Teuk teuk we!
Karak gé gék diuk, si Enci langsung masang anduk ngabeulit kana beuheung, terus masang kaén keur nutup awak ngarah buuk nu diteuk teuk teu murag kana baju.
Keur anteng bébérés rék siap-siap motong rambut jol aya dua ibu-ibu nungtun budak TK sigana.
Budak awéwé, lucu, rambutna panjang. Si budak katingali kucem, teu arenak sigana, meureun keur saré dihudangkeun. Panonna katingali beureum, buukna awut-awutan. Baruten. Ngaranna gé budak leutik, ih da buuk paburisat, panon beureum hudang saré, biwir rada merenyéng nahan piceurikeun, ih anger wé lucu. Maksudna lain ngabandingkeun ka diri sorangan anu geus bébéakan mérésan buuk, beungeut dipulas, baju dipapantantes, léngkah rada dilégégkeun, anger wé matak teu hayang nempo dua kali.
Si Enci melong ka kuring bari ménta idin, "Ci, boleh ga potongnya anak kecil dulu."
Kuring ukur unggeuk. Unggeuk sotéh ngarah teu papanjangan. Si Enci nyebut Cici ka kuring. Anu Enci mah pan manéhna, naha kuring katépaan disebut Cici ogé. Kuring melong kana kaca nu ngajeblag hareupeun. Rét kana buuk, kejur, lempeng, teu aya rungkal réngkolna, komo ka galing mah, jauh pisan. Rét kana panon, asana mah biasa baé. Rét kana kulit, asa teu bodas-bodas teuing. Tapi naha bet sok aya nu kasasar nyebut Enci ka kuring bari nyebut Encina téh medok pisan.
"Ci, pindah dulu duduknya," Ci Élen ngodeuan ku panonna nitah pindah kana korsi paranti nunggu. Kuring ngolésèd. Ari ditukeuran jeung budak leutik anu rek sagaur-gaureun rek ceurik mah, kuring bakak dianggap teu lucu lamun ngeukeuh.
Srog budak téh dideukeutkeun kana korsi anu tadi didiukan ku kuring. Budak téh mugen, teu maju. Leungeunna nyekel baju awéwé nu tadi ngadorong sangkan deukeut kana korsi.
"Gak mau, rambutnya mau panjang," manéhna ngabéla buukna.
"Ntar juga numbuh lagi," ceuk si lbu anu ti tatadi ngajengjen. Manéhna neruskeun omonganna bari neuteup ka awéwé nu bajuna masih kénéh dicecekel, "Bongan loba kutu, potong Ci, sing pondok, saceuli!"
Kuring ngahuleng. Asa anéh, naha sirah budak nu kutuan, buuk nu kudu jadi korban. Berarti budak leutik téh bener. Buukna boga hak dibéla, disalametkeun. Buuk anu sakitu alusna teu tuah teu dosa. Anu kudu diurus jeung dibéréskeun mah kutuna, lain buukna.
"A..." kuring nu rék mélaan budak rék nyebut atuh, jadi teu jadi nyaritana, kaburu kapegat ku hingna budak ceurik. Siga nu kanyenyerian pédah buukna anu ngagebay kana tonggong rék dipotong saceuli.
Ceurik budak teu ngurangan haokna awéwé nu ngajengjen. Manéhna kalah leuwih nyeuneu, "Mun buukna pendék mah, kutu moal betaheun! Buru Ci, tong éléh ku budak léwèh."
Si Enci anu ti tatadi nongton drama 'dua ibu satu anak, episodeu membasmi kutu' bangun karék datang pangacianna. Leungeunna nu katuhu nu ti tadi geus nyekel gunting, atuh leungeun kéncana nyekel sisir jeung jepitan, gancang nyokot anduk jeung panutup beureum ngarah buuk teu mururagan kana awak.
"Sini Dè, duduknya di sini."
Awéwé nu bajuna dicecekel budak, langsung mangku budak, terus didiukeun dina korsi. Manéhna nagog. Panonna mencrong ka budak. Beungeutna kabéh nyanghareup ka budak. Pok ngomong ditamplokeun, "Ngérakeun, piraku geus téka enol besar, sakeudeung deui ésdé, masih kénéh kutuan."
Budak leutik rut rét. Sigana keur mikiran naon bédana téka enol besar jeung ésdé. Tangtuna gé moal kapanggih naon bédana ku budak leutik mah. Halisna kerung, meureun mikir nu leuwih jero. Naon hubunganna ésdé jeung kutu.
No comments:
Post a Comment