Wednesday, February 19, 2025

Random

1. 
Gular goler.
Kudu nincak taneuh cenah.
Ngarah panyakit katincakeun.
Tinggaleun dina taneuh.

2.
Teu pupuguh 
Nu puguh teu boga duit.
Tapi barang malik sare.
Asa beunghar. 
Asa loba duit 
Padahal hutang saudug-udug.
Ngimpi teh kamalinaan

3.
NgaWA. 
Niat nanya.
Dijawab.
Ujug-ujug sebel weh.
Patingburingkal kalakuan nu matak seueul kana angen.

4. 
Sura seuri 
Koneng
Bulao
Patukeur kasusah

5. 
Srog sasalaman
Ngegeuri
Majar jadi panudingan
Nepi ka kiwari 
Masih abu-abu
Pupuhu teu nolih

6.
Niat ngabéjaan 
Disebutkeun joged ngarungkup
Teu kadéngé mun aya nu ngomong 
Tiis pisan jawabna
Sanes urusan abdi 


No comments:

Post a Comment