Pas dijero kamar hotel, teu asa di Mekah. Kamar hotel man pan template. tos kaluar kamar langsung karasa Mekah. Sameter tina panto hotel, sung song nu nawaran barang-barang dagangan. Tasbe, sajadah, parfum. Kuring teu kagoda ku barang beuli, asana barang nu diasongkeun tacan dibutuhkeun, jadi teu kudu meuli ari teu butuh mah. Ningali kuring noyod, nu dagang minyak seungit, enya si Arab tea, langsung nyampeurkeun, las, las manehna ngoleskeun minyak seungit kana leungeun. Kuring ngajenghok, ih naha di tempat nu kuduna islami, naha nu dagangna ngulas ngoles minyak seungit kana lengeun batur, bari teu menta izin heula. Manehna ngomong make basa Indinesia, "Syahrini, minyak bagus. Jokowi."
Kuring rada ngahuleng, naon ieu konteks ngomong tukang dagang jeung Syahrini oge Jokowi. Sanggeus rada tatanya ka jamaah lain, sihoreng ngolo. Nyebut Syahrini ka saban awewe, ngarah dianggap sageulis Syahrini terus we balanja. Ari Jokowi mah, mayarna bisa make duit rupiah. Ah, aya-aya wae.
Kaluar ti hotel, kuring bus ka mesjid ngabring opatan jeung nu sakamar. Gek diuk di tempat nu teu kagiridig teuing. Lamun can waktuna solat, anggangna kana sajam, rada lowong di Masjidil Harom teh, urang bisa milih diuk beulah mana. Lamun satengah jam deui kana waktuna solat, lapur, pinuh, kabagean di palataran luar mesjid. Harita ge kuring opatan, geus diuk di jero mesjid, ngeusi waktu rek ka datangna solat, cong solat tahiyatul masjid, ngaderes Qur'an, babacaan sabisa-bisa. Tos beres solat, solat sunat. Babaturan kuring ribut, hayang ka WC. Kuring mah lamun urusan WC, teu wani asup ka WC umum, kahiji jauh, kadua jorok, katilu bau, kaopat ngantrina audubilah, kalima teu nyalse dan geuning urang Arab mah kitu, lamun sakirana ceuk manehna lila, panto WC teh atuh digedoran matak coplok jajantung.
Kulantaran ka WC mah panggilan alam nu teu bisa ditolak, kuring opatan ngabring kaluar, rek muru WC umum husus awewe. Mimitina bring ka WC anu beulah wetan, aripek teh, ditutup cenah, askar nunjukkeun nu awewe mah anu beulah dituna. Bring deui opatan bari marake mukena ngabring muru WC anu ditunjukkeun askar tea. Barang bus ka wilayah WC, nya jauh, nya pasesedek. Kuring talanga teuleungeu ningalian beulah mana keur pipis. Can ge kapanggih, nyel angen murel, teu kuat ku bau hangseur. Asa lung leng ngadagoran kana sirah jeung angen. Kuring hayang buru-buru balik tapi kumaha babaturan nu hayang ka WC bisi teu kaampeuh hayang ka cai. Untungna babaturan oge ngalaman hal nu sarupa, manehna ngajak buru-buru indit. Alhamdulillah, salamet teu babalongkengan di WC.
Pangalaman ka WC di tempat lain oge teu beda jauh. Waktu ka Tahif, eta ge sarua, hese toilet. Toilet ngan aya hiji. Ari nu ngabutuhkeun ratusan jelema. Teu asup akal. Apa urang Arab mah tara butuh toilet?
W
No comments:
Post a Comment