Wednesday, July 24, 2024

SMA Mardi yuana

Tadina mah rék leumpang ka Smardiyuana téh.  Tapi waktu geun nunjukkeun pukul 7. Lamun leumpang tacan tangtu nepi 20 menit, panan teu tuman leumpang. 
Jadina naek grab, mayar 10 rebu. Cle ti imah, nepika kanu dituju. 

Langsung der we. Aya guru anyar suster, ngajar basa Inggris.  Suster lila di Filipina. Aya 3 suster, keur SMK,  keur SMP. 
Ngomongna Rastiti teu pati tanagaan. Tanaga oge harepanna, dadas ku kabingung. Kamari sore salakina bebeja yen indit jauh-jauh panjang gagang, lapur,  malah mah mobil keuna ku tilang. Duka sabarahaeun. Majar kopi 3 ton teh,  ngan 2 kilo!
Alesan geus dijual manten ka batur. Alesan mah bisa wae. Ekol mah taya usumna. Hate  Rastiti mantegeg.  Kahanjelu eta sapeupeuting ngabeungbeuratan sirahna.
Cicingna di sakola, di ruang luhur. Ari sakola kristen mah alus dina ngolah ngaturna teh. Nya mudah-mudahan we ku ayana suster,  sakola jadi leuwih hade. Meureun beda carana ngajar suster jeung guru biasa mah.

Ayeuna wakil kurikulumna ganti ka  lbu Kiki. Regenerasi lantaran ibu Sri tereh pangsiun. 
Mere materi teh pas nepika jam 11.30. Satengah jamna deui dipake nerangkeun cara nangtukeun mata pelajaran pilihan. Pas nepika jam 12. Ditutup ku dahar sangu kotak. Pikiran ngulalayaban ka SMA BPK Penabur. Lamun di Penabur mah,daharna teh prasmanan. Jadi asa dahar di imah. Lamun  nasi kotak mah,  nya asa nasi kotak we.
Dahareun lain teu ngeunah. Nu teu ngeunah mah pipikiran. Ngait we ka si bungsu. Sieun kalangsu. 
Balikna mampir ka toko pink anu matak ngamacetkeun. Hayang nyaho we naon anu dijualna.

No comments:

Post a Comment