Sunday, August 26, 2018

Te Kateguh (bagian kadua)

Méré matéri téh saenyana mah teu sorangan. Aya saurang deui, Bu D, jadi kuring, kadua manéhna téh disebut Tim Dikdasmen.

Tabuh 10.30 bagian Tim kuring. Ti awal geus jangjian yén anu mimiti méré matéri Bu D heula. Itungan gawé dua poé di Kemenag téh diitungna 8 jam séwang. Ngan gawéna gantian, kuring heula maju 2 jam, Bu D maju 2 jam, kitu wé. Sapoé kaitung 8 jam téh, kuring maju 2 kali, Bu D ogé maju 2 kali. Kitu rarancang awalna mah. Jadi instrukturna piligenti ngarah boga waktu keur istirahat. Lamun sapoé séwang mah, beurat teuing. Najan enya genah, bisa sapoé, terus isukna balik, ngan orokaya pagawéan kitu téh matak ripuh kacida. Enya pan ti peutingna teu saré, atuh beurangna ngalentuk gawé nepika jam 10an peuting, terus balik sapeupeuting, waduh matak ripuh. Dua peuting teu saré, dua poé teu istirahat. Moal kaawakan ku kuring nu geus kolot mah.

Materi kahiji ngeunaan gambaran umum kurikulum 2013. Bari nerangkeun K-13 bari sakalian ngawanohkeun kira-kira materi 16 jam teh ngawengku anu dijelaskeun dina materi kahiji. Kuring diuk di hareup merhatikeun Bu D mare materi. Kuring karak ngarti. Sihoreng di Indonesia, ayeuna aya 30 sakola Kristen. Lolobana ayana di wilayah wetan saperti Malang, Lombok, Ternaté, Papua. Jadi pesertana téh, kulitna ngawakilan jalma urang wetan. Tina 30 SMAK eta, aya 3 sakola anu negeri. SMAK teh sarua jeung MA lamun muridna Islam mah.

Peserta rek timana-mana oge ari keur kuring  mah teu jadi masalah da geus biasa. Ngan anu rada muter keneh dina pikiran mah, ari sakolana siga kumaha, geus sabaraha lila ari K-13 dipake disakolana, geus sabaraha kali guru-guru anu jadi peserta ieu miluan pelatihan. Informasi ieu penting. Bisi we, kuring nganggap manehna geus mindeng milu pelatihan nu sarua, tungtungna boseneun da geus lain materi anyar. Atawa sabalikna, maranehna tacan pernah pisan meunang materi pelatihan K-13, tungtungna teu nyambung, jauh teuing. Ngan ari maca tina informasi anu beunangna ti Google mah, Kemenag ngaluarkeun peraturan K-13 di lingkungan Kemenag ti taun 2016, jadi paling luhur karak kelas 11. Hartina, tos aya sababaraha guru anu pernah milu pelatihan.

Peserta teu bisa ditebak naha maranehna resep, teu resep, antusias, teu antusias, kana materi kahiji. Anu matak hese nebakna diantarana sabab pikeun kuring mah anu teu wanoh kana rindat jeung basa gerak urang wetan jadi teu bisa ngira-ngira eusi pikiran jeung ngolongan eusi hatena. Materi kahiji beres kalayan lancar. Aya nu nanya. Lain nanya, curhat mun ceuk istilah budak ayeuna mah. Manehna ngarasa yen pamarentah teh méré tanggung jawab anu beurat teuing keur guru-guru Papua mah. Kurikulum ngukurna ka Jakarta, teu ngukur kumaha lamun nu diajarna urang Papua, anu istilahna mah boro-boro basa Inggris, maca we tagegog keneh, malah lolobana mah sebutkeun teu lancar maca. Kana basa Inggris lain teu resep, tapi kecap-kecapna minim pisan, teu nyaho ari basa Inggrisna dahar teh naon.

Bari diuk ngadédéngekeun nu nanya jeung Bu D anu nyoba mere respon, kuring dina hate mah ngagerentes. Tong boro urang Papua, urang Cianjur oge, pan siswa kelas 12 waktu dibere parentah  Observe the pictures and find the differences. Siswana teh ngahuleng. kuring nyangka ngahuleng keur mikir, padahal mah, ngahuleng teu ngarti parentah. Waktu ditanya kecap naon anu maneh ngarti, ngajawabna ukur dua picture, and. Beu! Beurat kacida pan lamun siswa anu di Cianjur, Jawa, deukeut ka Jakarta mun ceuk guru Papua mah. Pasti nyangkana siswana teh palinter, cas cis cus basa Inggris. Padahal mah, nya kitu tea we, ari kangaranan keterampilan make basa mah, teu bisa ngandelkeun dimana manehna jinek, kudu kumaha kakeyengna. Najan jinek di Inggris, ari mumul make basa Inggris mah, nya tetep we teu bisa.


Materi kahiji rengse kalayan lancar. Bu D maju deui, mere materi kadua. Kuring teu waka maju lantaran keur materi anu katilu tacan siap PPTna. Jadi kuring nyiapkeun keur materi katilu, Bu D maju deui 2 jam. Materi ngeunaan 4C jeung HOTS. 4C teh nyaeta ngeunaan tungtutan pikeun jalma kiwari kudu boga kaparigelan komunikasi, kreatif, bisa kolaborasi, jeung kritis ngarah bisa hirup di jaman digital, jaman global, jadi warga nagara internasional. Tah anu 4C eta dilatihkeun ka siswa. Tangtungan ge ari sacara teori mah gampang. Upamana bae kritis, cirina siswa kudu bisa mereskeun masalah kalayan teu ngadatangkeun masalah anyar. Unggelna mah kitu ceuk teori, nu hese kumaha ngalarapkeunna dina rarancang ngajar jeung kumaha prak-prakana waktu keur mere conto ka siswa, eta masih keneh hese.

Ari HOTS nyaeta higher order thinking skills atawa ngalatih siswa sangka bisa make uteuk, boga kamampuhan pikeun nyanghareupan masalah ngagunakeun logika, efektif, beres roes bari luyu jeung kaayaan kahirupan jaman ayeuna. Ieu oge sarua. Dina lebah teori mah gampang. Lebah nerapkeunna mah, hese kacida.

Waktu kuring ngiluan pelatihan HOTS, lain sakali dua kali, anger we teu ngarti. Lain teu ngarti ku teorina, teu ngarti ku nu mere materina. Mere bahan pikiraneun anu teu matak kahontal ku guru dina emprona lamun dipake ngajar di kelas. Mere teori lain meré conto praktis kumaha prak-prakanna. Kuring nanya ka Bu D sugan manehna pernah meunang elmu praktisna kumaha cara HOTS dijieun dina rarancang ngajar jeung dina nyieun soal, jawabna teh acan cenah. Sarua sihoreng, manehna ge ngan meunang teori-teori hungkul.

Sakali-kali kuring menerkeun PPT keur bagian kuring maju. Sakali-kali kuring merhatikeun kaayaan kelas. Peserta anger we tacan kateguh kumaha eusi pikiranna. Aya nu narik kana ati tina conto anu ku Bu D ditepikeun ka peserta. Waktu keur pelatihan, kitu pokna. Dibere conto soal carita HOTS. Kieu dongengna teh" Aya aki-aki melak gedang. Kabeneran gedangna asak, dua siki. Di ingkeun we ku manehna teh hayang asakna pas. Hanjakal, batan asak, kalahka aya nu maok, hiji. Sesana hiji deui. Si aki masang taraje. Pokna, karunya ka maling. Manehna kudu ripuh naek. Ari dibere taraje mah, kari naek. Tapi isukna, gedangna teu leungit, kalahka jol aya lalaki nu ngaku maok gedang tea. Manehna datang mawa gedang dua. cenah anu hiji mah meunang maok, anu hiji deui mah meunang meuli ti pasar, itung-itung keur menta hampura lantaran geus maok."

Eta dongeng HOTS dicaritakeun ku Bu D ka anakna anu karak kelas hiji SD. Ari pok teh anaknya ngomong kieu, "Mamah, ari carita tadi kajadianna di nagara mana?" Ieu hartina keur budak leutik anu hirup di tempat sagala gampang leungit, popoean, leungit, panci keur dipoe, leungit, sepeda, leungit, asa teu kaharti, gedang leungit, karah mere taraje ngarah nu maokna teu ngarasa hese. Ieu conto hartina teu nungtut berpikir tingkat tinggi, lantaran teu asup akal, teu luyu jeung konteks kahirupan jaman kiwari. Tah, salevel pelatihan di tingkat nasional bae siga kitu contona. Ieu nunjukkeun yen hese pisan nyieun soal HOTS, komo deui ngajar di kelas bari make HOTS.

Kulantaran nanaon oge kudu aya beresna. 4C jeung HOTS sanggeus ditepikeun ka peserta mah, beres. Naha engkena pesertana jadi bingung, jadi teu bisa sare gara-gara K-13, eta lain tanggung jawab penyaji. Kuring, anu mindeng manggihan hal-hal anu teu pati parok jeung pikiran lamun keur ngilu pelatihan, sok jempe bae. Biasana, penyaji ngan boga kawajiban nepikeun materi sakannyahona. Masalah asup akal,  bisa dipraktekeun atawa henteu, ulah jadi pipikiran.

Jam kahiji kadua beres. Waktuna pikeun Bu D istirahat, jam katilu kaopat kuring  nu maju.




No comments:

Post a Comment