Kasampak Siska keur méré matéri
saréséhan pikeun para budayawan saIndonesia. Katingal leungeunna pakupis
metakeun kumaha carana ambung tangan anu mindeng pisan salah dina milampahna
utamana ku barudak sakola.
Manéhna kadéngé keur nerangkeun
rusiah naha basa Sunda Cianjur meunang kalungguhan jadi basa Sunda panglemeskan
di satatar Pasundan. Rusiahna aya tilu, urang Sunda Cianjur mah boga: rengkuh,
lentong, jeung pasemon. Rusiah pentingna, lentong. Nurutkeun hasil
panalungtikanna, engang nu kadua ti tukang kecap nu pangahirna
dipanjangkeun. Peserta pating arunggeuk, katingal reueus geus bisa
nyakséni budak ngora nu nerangkeun hal-hal pelik ngeunaan kumaha ngaronjatkeun
ajén budaya utamana budaya Sunda kalayan logis jeung ngindung ka jaman.
Siska sorangan saréngséna méré
matéri, siga anu rusuh pisan, langsung naék grab mangprung nuju ka hiji imah.
Lain imahna. Siska mah urang Bandung ogé cicingna di Bandung. Ieu mah
Pekanbaru, Jalan Sultan Syarif Kasim. Manéhna muru ka saha?
○○○○○○○
"Punten janten ngarepotkeun," Siska ngamimitian
nyarita. Awéwé nu diajak nyarita najan geus kolot awakna lingsig beresih,
lain jelema ripuh sigana.
"Oh, henteu anaking. Sukur bae bisa mampir ka dieu,
bisa nyakséni Mamih nikah ka sobat almarhum Papa Siska kapungkur,"
tembalna bari nyekel taktak Siska.
Tacan gé Siska éngab, pok deui manéhna nyarita,
"Istirahat heula baé, bada magrib urang ngariung. Pa Halim, sobat Papa
-calonna Mamih téa, hoyong nepangan Siska. Aneu, rayi Siska panan tos pesen
hoyong ngobrol cenah."
Siska imut, teu nyarita nanaon, terus baé muru kamar nu
ditunjukkeun Mamih pikeun isitirahat.
Bérés ucul-ucul, Siska ngadon ngahuleng. Papa, anu Siska teu
apal rupana, cenah kacilakaan di pabrik kalapa sawit. Siska digedèkeun di
Bandung ku Mamah. Estuning tacan pernah nincak Pekanbaru, tempat di mana Papana
muka usaha jeung Pa Halim.
○○○○○○
Ngariung jeung kulawarga Mamih keur Siska mah méré
kasempetan pikeun meunang gambaran sakaligus nalungtik kumaha Papa baheula.
Mamih téh pan istrina Papa sanggeus ningalkeun Mamahna waktu Siska karak
tilu bulan dina kandungan. Papa muka usaha kalapa sawit jeung Pa Halim nu
harita mah bujangan kénéh, berekah usahana langsung hasil gedé. Istilahna tina
sahéktar, ngarekah jadi dua héktar, terus ngalipet jadi opat, jadi dalapan.
Matak poho ka balik, poho ka pamajikan.
"Mangga dicobian Sis, didieu mah teu kaci pami teu aya
lauk. Tah ieu mah Lauk Bilis atanapi Pantau, nu éta Baung, Selai, Patin
sadayana ti sungai Kampar, Ubi Tumbuk sareng sambel cabé," Mamih tutunjuk kana
dahareun anu ngajagrag dina méja makan matak barieukeun.
"Sabaraha lami Téh Siska di Riau?" Aneu nanya bari
siga nu teu maliré kana dahareun anu ditunjukkan ku indungna.
Disela-sela huap, Siska waléh yén ngan bisa nepika malem
Kemis di Pekanbaruna. Poé isuk, Rebo, teu aya jadwal, ngahaja nyadiakeun waktu
pikeun kulawarga Mamih, hususna mah keur Aneu anu majar hayang ngobrol salaku
adi ka lanceuk. Siska balik deui ka Bandung jam 9 peuting. Poé Kemis kudu geus
aya deui di kantorna.
Saméméh ngahuap deui, panonna ngabagi rérét kanu ngariung
méja makan, pok nanya, "Dupi Mamih gaduh foto Papa, atanapi naon baé
titinggal anjeunna, rumaos Siska poékeun pisan. Mamah sapartos nu alim
nyarioskeun Papa."
"Siska, geulis, sadayana tos sapuk, moal nyabit-nyabit
deui Papa hidep. Hawatos ka Aneu," Mamih langsung ngajawab bari neuteup ka
Aneu anu bangun teu genah cicing. Teu kanyahoan ku nu aya didinya tina sisi-sisi
panon Aneu aya nu rembes.
Dahar jadi ilang ni'matna pas Aneu ngoléséd ningalkeun méja
kalawan teu nyarita. Bari tungkul, katingal hariguna naék turun, leumpang bari
teu ningali tincakeun, asup ka kamar anu dituduhkeun pikeun istirahat Siska.
○○○○○○
“Tétéh, tulungan Aneu,” pokna bari nutupan beungeutna ku dua
dampal leungeunna basa katangén Siska asup ka kamar.
Siska ngahuleng, naha bet ménta tulung. Manéhna neuteup adi
sabapana.
Siska bingung kacida kudu kumaha ngamimitian nyarita ka
Aneu. Manéhna datang ka Pekanbaru hayang nyukcruk nu jadi bapa, dan puguh
informasi ti indungna pribadi mah teu aya pisan. Siga ngahaja dibawa dikubur.
Peun taya hubungan deui jeung nu hirup.
Karak gé Siska rék nyarita, kelepek Aneu pingsan. Siska hariweusweus
bébéja ka Mamih ogé Pa Halim anu katingali masih kénéh pating haruleng dina
méja makan.
Sanggeus dibére kayu putih bari dipencétan, nyah Aneu
beunta. Karérét saréréa aya ngariung manéhna. Deukeut sirahna, Mamih bareueus
keur melong. Gigireunna, Pa Halim anu panonna keur mencrong manéhna. Di
gigireun Pa Halim, Siska katingal bangun keur bingung.
“Kunaon atuh geulis?” Mamih ngamimitian nyarita. “Pami
datangna Téh Siska kadieu matak nyuat-nyuat kanyeri kapeurih Aneu, Téh Siska
tiasa dipiwarang uih.”
“Aneu nu lepat Mamih, sanés Téh Siska anu teu terang nanaon.
Ogé lepat Mamih anu gurung gusuh netepkeun putusan.” Omongan Aneu matak reuwas
saréréa.
“Aneu, sing sadar anaking. Apanan natrat dina buku diari
disebatkeun Bapa sorangan anu maéhan Aneu. Dosa Bapa Aneu dibayar kontan,
satutas ningal tulisan éta Bapa ngjéngkat inidit ka pabrik, terus mobilna
tibalik. Cilaka ku polah sorangan, dasar Bapa gejul!” Mamih ngajentrékeun bari
kekerot nahan kakeuheul.
“Mamih, Bapa sorangan anu dina diari téh sanes Papa
almarhum, tapi Pa Halim, anu ku Aneu dianggap bapa sorangan. Mamih emut waktos
Aneu sok ameng ka kantor Papa anu oge janten kantor Pa Halim. Duka kumaha
dinten éta mah Pa Halim anu biasa mikanyaah Aneu bet tega ngaruksak kahormatan
Aneu. Pajar téh kango nyampurnakeun bisnis, ka Papa tos asa ka Bapa, kango
ngahijikeunna saur Pa Halim hoyong janten mantu Papa,” Aneu mungkas caritaanna
bari bluk nangkuban.
Mamih, Pa Halim, ogé Siska kabéh ngabetem.
Bapana Aneu anu taya lina ti Bapana Siska salila ieu dipupus
tina catetan kahirupan Mamah jeung Mamih lantaran geus dianggap ngaruksak anak
sorangan, nepika maotna gé teu sirikna dipupuas. Kiwari kapanggih saha nu
sabenerna nu ngagunasika Aneu, anu katingali pangkapeupeuhna mah Mamih.
Simpena kamar, raména pikiran masing-masing jalma anu aya di
éta rohangan ngadadak eureun. Mamih ngadeg bari leuleuy pisan nyoara, “Kang
Halim, mangga mulih, teu kenging ngulampreng deui ka dieu. Narah kulawarga abdi
nampi Akang boh hirupna boh paéhna.”
No comments:
Post a Comment