Pages

Wednesday, August 5, 2026

Rapat Koordinasi

1. Penjelasan Keuangan BJB
Kredit PNS Aktif, sertifikasi,Tukin. 
Mirip arisan, tabungan rencana my gold, bayar bulanan, dalam waktu tertentu.
T Samsat, bayaran pajak dicicil.
Kejar, satu rekening satu siswa, untuk melatih kemandirian. 
2. Sapa dari pengawas pennsiun, Pa Adé Sofyan
3. Serah terima tugas dari Bu Siti Maspupah ke pa Budi PLT SMKN 1 Pacet 
4. Paparan rapat, lbu kepala KCD VI 

A. Dapodik baru lounching, pahami aplikasi. Hindari siswa tidak masuk rombel, lintas dapodik-emis, pengawas mendampingi pengisian, Cut off akan diverifikasi PS sebelum cut off untuk membandingkan siswa real dengan Dapodik. Verifikasi pasca cut off akan dilakukan verifikasi lagi, sebelum dan setelah ditutup Dapodik.
Dapodik erat  kaitannya dengan e-ijazah. Jangan sampai ada murid yang tidak masuk dapodik sehingga ijazah tidak keluar.
Swasta boleh menerima siswa baru setelah Agustus. Negri, no 

B. Rancang kegiatan dan Anggaran sekolah perubahan, karena jumlah siswa berubah. Arkas, Dana bantuan pusat, APBN pisat, apbn daerah. DAK non fisik yaitu BOS, masukkan ke ARKAS. Yang DAK fisik yaitu revitalisasi. APBD, POSP 

C. Kurikulum satuan pendidikan tidak boleh ditandatangani Januari. 

D. Kenali guru yang DPK. Absen, disiplin, kehadiran, 

É. Etika profesi buat guru, sing daék miceun runtah, sing daék campur gaul, 

F. Kebijakan pemerintah propinsi Jawa barat, IHT Pancawaluya laksanakan
BLUD
Cek kantin barangkali menjual barang haram

G. Kebersihan jaga secara konsisten 
Hindari gerakan, biasanya sesaat. Tapi inovasi kebersihan 
Paksa oleh mata pelajaran konversikan jadi nilai, contoh SMAN 1 Depok, SMAN 1 Cibinong Bogor 
Kaca, 1 kaca oleh beberapa murid, kanebo 


Monday, August 3, 2026

Boa luluhur urang mah memang urang kulon

Di ditu teh, di hiji tempat. Sigana mah tempat wisata.
Ngan kuring aya di antara para tamu awewe. Lima awewe, sadulur. Buukna pirang jagong, kulitna barodas ngeplak. Urang Rusia!
Maranéhna méré tempat ka kuring, ngariung kuring bangun ngajagaan supaya ulah aya hal nu teu dipiharep tumiba ka kuring 
Salah sahiji awéwé éta malah ngabeulitkeun lawon kana awak kuring. 
"Oh makéna kieu geuning," kitu ceuk haté.
Terus ngobrol uplek. Tungtungna kuring ngajak maranéhna cicing di kuring. Dibéjakeun aya tanah kana sahektar waé mah warisan ti Bapa keur tempat maranéhna cicing.
Duka sapuk duka henteu. Kaburu hudang.


Wednesday, July 29, 2026

Sistem Penjaminan Mutu Internal (SPMI)

 Seiring dengan terbitnya permen Pan RB no 7 tahun 2026 tentang pengawas sekolah. Disebutkan bahwa tugas pengawas sekolah adalah melakukan pengawasan mutu, melalui tiga cara: 1) Pemantauan,  2) penilaian, 3) Pembinaan.

Pemantauan, ada kaitannya dengan rencana benahi atau program sekolah yang dirancang per tahun anggaran. Semua program sebagai bagian dari kegiatan penyerapan BOS tersebut, dipantau  ketika berubah menajdi program sekolah. Program sekolah inilah yang dipantau Pengawas sekolah.

Penilaian, yang paling umum dilakukan adalah penilaian kinerja kepala sekolah yang dilakukan pada akhir tahun. Penilaian bisa juga ditujukan untuk melakukan penilaian pada keterlaksanaan program yang dirancang bersama kepala Sekolah

Bagaimana dengan pembinaan? Kebanyakan tugas pengawas sepertinya lebih banyak di membina. Membina sesama pengawas, boleh? Boleh. Pengawas Ahli Madya, bisa membina pengawas ahli Muda. Membina Kepala Sekolah? Bisa. Membina Guru, Boleh. Khusus untuk membina guru ada pada tugas Pengawas sesuai dengan ekspektasi pimpinan (IKI atasan).

Apa kaitan tulisan di atas dengan SPMI? 
Pengawas sekolah adalah penjamin mutu tingkat satuan pendidikan. Dia menjadi instrumen SPMI. Pengawas melakukan observasi, pemantauan, penilaian, terhadap aktivitas pelayanan capaian belajar yang dilakukan oleh sekolah.




Tuesday, July 28, 2026

IO dan Pembekalan SPMI

Sma Nahdatul falah 
di daerah Jambudipa 
mendampingi SMA PGRI mengikuti SPMI 

Nonton IP Man
meuli pulpen 6K
meriksa LK SMA PGRI 
Safee

Leuleus

Hudang téh tabun 4.30. asa isuk teuing. Saré deui wé. Hudang deui tabuh 5. Terus wé ngistrika baju kaluhuranna. Biasa mun poe Salasa mah kudu seragam baju kaméja. Aya pikiran rék maké calana kahandapna nu warna bodas. Tapi, ditéangan téh teu kapanggih 
Nya maké nu aya we, warna biru kolot. Kerudungna nu pink ngarah komtras jeung warna kaméjana.

Tabuh 6 saparapat, indit. Nyeri sirah geus ngajedud. Halis asa tepung, nyeri, rieut. 
Moal kuat nyupiran sorangan. Tungtungna disupiran ku budak.

Miang téh mengkol heula ka pom bengsin, dieusi dua ratus rébu, meunang dua belas léter. Mahal pisan harga bemgsin kiwari mah, 6.250 asana.
Teu pinuh, aya dua setrip deui ku full. Lumayan sakitu ge, mahi keur iinditan.

Nepi ka nu dituju. Aya guru. Mukakeun panto. Leos we indit. Ceuk haté téh naha bet kitu. Biasana guru mah sok nungguan nepika urang turun, nganageakeun, ngajajap ka ruang kepala. Ieu mah hare-hare we. Meureun adatna kieu di dieu mah. 

Jol ka ruang kantor. Para guru ngariung, keur nanda tangan. Solongkrong kuring ngajak sasalaman. Hiji dua, guru teh ngalieuk. Eh geuning lbu, ceuk KS. Sihoreng aya di dinya oge. Hayu ka ruang abdi. Kuring nuturkeun. Tabuh 7.30 ceuk hate. Acara mimitina jam 8. 
Ngobrol ka ditu ka dieu jeung lbu Kepala. Sirah beuki nyeri. Leguk nginum cai méméh dimanggakeun. Ti imah can sasarap. Tadina mah rada ngarepkeun aya panyuguh. Ari pek can aya susuguhna, tebih di dieu mah, kitu ceuk lbu Kepala. Tamba kurang tanaga,  nginum cai CDR, ngahaja ti imah mawa. 
Nepika indit ka rohangan keur kegiatan, beuteung ngan kaeusi cai hungkul. Sirah nyeri. Nginum bodrex. Rada leler.

Méré bimbingan ka guru dimimitian ku ménta guruna ngascan CP, Buku Panduan Mata Pelajaran, jeung Perkaban TKA.
Langsung praktek nganalisis CP, dipisahkeun kompetensi jeung konten. Geus disiapkeun tabelna. Malah kaca sabaraha keur mata pelajaran naon, geus disiapkeun. Pikiran teh ngarah kari der dipigawé.  Then what happens? They don't bring laptop as l asked. They don't bring paper or book to make a note. Aduh, naha kumaha rek diajarna? Ngan ngarome HP we.  Sirah jadi rieut. 

Tabuh 9, guru diajak diskusi, tapi jempling. Ditanya, jempling. Aya nu teu kaharti bisi rek nanya, jempling.
Tungtungna,  maju deui kana materi kadua. Da teu bisa praktek ari teu daek nulis mah. Sirah rieut deui.
Kulantaran guruna ngan saeutik, nya katingali kabeh kalakuanana teh. Aya nu ngobrol wae. Mun kuring ngomong, manehna ngomong. Kuring eureun, manehna ngomong keneh ka guru nu sabeulahna. Manehna eureun, kuring maju ngomong deui. Aya oge nu sura seuri, siga keur silih keletan. Kuring asa gudawang hate ningali nu kitu. 
Tabuh 10, eureun heula, istirahat. Teu kuat nyeri sirah. 
Sanggeus 15 menit, maju deui. Tadina mah rek nepika tabuh 3 sore ngabimbing teh. Di sakola lain mah, dua poéeun materi teh. Da guruna praktek, jadi kurang waktu, loba nanya, da kapanggih nu teu kahartina. Ari teu praktek mah, nya moal karasa hambatanna. Lempeng we, karah leuwih anteb ngome HP. 
Tungtungna, dipungkas we. Nepika tabuh 12. 
Katingali guruna tos teu sumanget. Nya pastina ge bosen ngadéngékeun nu ngomong ti jam 8 bari manehna ukur diuk. Mun bari praktek mah, moal mahi waktu teh. 
Nyanghareupan nu tiis, teu hayang diajar mah, éléh kuring mah. 

Ibu kepala nutup kegiatan. Kuring ngiclik milu ka ruangan manehna keur lunch.
Bari ngobrol. Kadenge pisan lbu kepada ngangluh, heueuh eta guru, na da teu paduli, runtah, dimana teuing daek sasapu, ngeprik barudak sangkan miceun runtah ge, narah sigana. Mun abdi teu dedengér mah, runtah amalayah. Kurang adab.

Oh pantes atuh ari kitu mah. Kaharti mun tadi pas datang, guruna hare-hare. Pas diajar, guruna hare-hare. Diajak praktek, hare-hare.
Kuring ngarasa leuleus. Kumaha pemuda pemudi rek maju lamun guruna siga kieu mah. Guru teu daek diajar. Guru hayangna ngan ngajar. Panan ngajar teh kudu boga nu diajarkeunna. Ari teu diajar heula, naon nu rek diajarkeun? 
Mugi-mugi baé Alloh ta'ala masihan pitulung ka maranehna. 






Monday, July 27, 2026

Wednesday, July 22, 2026

Teu kamanana tapi sarua we riweuh

Sanggeus leuwih ti tilu poé ngalawan kahoream, poé ieu mah teu bisa mangkir. Kudu daék.  

Leungeun mimiti migawe nyieun ppt anu keur smkn2 cilaku. Geus ampir saminggu ieu ibu aas ngobrol hayang di jejeran keur para guru supaya ngajarna sumanget, utamana guru anu ngajar di normatif adaptif. 

Karak ge leungeun teh ceg kana keyboard, geus aya nu nanyakeun naha ppt keur ngabedah rapor pendidikan ti salah sahiji pengawas smk. Di jawab tara make ppt sok langsung wae jelaskeun tina hasil raporna ngan lamun perlu ppt mah, aya anu ti kementrian. Manehna ngajawab nuhun saenggeus dikirim ppt cara jeung ngalaksanakeun bedah rapor pendidikan.

Ppt anu ayeuna rek dijieun ku kuring teh nyaeta keur smk tea, jadi kudu loba diajar naha aya buku panduan mata pelajaran keur mata pelajaran normatif adaptif atawa henteu. Jadi memeh nanaon teh terus berselancar heula dina laman kemdikbud neangan buku panduan mata pelajaran. Sihoreng aya anu dasar-dasar keur pelajaran-pelajaran normatif adaptive. Ceuk pikiran bisi hese engke download nya ayeuna weh di downloadan. 

Ger kana pptna, terus ppt nu aya arek di modifikasi we. Geus maju sababaraha slide dipikir-pikir asa kurang alus, balikan deui neangan,  atuh jadi can beubeunangan nepi ka ampir tabuh 9:00 teh. Tapi nya keun bae da engke lamun materina alus urang mah jadi teu rieweuh ngabimbing para guruna. 

Can ge ures koma jol aya pa cece nanyakeun naha waktu teu keur poe isukan mere materi di sma Purwakarta. Materina tka.  Alesan pace teu bisa mere materi lantaran istrina beak sora jadi weh dibikeun ka kuring. 
Tadina poe kemis teh arek ka garut koma arek ngalongok anu keur panen kentang. Lamun jadi ka purwakarta mah atuh jadi jauh teuing lamun ti purwakarta langsung ka garut mah. 

Keur anteng nyieun materi jol aya wa ti ibu tika. Ngabejakeun yen urusan di sma c kapapanjangan ngeunaan sakola anu cenah majarkeun ngarahkeun meuli baju seragam di toko. Dina wa aya anu dituliskeun boh hargana baju pramuka sabaraha, baju olahraga sabaraha, teu kacatet cenah baju muslimah sabaraha hargana. 
Padahal mah kumaha atuh rek bisa meuli seragamna lamun euweuh toko anu ngajualna. Beutikan nanyakeun ha kuring bisa datang ka sakola keur nguruskeun masalah eta. Di jawab teh da kepala sekolah jeung para wakil kepala sekolahna ge mun teu salah mah keur di ciloto cenah. Keur aya pertemuan jeung universitas ngeunaan kegiatan calon guru anu rek dimagangkeun. 

Pikiran dikumpulkeun deui. Nyieun slide keur anu ka smkn 2 cilaku can beres. Jol deui aya wa, ti pa angga. Ngajelaskeun yen proposal ka sma c ditarima ngan kudu jadi 2 proposal. lantaran anu rek milu  aya 65 jelemaan  jadi kudu dibagi dua, 32  jelema entong loba teuing. Dibejakeun ka pa angga lamun guru dititah yen proposal sigana bakal kateteran. Ku bageurna pa angga cenah sok wae kintunkeun drafna engke di bantu di rapihkeun ku pa angga. 

Beuteung ngurubuk. Turun ka handap neangan dahareun. Dina qulkas aya keneh peuyeum. Nyieun peyam goreng we didahar ku sorangan aya meureun kana lima keureut mah. Wareg.
Maju deui nyieun slide. 

Teu lila joldi aya wae ti ibu tika nanyakeun naha bisa ngabaturan manehna poe jumaah ka sma Warungkondang. Dimanggakeun we. Padahal rencana teh poe jumaah arek ka garut tea. 

Terus aya nu ngirim assalamualaikum dina wa. Aya ngaranan nomer hapena teh siti. Ceuk pikiran oh meureun ieu guru anu ti sma purwakarta anu rek ngahubungi keur kagiatan isukan poe kemis ngagantian istrina pa cece.
Enya bae. Terus disina nelepon w e. Lamun kotak-ketik dina wa asa rada riweuh. Tina obrolan kapanggih yen sma purwakarta teh ola manusia unggul. Ditawaran wae supaya nama ngeunaan kurikulum nasional plus ditambah tka jeung lamun siap mah, jeung cambridge. 

Oh berarti kudu nyieun deui pept keur isukan. Anu ieu wae can anggeus. 
Tapi alhamdulillah jadi aya pagawean keur poe kemis. 

Poe ieu mah kuring asa jadi jelema soleh. Paitang dina wa nanyakeun ngeunaan guru kurang jam ngajar. Dipang jawabkeun weh lamun kurang jam ngajar mah bisa di usahakeun tina tugas tambahan, bisa oge nyieun mata pelajaran pilihan. 
Padahal asalna teh nanaonan nya make mang jawabkeun. Buah teuing paitang nama dijawab ku nu lain jeung jawaban anu beda. Ayeuna mosok aya pikiran kitu lamun erek keur dipoto ku wartawan anu henteu ditujukeun ka urang sorangan teh, bisi salah.
Panan jaman kiwari macan ulah wani-wani mere informasi lamun teu dipenta. 

Ayeuna geus ampir tabuh satengah genap magrib. Ppt can anggeus, beuteung kosong, awak hareudang.
Mandi we heula. 
Engke diteruskeun deui.