Monday, July 22, 2024

Ka Bank dan Penyusunan bahan ajar SMA Mardi Yuana

Salakina ngabejaan mun ka Jakarta teh batal. Jadina poe Jumaah. Lena anu ngajangjian ka salakina cenah bisana Kemis, bari teu nyebutkeun naon alesanna. Manehna geus ngarti yen Lena mah lain jalma biasa, jadi nanaon ogé kumaha Lena baé. Peun.

Bari dahar manehna ngadéngé salakina dibéré jalan ku Ipin pikeun meuli Green bean ti Kuningan. Hargana 63 ditarima di Ciwidey 70. Lumayan aya selisih.  Ngan mudah-mudahan we Ipin bisa dina milih barangna. Ulah nepika kabelejog. Tungtungna rugi waktu, bensin ogé kapercayaan ti Pa Rosid anu rék mangmayarkeun. Lamun bisa ngiangkeun 4 ton, meunang 12jt, dikurangan bengsin, supir, Ipin,  nya susuganan batina mahi keur nyeunghap meulian cherry kopi di Kamojang.

Leungeun Rastiti mah teu eureun, ngopepang ngala cabé, ngala céngék rék dibekelkeun ka salakina. Ngurang-ngurangan kana balanja. Panan dahar 5 pagawe téh lain saeutik. Bérés ngala cabé,  kop kana hapé. Manehna ngirim WA ka Akbar, pagawé BJB, nyaritakeun yen duit anu 30jt rék dicokot heula keur mayar Bu Popon, anu kamari nginjeumkeun 100jt keur modal biaya mitembeyan bisnis kopi salakina. Panan éta duit jangjina dipulangkeun dina sabulan. Poé kamari geus kapulangkeun 60jt kari sesana 40jt. Itungan Rastiti mah,  30 ti BJB ditambah 30 ti salakina. Cumpon we 40. Mun duitna geus aya, langsung dikirimkeun ka Bu Popon. 

Rastiti jeung salakina nepi ka bank jam 9an. Langsung ditanya ku satpam rék naon dijawab rék ngoméan atm nu geus kadaluarsa. Satpam nitah daftar tina mesin, daftar ka customer service.  Clik kaluar nomer B12. Lila kénéh.  Jadi ka luhur heula we, ka bagian kridit. Langsung panggih jeung Lastri anu sigep nguruskeun. Natrat we angka 30 juta dina buku rekening. Buru-buru Rastiti menta 10 juta ka salakina. Ngarah urusan ka Bu Popon geura bérés. 

No comments:

Post a Comment