"Waktosna robih Bu, majeng. Sanés énjing tapi dinten ieu urang tepang téh." WA ti Santi katarima pas kuring keur niténan tulisan barudak SMAN 1 Cianjur.
Guru giru laptop ditinggalkeun. Bisi baé Santi ngan sakeudeung di SMAN 2 Cianjurna. Kuring indit ngeteyep maké mobil. Indit ngeteyep lain rerencepan, éstuning ngeteyep pédah tacan tapis mawa mobilna. Dina jandéla tukang mobil ngajeblag tulisan Belajar, mohon jaga jarak. Tulisan anu cukup keur ngabuktikeun yén kuring pantes ngeteyep mawa mobilna.
Santi téh pamajikanna Ervan. Ervan téh babaturan kuliah S2 UPI Bandung. Kuring kenal deukeutna mah ka Ervan, babaturan sakelas waktu kuliah. Ari ka Santi mah katalian ku Ervan.Béja ti Santi, Ervan ayeuna geus jadi PNS, dosén, di UIN. Asana Ervan mah lulusan ti UIN. Jadi ngajarna balik deui ka almamaterna sorangan.
Keur Ervan mah, lamun jadi dosen téh cocok jeung mantes pisan. Ervan, pinter bisa ngawasa ngajar jeung elmu nu imbang lamun jadi dosén.
Panggih jeung Santi di SMAN 2 Cianjur kabeneran bae. Santi aya acara kunjungan ekskul. Santi mah ngajarna di SMKN 1 Majalengka, nyepeng ekskul Basa Inggris. Hanjakal bae di SMAN 2 Cianjur mah teu aya wakil basa Inggris.
No comments:
Post a Comment