Wednesday, June 10, 2020

Nginjeum duit

"Ceuceu téh nelepon ngahaja. Kahiji, najan leuir-leuir ogé, ménta hampura,  apanan poé lebaran teu bisa pajonghok kahalangan ku korona. Kaduana, ngabéjaan.  Si Enéng,  anak Ceuceu nu bungsu. Rék ngalahirkeun," sora ti beulah ditu dina hapé norolang. Kuring teu acan némbalan itu ieu, ngan muhun-muhun wé pikeun nandakeun lamun kuring ngadéngékeun kana omongan lanceuk téré. 

Pokna deui manéhna neruskeun omonganna. "Tah, ayeuna Ceuceu nelepon, pédah ku teu ngarti. Naha aya turunan ti saha, éta si Enéng lahiranna kudu disésar. Kudu dibedél ku doktor." Kadéngé nada rada-rada teu ngeunah dina sorana pédah anakna kudu dioperasi pas ngalahirkeun. Ras inget, pan kuring pisan anu ngalahirkeun anak sungsang. Ngalahirkeun bari teu kapuluk anak nu didago-dago salapan taun téh,  maot, najan geus digulang gapér ku dokter gé. Ayeuna, alo meureun barisna téh,  kudu ngalahirkeun disésar,  pédah nyungsang, cara kuring baheula, asa deg wé, Ceuceu téh nuduh ka kuring anu mawa berewit kana urusan ngalahirkeun nu kudu dipaju ku Enéng, anakna. 

Asana, urusan orok nyungsang mah teu diturunkeun tina DNA, henteu diwariskeun sacara genetik. Komo deui pan Enéng mah, alo gé,  alo téré. Meureun teu aya patula patalina jeung kuring. Piraku teuing Apa, akina, nurunkeun urusan ngalahirkeun nyungsang. Kuring ngahuleng, mikiran omongan nu jadi lanceuk. Kuring tacan némbalan. Enya, kudu ngomong naon atuh? Kudu pok lamun kuring anu ngabalukarkeun anakna ngalahirkeun disésar? Panan kuring teu nyaho kalawan pasti lamun éta 'nular' ti kuring.

"Yi, dibedélna di rumah sakit téh engké poé Saptu, paling telat poé Senén," kadéngé lanceuk téh neruskeun omonganna. 
"Ceuceu rék ménta tulung,  biayana téh 16 juta."

"Teu nyobian ngango BPJS Ceu?" 

"Iih ari Ayi, panan ti taun 2018 telat mayar! Keur nanahaon mayar BPJS da jelemana jag-jag belejag. Sugan téh moal kudu ngalaman dibedél siga ayeuna.  Ceuceu mah taya turunan boga anak nyungsang. Ngalahirkeun tujuh téh,  berekah, kabéh gé, cukup ku dibaturan Ma Itoh, teu kudu ka duktar doktor."
Kadéngé manéhna ngarenghap panjang bangun teu narima lamun anakna kudu dioperasi ku dokter. Teu lila, pok deui ngomong.

"Sugan Ayi aya peperenian, tulungan Ceuceu. Ieu aya duit karak 2 juta. Salakina si Enéng,  di Jakarta, kapegat Korona teu bisa mulang. Aya piduiteun tina arisan, engké pimeunageunna téh bulan Juli. Imah Ceuceu anu di kaler, batan kosong, rék dijual,  mélaan anak. Bisi teu percaya ka Ceuceu, sok wé cokot tah motor Beat. Kari lima bulan deui setoranna."

Ngek haté téh ngarentet. Lain teu hayang nulungan. Asa ku tumarumpang. Jalma pantar kuring dipéntaan tulung, nyantek. Panan Saptu téh isukan. Ti mana teuing boga duit juta-juta. Lamun nginjeum, nginjeum ka saha. Ngaran kuring di koperasi, di babaturan geus raweuy. Geus nelah tukang ngagadékeun sertitikasi. Kangaranan awak sabeulah, nguliahkeun tilu, rék asuk SMA hiji,  ari gajih tinga ngajar, ngan sakitu-kituna. Dijéjér-jéjér gajih 5 juta téh kudu mahi keur mayar kosan nu tiluan, mekelan bulanan nu tiluan, keur kuring jeung si bungsu nu di imah. Ceuceu mah sok nyangka kuring téh lubak libuk loba duit, tina gajih sakitu juta, tina sertifikasi sakitu juta, acan tina lawang séjén, pan guru mah bisa ngelés.

"Yi, kumaha? Ka saha deui Ceuceu muntang tulung iwal ti ka adi sorangan. Panan Ayi mah pagawé negri, kaum gajih. Gawé  teu gawé gajih mah pan ngalir. Ceuceu mah nginjeum waktu hungkul,  Juli  pan aya tina arisan 24 juta. Bisi ham-ham, imah nu kaler, sok paké, atawa bisi perelu motor, hég bawa wé."

Ambekan asa nyelek kana angen. Gusti, kiatkeun abdi, salametkeun ulah dugika kalepasan nyarios pami lanceuk téh kurang wijaksana. 

Ras kana hutang manéhna waktu ménta dibantuan méuli komprésor, pajar keur muka rejeki anakna anu kadua, tacan aya béjana.  Cekap ku nyebut hampura teu bisa mayar dina waktuna da usahana karak engkeut-engkeut ukur mahi keur dahar jeung mayar cicilan mobil. Kuring mah katempuhan mayar ka koperasi, engkak-engkakkan aya kana lima bulanna. Lapur teu mayar nepika kiwari teu beja teu carita. Lamun ditagih pajar téh Ayi mah owel ku duit sakitu. Ngahaja méré mah henteu ka alo téh,  cik atuh mantuan méré modal mah tong kudu ditagih. 

"Yi, kumaha?" Lanceuk nanya deui.

"Hapunten Ceu, dina waktos ayeuna mah abdi nuju sisip pisan, teu aya gilir-gilir keuneun. Pami dina ayana gé,  diancokeun kango nu karuliah."

"Enya, Ceuceu ngarti. Ari keur kuliah mah aya, ari keur nu rék sahoseun paéh mah teu aya. Ari keur kaom pendidik mah, penting kénéh kuliah batan nulungan nu ngalahirkeun mah."

Klik telepon pareum ti beulah ditu.










No comments:

Post a Comment