Tempat anu ayeuna dicicingan, wawuh. Ngan dina waktu nu sarua, asana teh teu kenal. Diri urang, pagawéan, imah, malah mah, agama nu ku urang diagem, kabéhanana wawuh. Hanjakalna kabéhanana siga baju, baju anu ku urang dipake pikeun nutupan saha nu sabenerna ari urang.
Rarasaan anu karasa saperti anu dijelaskeun di luhur, boa-boa éta jadi ciri évolusi manusa. Manusa anu boga kasadaran, saha urang, keur naon urang, jeung rék ka mana ari urang.
Sagala rupa anu ayeuna ku urang disebut "teu sampurna" boa ciri yén mun urang salaku manusa "boga akal". Akal anu terus-terusan ngajadikeun manusa terus mikir, sok sanajan terus-terusan ogé manusa mah teu ngarti sapinuhna kana sagala nu kajadian di ieu dunya.
Rarasaan anu tadi karasa pas hudang, éta lain panyakit nu kudu diubaran. Tapi nandakeun yén kasadaran urang ngalegaan ngaliwatan wates-wates anu salila ieu disodorkeun ku masarakat. Salila rébuan taun manusa mah ditangtukeun kudu kitu, kudu kieu, ceuk masarakat.
Manusa kudu ngahiji diwatesanan ku tempat, nya aya wilayah ka-RT-an, RW, nepika nagara. Wates agama, jadi aya umat lslam, umat Hindu jeung sajabana.
Beda pisan jeung kokolot urang baheula. Maranéhna teu mikiran "ciri, turunan, agama, pagawéan, jabatan, status". Maranéhanana cukup hirup nyaluyukeun diri jeung kabutuhan dirina. Teu paduli gelar, sesebutan, jabatan.
No comments:
Post a Comment