering mah bisa waé bagian.  Ngan nu ngalantarankeun geringna pedah teu dahar, eta nu matak nyebitan haté.  Di imah memang teu loba dahareun ngalayah, tapi aya ari sakadsr keur ganjel beuteung mah. Mun teu éra ku umur hayang ceurik, bebeja ka méga naha bet kieu rumah tangga téh,  nogéncang. Salah peran. Awéwé nu hapot2an maraban kulawarga. Keun teu masalah ari lebah gawéna mah. Jadi masalah lamun budak teu mantuan dipanguruskeun, imah teu dibantuan pangmeresihankeun.

Lamun geus kieu sok ras bae kana umur. Urang Indonesia mah umurna pan teu panjang, ukur 60 atawa 65. Kuring ge kari nunggu sapupuh taun ka 60. Nya kagok sabar, sabaran baé.  Bédana jeung batur meureun, batur mah ngalaman senang heula dina rumah tangga méméh maot, ari kuring mah sangsara saumur-umur. Keun baé, meureun kitu milikna.

Balik ka budak. Gura-giru kuring nyangu, néangan deungeun sangu anu bisa asup kana beuteung budak SMP. Terus dibéré obat, disina saré wé geus kitu mah. Susuganan ari geus dahar bari geus dibéré obat mah kasakitna ngurangan. Kuring sorangan ngajentul, anger wé mikiran hirup.

Taya bèrésna lamun ukur dipikiran mah, tungtungna ngayap, mérésan baju meunang nyeuseuh.  Ditilepan. Can gé angeus satengahna, sirah nyanyautan nyeri kacida. Panon asa panas. Ti kamari panon téh bélékan, nyeri, jeung bareuh. Teuing kakebulan lamun keur kana motor, teuing mémang panyakitna keur jadi. Ngagolér wé tungtungna mah. Ngararasakeun awak salalian ngararasakeun nasib. 

No comments:

Post a Comment