Saré téh asa teu puguh, duka saré duka henteu, rarasaan mah masih kénéh we tunduh. Kegiatan ibadah padet jeung merelukeun tanaga gedé. Kuring mah anu ti imah kénéh nyeri suku, leumpang téh meni rarincug, dampal suku nyeri lain lumayan.
Kuring langsung hudang, wudu, ganti baju. Koper sakalian dibawa kaluar. Koper dibawa tiheula jadi barang-barang anu sakira diperlukeun, simpenna dina tas leutik. Kuring jeung Bu Lola, langsung indit ka masjidil Haram. Jam 3.00 subuh mah, lumayan bisa milihan tempat. Geus manggih nu dirasa merenah, langsung ngamparkeun sajadah, terus tahajud, babacaan, terus maca Qur'an.
Ngong adan awal Subuh. Kuring jeung Bu Lola terus ngeusi waktu ku ibadah sabisa-bisa. Kuring sorangan macaan do'a tina buku kumpulan do'a. Aya ogé do'a anu langsung diucapkeun nuturkeun kereteg haté.
Adan subuh kadéngé ngelewung. Alhamdulillah, ngalaman solat subuh dina poé Jumaah di masjidil Haram. Mata carinakdak, Gusti, ku kakawasaan Gusti sareatna ku bank BJB, abdi nu ceuk itungan teu gaduh kanggo mayar tiket ka Mekkah, tiasa solat subuh di Mekkah.
Keur kuring anteng mamantes diri naon sababna dipanggil ku Allah ka Mekkah, Bu Lola ngagurubug hayang ka toilet. Mangkaning toilet di Mekkah mah lain bantrak-bantrakeun. Kahiji jauh, kadua pagegelek, katilu mun kurang tanaga bakal kaleyek, kaopat toilet teh bau kacida, kalima ... jeunb rea-rea deui alesan, nu nyababkeun trauma mun ka toilet. Anu kaitung toilet rada genah mah, toilet hotél. Kuring jeung Bu Lola rurusuhan balik ka kamar. Kulantaran balik téh leuwih awal, batur masih keneh sarolat sunat, palataran luar masjidil Haram jeung lantey hotél, pinuh ku nu sarolat. Taya saurang-urang acan anu kumalampreng. Waktu solat, kabéh sarolat. Nu kaburu di masjid, solatna di mesjid. Nu teu kaburu, solat di mana manehna nangtung. Rek dijajalaneun anu paranti jelema lalar liwat, eh da sigana téh cong we solat. Ari urang mah sok palaur teu sah da teu beresih. Ari di sabudereun masjidil Haram mah, solatna sigana di mana we, nu penting teu tinggaleun jamaahan. Kuring teu pati loba mikiran nu solat di mana bae congna. Allah mah nampi kana ibadahna saban jalma, luyu jeung kamampuhan ibadah dina waktu harita.
Kuring langsung muru kamar 110. Geus nepi ka kamar hotel langsung ka toilet. Terus sasarap. Jam 8.30 ngumpul di lobi hotel al Gufran langsung berangkat dipingpin ku ustad Dayat rek towaf Wada. Asa can wareg ibadah di Masjidil Haram teh. Mun meunang mah, hayang ibadahna teh cumpon saminggu di Mekkah. Ngarah apal kumaha solat ti poé ka poé ari keur awéwé mun di Masjidil Haram. Siga poé ieu, Jumaah, cenah awéwé miluan solat Jumaah. Tah pan beda pisan jeung di lembur.
Balik deui kana towaf Wada. Towaf wada teh towaf nu mileuleuyankeun yen kuring salaku tamu rék balik deui ka lembur. Kahayang mah towaf Wada lain towaf anu pangahirna atawa papisah salilana. Hayang kénéh kuring ngalaman deui towaf ngurilingan Ka'bah. Hayang balik deui bari mawa salaki, anak, dulur, adi, lanceuk, alo. Ti mana duitna? Nya ti Alloh. Siga berangkat nu ayeuna, duitna murni ti Allah.
Asa nalangsa kabina-bina rék amit mundur ti Ka'bah téh. Di dieu mah rék solat subuh, inditna jam 3.00. Jauh mela melu jeung di lembur. Jam 5 teh asa isuk teuing. Terus, di dieu mah, rek solat teh perjuanganna, subhanalloh. Pasedek-sedek, paheula-paheula, pagaliwota jeung sababaraha bangsa. Na ari di imah, teu aya perjuangan nu siga di dieu beuratna, solat teh karasa ripuh.
Kuring murubut cimata, Gusti nanaon ge aya watesanna. Sok sanajan sakumaha hayangna kuring tingtrim ibadah di Mekkah, aya waktuna pikeun kuring balik deui ka kuring nu biasa. Mudah-mudahan bae naon-naon anu dipigawé di dieu, bisa diteruskan di imah.
Pileuleuyan Hajar Aswad, Hijir Ismail, cai zam-zam not cold. Beres towaf wada, teu kaluar ti masjid. Terus itikaf we nunggu waktuna solat Jumaah. Asa masih kénéh bingung dina haté mah. Naha awéwé bisa solat Jumaah di Masjidil Haram mah. Moal kitu sarua jeung 'di dieu mah, paantel awéwé jeung lalaki, teu batal'.
Kuring miskin kénéh pangaweruh dina pasualan awewe solat Jumaah jeung waktu di Mekkah bisa robah imam.
No comments:
Post a Comment