Pages

Tuesday, August 11, 2026

Dipariksa Deui

 Sapeupeuting teu pati bisa sare, lain ku teu boga duit. Teu boga duit mah geus jadi bagian tina kahirupan sapopoe. Pasti maneh teu percaya mun urang teu boga duit. Asli, urang teu boga. duit. Bayangkeun, urang rek indit ka rumah sakit ka Bogor. Ngahuleng lila atuh. Kunaon? Euwuh duit keur meuli bengsin. Heg bengsin jaman kiwari mah tambah mahal we. Untungna aya duit sesa mayar hutang, mahi keur meuli bengsin. Alhamdulillah, bisa indit ka Bogor. Ari ka rumah sakit mah, teu mayar, da geus dipangmayarkeun ku BPJS. Ngan kalan-kalan BPJS oge sok ngariwuehkeun. Pas ka apotek, si istri nu tukang mikeun obat teh ngomong kieu, "Punten ibu, landongna teu aya, janten kedah meser." Euh, ceuk hate, puguh teu boga duit matak make BPJS oge. 

Tah kitu, urusan duit mah, tong dicatur, keur teu pati boga. Tapi, keun we, teu boga duit mah teu nanaon da teu katingali ku batur. Nu bahaya mah, gering, eta pan katingali ku batur. Jadi kudu sehat. Sehat bari teu boga duit, alus. Nu kurang ngeunah mah, nya gering, nya teu boga duit. 

Balik deui kana urusan teu bisa sare. Kunaon teu bisa sare? Hareudang!
Gusti, ceuk nu bohong mah, eta tonggong asa digarang, puanas kacida. Kesang ngoprot kaluar tina panon, ceuk no bohong mah, bakat ku hareudang. Kasur busa nu biasana karasa ngeunah teh, na atuh da asa ngagoler dina ruhak, panas teu aya babandinganna.

Tungtungna teu bisa sare. Ngipasan maneh, cangkeul. Make kipas, asup angin. Kudu make AC. Ngan panan,balik deui kana urusan di luhur mun hayang make AC mah, euwuh duit keur meuli AC jeung amayar listrikna. 
Tabuh 12 teh masih keneh guling gasahan, ngelapan kesang. Heuay mah ngeletek, ngan eleh ku hareudang mah. Tungtungna ngadengekeun podcast. Tapi kalahka matak leneng kana sirah. 

Sigana tabuh 1 sare, tabuh 4 geus hudang deui. Panon nyeri, asa aya nu nyugak dina bola matana. Awak asa rariged. Nyeri dada asa ditojos, datang deui. Beuheung nyeri. Kolesterol kitu? 
Ah ari geus kolot mah, loba kemungkinan mun aya nu karasa teh.

Tabuh 5 miang ka rumah sakit. Mengkol heula, sasarap nagarah beuteung teu ngerebek. Ti tatadi hayoh wae teurab. Geus dieusian mah, jempling beuteung teh. 

Di rumah sakit, dina tabuh 7l teu pati loba jelema. Rada teu biasa. Biasana mah, tabuh 7 teh  geus heurin usik. Geus calageur meureun, matak teu loba pasen. Tabuh 9 geus dipariksa, antrian ka 12. 

Terus nyokot obat. Biasa we ari BPJS mah, aya obat nu kudu dibeuli

No comments:

Post a Comment