Kecap 'uyah' boga tempat sorangan dina basa Sunda. Contona baé 'Ieu aing uyah kidul' keur nyindiran ka jalma anu adigung. Ngarasa leuwih punjul tibatan nu lian ku ningali asal muasal daérahna. Anu kadua, ' Uyah mah tara téés ka luhur.' Hartina kapinteran atawa kaparigelan hiji jalma, nyakitu deui goréngna, turunna tara ti sasaha, nya ti indung-bapana.
Loba pisan paribasa anu make kecap uyah keur nunjukeun pentingna uyah dina kahirupan urang Sunda. Dina dahareun, masakan dianggap ngeunah cukup ku ukuran 'puguh karasa uyah gulana.' Ku penting-pentingna uyah, aya istilah jalma 'teu uyahan.'
Nu kumaha jalma teu uyahan teh? Kurang leuwih jalma nu kurang rasa lamun dina asakan mah. Contona siga nu karandapan ku kuring poé Ahad isuk-isuk kamari. Basa keur anteng ngulub hui ungu, bari ngagodogkeun opor hayam, oge bari nyeuseuh. (Tong reuwas, naha bisa multitasking ceuk budak ayeuna mah. Pan opor kari ngulubkeun, nyeuseuhan kari ngasupkeun kana mesin).
Panto dapur ngahaja dipolongokeun, maksud téh ngarah bau opor teu ngulikbek di jero imah.
Pikiran keur ngulayaban nyipta-nyipta engké jeung barudak balakécrakan sasarap méméh iinditan. Kadéngé aya nu uluk salam. Kuring nyampeurkeun panto anu geus ngageblak muka. Katingali aya awéwé kolot make baju basajan. Geus teg wé, pasti rék nginjeum duit. Lain sakali dua kali manéhna datang kalayan tujuan nu sarua, mun teu nginjeum duit, ménta lungsuran, ménta payung, jeung réa-réa deui sapangabutuhna baé meureun.
Kuring teu geuwat nitah asup, keur kagok ceuk pikiran téh. Mun manéhna nyémah, kabancén masak, bébérés imah kaganggu, moé baju kudu ditunda heula, padahal kuring sakulawarga rék iinditan. Boga waktu sajam dua jam geus diitung nepika menit-menitna ceuk nu bohong téa mah.
'Punten ah ngiring calik,' pokna ngagebah lamunan kuring. Bulubus manéhna asup, ngaliwatan irung kuring nu ti tatadi nangtung hareupeun panto.
Gék manéhna diuk kalayan teu nungguan dimanggakeun heula. Kuring ukur bisa olohok, jalma téh aya ku murugul, ceuk haté.
Kuring kapaksa diuk maturan 'sémah' anu geus miheulaan diuk. Papasakan mah, cul baé.
Pok manéhna muka carita, 'Kamana Adén Guru, Néng?'
Karék gé engab rék némbalan, manéhna geus pok deui ngomong.
'Aduh Ènéng, katampi kasaéan Enéng sareng Adén didieu. Payung dianggo kamana-mana, atuh panci, katél, ogé kasur, sadayana mangpaat.
Kuring cicing baé. Dina haté geus norowéco, pasti kadituna ménta béas. Kuring ngagebés haté sorangan anu geus miheulaan su'udon.
'Néng, di doakeun ku Ema sing geura naék haji. Atuda Enéng mah kieu,' pokna bari ngacungken jémpolna.
'Enéng mah kaum gajih. Manasina Ema, boga anak pulung hiji, di Saudi, tacan mulang. Atuh alo, dua, anak pun adi, sami ngapung ka Abu Dabi. Tacan marulang. Ema téh tos hutang kaditu kadieu, éta nu ditandonkeun teh pami marulang, dibayar.'
Kuring teu kaburu némbalan, manehna geus pok deui ngomong bari ngusapan dada.
'Ema téh hayang manggihan indung, ngan taya ieuna,' pokna bari nyieun kode ku ramo-ramo leungeunna anu hartina duit.
'Bade nambut baé, engké dimana nu ti Saudi mulang, dibayar. Atanapi bilih badé sidakoh, siap nampi. Enéng mah tos sohor bageurna, hanjakal baé tacan haji.'
Deg kana haté asa tugenah. Teu nungguan manéhna ngabalakbak, kuring ngomong rada nyereng, 'alhamdulilah, haji mah tos 4 kali.' Pok teh bakat ku seueul, pèdah teu haji siga jadi hahalang pikeun nyieun kahadéan.
Manéhna langsung nyuuh, siga nu nyembah. Bari nyuuh kadéngé ngomong, 'aduh, Néng Haji, keur geulis tos haji. Alhamdulillah. Kamana Adén?'
'Teu aya, nuju di Lampung, ramana ngantunkeun. Abdi ge nembe dongkap tadi subuh, langsung nyeuseuh sababaraha jeurangan.' Jawab kuring.
'Innalillahi, sing ditampi iman islamna, Néng.' Cenah, duka enya milu prihatin, duka lip service ceuk istilah budak ngora mah.
Kuring nantung, kaambeu bau opor minuhan irung, sieun saat tutung, atawa kulub hui oge saat, tangtuna tutung oge, mubadir moal kadahar kabeh.
Manehna kadéngé ngomong deui leuwih tarik sorana batan tadi.
'Kéla Néng, kumaha ieu, badé nambut saongkoseun we, 50 rébu. Sauiheun, keun we tiditu mah, sugan aya nu haat masihan kango uihna deui kadieu mah.'
Kuring tuluy baé nangtung. Ingét aya duit dina tas, sésa ongkos, 15 rébu. Ngan sakitu-kituna, tadina mah keur meuli Molto. Kuring rugup ragap kana tas, goréhél duit téh kapanggih. Énya baé ngan 15 rébu. Song dibikeun ka manéhna.
Duit buru-buru dirawu. Diitung, pokna, ' Néng tambihan we 20 rébu deui supados cekap saongkoseun.'
Kuring samar polah. Rék ambek, lain carékeun jalma kieu mah, rék teu ambek, asa nangtang émosi ti tadi kénéh. Haté awor jeung hariwang, sieun papasakan tutung.
Ahirna kuring nyarita bari rada serak bakat ku soak nyanghareupan sémah.
'Hampura wé Ma, abdi karak kapapaténan, pikiran keur kaweur mikiran biaya tahlilan, jaba acan ngajahul, duit mah éta ngan boga sakitu, kop wé méré, lilahi ta'ala.'
Manehna katingali bungah, pok nyarita, 'aduh Néng haji, pantes tos 4 kali hajianna oge, sidakohna katampi, ku Ema jadi andelan pisan pamasihan ti dieu téh.'
Manehna terus nangtung, duit ditilep-tilep dikeupeul dina leungeun kéncana. Terus manehna langsung amitan.
Kuring teu kaburu nembalan, manéhna kaburu indit, ngaliwatan panto anu ti tadi mémang ngeblak muka. Kuring buru-buru neang kukuluban. Alhamdulillah, najan geus saat teuing, tapi kapuluk kénéh. Terus baé diangkat. Brak dahar. Si Cikal pok ngomén, 'Mah, naha asa aya nu kurang nya opor téh.'
Kuring ngagebeg, ras inget, tadi papasakan teh teu acan diuyahan, kabéngbat ku aya sémah.
'Bener-bener teu uyahan ieu mah,' ceuk kuring bari murulukkeun uyah kana opor.
No comments:
Post a Comment