Saturday, August 25, 2018

Teu kateguh (bagéan kahiji)

Dua poé kabagéan tugas pikeun méré matéri kurikulum ka guru2 SMAK sa-Indonesia. Pas ningali surat nu nyebutkeun SMAK, sakola Kristen. Pikiran téh langsung baé ngabelesat ka BPK Bandung, tempat Bu Liani ngajar.  Sakola swasta anu maké kurikulum Cambridge.

Dina pikiran téh kabayang lamun guru2na caranggih, nyieun rarancang ngajar maké model Longman. Teu béda jauh jeung waktu kuring diperedih méré pangjajap nyieun penelitian ilmiah, pan méntana ngomongna kudu ku basa Ingris.

Ayeuna méré matéri kurikulum ka guru2 basa Inggris SMAK saIndonesia, beu, boa moal kataékan, pan maranéhna maké kurikulum Cambridge.

Bari rada teu pati wani, tungtungna nanya ka pihak panitia: Naha bet mimiti pelatihan pas dina poé Lebaran Rayagung, naha engké pesertana méré deui pelatihan ka guru2 di provinsina séwang2an, siga lamun pelatihan di DirPSMA, aya tahapan. Nu Nara sumber ngalatih instruktur provinsi,  nu provinsi ngalatih instruktur kabupatén,  nu kabupatén ngalatih guru sasaran, terus naha materina bisa diganti disaruakeun jeung anu biasa dibikeun ti DirPSMA.

Katilu pananya éta dijawab kalayan tandes ku Bu Marini, panitia. Lebaran Haji teu jadi halangan,  manéhna ngokolakeun Kemenag Kristen. Terus guru2 ngan ngalatih babaturanna di sakolana wungkul. Nu pangahirna matéri bisa diganti, disaruakeun

Kuring jadi tambah bingung,  jadi SMAK téh atuh sakola nanahaon.

Kacaritakeun waktu pikeun méré matéri cunduk. Kuring  indit jeung si cikal naék travel Deny, masing2. Kuring  mah ka Gambir, Jakarta pusat. Ari si cikal mah ka Pancoran, Jakarta Selatan. Kuring ninggalan duit saratus rebu keur si bungsu. Nu cikal 200 rebu bari dikurangan ongkos travel. Kuring sorangan mawa duit 200 rebu keur jaga2 bisi aya perlu nanaon salila di lembur batur. Dina sawangan pan balikna mah mawa duit ti panitia.

Travel téh néangna tabuh dus subuh. Hartina sapeupeuting teu saré,  kahiji sieun kabeurangan,  kadua  nginum kopi campur madu paméré salaki,  pajar keur miceun rieut sirah. Rieut anger aya, ditambah ku teu bisa saré. 

Nepi ka hotel Marylnn téh tabuh genep. Panitia tacan  hudang, ari konci kamar di panitia. Tungtungna nya kudu sabar baé nunggu panitiana hudang.  Ari ningali di ruang Tulip mah, katempo sababaraha guru keur dariuk, sigana rek ngalaksanakeun ibadah pagi.

Tabuh tujuhan karaka Bu Marini, panitia, nyampeurkeun bari ménta hampura cenah saréna rada kabablasan. Kuring dibéré konci. Kulantaran lapar, sakalian diajak ongkoh,  tuntungna kuring ka ruang makan heula. Ari pék, aya Pa Doni. Pa Doni teh penyaji PPK. Manéhna moal apaleun ka kuring najan mindeng panggih gé.  Kuring mah peserta, Pa Doni mah satgas PPK.

Ngobrol kaditu kadieu bari dahar. Tuntungna sanggeus asa wareg, kuring amit mundur rék ka kamat heula. Pa Doni mah jeung Bu Marini langsung ka ruang Tulip, acara poé kadua dimimitian ti materina Pa Doni. Sanggeus éta karak bagéan kuring. 

Sabari nungguan jam 10, waktu téh digunakeun pikeun nyieun PPT Literasi. Asa kagok maké  anu Pa Wien satgas Literasi Nasional mah. Teu pati apal kabéh data2 angka PISA, jeung bagian literasi dina ngajar mah masih kurang, jadi nya asa leuwih hadé lamun nyieun heula. Waktu geun nunjukkeun tabuh 10, aya waktu 30 menit ka bagéan kuring jadi penyaji. Kuring kaluar kamar 2208, muru ka ruang Tulip di lantéy lima. Lantéy dua kuduna mah. Hotél téh anéh teu aya lantéy hiji, dua, tilu, opat  dua belas, tilu belas, opat belas, langsung ti Lobi ka lantéy 5. Meureun angka2 anu disebutkeun tadi dianggap angka sial matak teu dipaké di ieu hotél.

No comments:

Post a Comment