Pages

Monday, August 3, 2026

Boa luluhur urang mah memang urang kulon

Di ditu teh, di hiji tempat. Sigana mah tempat wisata.
Ngan kuring aya di antara para tamu awewe. Lima awewe, sadulur. Buukna pirang jagong, kulitna barodas ngeplak. Urang Rusia!
Maranéhna méré tempat ka kuring, ngariung kuring bangun ngajagaan supaya ulah aya hal nu teu dipiharep tumiba ka kuring 
Salah sahiji awéwé éta malah ngabeulitkeun lawon kana awak kuring. 
"Oh makéna kieu geuning," kitu ceuk haté.
Terus ngobrol uplek. Tungtungna kuring ngajak maranéhna cicing di kuring. Dibéjakeun aya tanah kana sahektar waé mah warisan ti Bapa keur tempat maranéhna cicing.
Duka sapuk duka henteu. Kaburu hudang.


No comments:

Post a Comment