Thursday, June 11, 2020

Nyeumpal Orok


Sok inget kana paribasa sahérang-hérangna cibéas ari mikiran kumaha kalakuan jeung tatali duduluran antara lanceuk téré  jeung kuring.  Sigana keur manéhna mah, kecap téré dicirian ku mangsi beureum nu warna mangaruhan kana sikep Ceuceu ka kuring.

Kuring mah teu nyaho lamun Ceuceu téh lanceuk téré. Apal sotéh waktu kuring hayang milu diajak ulin jeung babaturan manéhna soré-soré tutas asar méméh ngaji.

Masih natrat kénéh dina pikiran kumaha jubras jebrisna Ceuceu waktu kuring luwa lewé hayang milu ka manéhna. Harita sigana umur kuring karak genep taun, asana acan asup sakola. Ari Ceuceu kelas genep, sigana umurna kana 13 atawa 14 taun mah aya.

Kabiasaan Ceuceu, lamun soré sanggeus kadéngé adan asar, langsung mandi Ceuceu téh,  terus disalin ku baju beresih. Gap kana tiung, gap kana samping, tara nolih nanaon, sukuna sok terus ngaléngkah ningalkeun imah muru ka pangajian. Ceuceu, ogé barudak awéwé anu geus arasup sakolah SD mah ngaraji di bumina ibu ajengan. Ngajina magrib jeung subuh dipapatahan ku lbu ajengan nyalira. Jadi santri kalong, santri anu teu mondok di pasantrén. Kuring mah harita  tacan milu ngaji di lbu ajengan, leutik kénéh kitu ceuk Ceuceu mah.

Méméh waktu magrib datang, santri kalong awéwé anu jul jolna ti sabudereun lembur, sok ngadon arulin heula sabari nunggu waktu magrib datang. Aya nu sondah, békles, ucing sumput, gatrik, malah mah nu maén galasin sagala. Awak seungit meunang mandi méméh indit teh, atuh ganti jadi bau késang lamun milu kaulinan anu saratna kudu lulumpatan saperti galasin mah. Tah, kuring hayang milu ka Ceuceu téh lain hayang milu ngaji, tapi hayang aub milu ulin. Ngan, Ceuceu sok nyaram, kaasup soré harita.

"Yi, tong ula-ilu. Ceuceu rék ngaji,  balikna subuh. Sangeuk lamun Ceuceu kudu nganteur Ayi balik ka imah. Capé jeungna engké Ceuceu  balikna deui ka pangajian kaburu kamagriban." Pokna ngahulag ulah milu.

"Wios Ceu, abdi wangsul nyalira wé,  wantun da. Pami teu acan magrib mah moal sieun ngalangkung ka péngkolan Salamna." Kuring nunjukkeun moal ngariweuhkeun. Péngkolan Salam téh jalan nu bakal kaliwatan anu pas méngkol  terus nanjak, di dinya angker, cenah mah baheula urut pamiceunan salah sahiji anggota badan anu boga élmu Samber Nyawa. Jelema nu boga élmu kitu tara maot lamun awakna teu dipisah-pisah. Najan dipaéhan ogé,  engké hirup deui.  Bisa paéh lamun sirahna, sukuna, awakna, jeung anggahota badanna lianna paburencay.

"Pokona tong milu! Ceuceu aya uruskeuneun jeung budak kobong. Lamun Ayi milu bakal ngantégan jeung ngagokan ka Ceuceu," sora Ceuceu rada teugeug nandakeun teu resep lamun kuring ngingintil ka manéhna.

"Abdi nuturkeun ti pengker wé atuh Ceu, wios Ceuceu angkat ti payun. Atanapi abdi miosna sareng Téh Nonong nu ti lebak." Kuring satengah maksa.  Kuring  hayang ulin ogé. Kacipta engké di buruan bumi ajengan, handapeun tangkal Manggu kuring bisa  maén éngklék atawa maén pérépét  jéngkol  jeung barudak awéwé anu sapantaran jeung anu umurna saluhureun kuring saeutik.

Biwir kuring ngarenyu ngabayangkeun resepna bisa ulin bari saleuserian. Pikiran nu kumalayang asa geus  anjog ka handapeun tangkal Manggu teu jucung kaburu digebés ku Ceuceu ku omongan nu matak reuwas kacida.

"Bedegong nya, teu ngawaro ka lanceuk. Abong adi téré,  ngeleyed teu béda ti indungna. Maksakeun kahayang sangeunahna matak cua!" Bari ngomong kitu, Ceuceu kecrot nyiduh hareupeun kuring, bangun geuleuh jeung ceuceub kacida ka kuring. Kuring hookeun,  panon museur kana ciduh nu baseuh kénéh teu jauh ti indung suku kuring.  Teu ngarti naon ari adi téré, naha bet mawa-mawa ka indung. Keur kuring ngahuleng, Ceuceu ngajéngkat indit ka pangajian ningalkeun kuring sorangan anu pinuh ku tanda tanya. Naha Ceuceu bet nyebut adi téré. Sigana kudu mendakan Amih, indung kuring ngarah ngarti naon ari adi téré.

Ras ka dinya, ras kana omongan Ceuceu kamari anu bangun keuheul pédah teu nulungan méré nginjeum duit. Kuring istigfar bari ngusap beungeut.  Manusa mah korét, korét ku sikep lubar pangampura. Lamun kuring saruana, teu ngahampura kana sikep Ceuceu, atuh kuring kaasup jalma korét ku lubar pangampura. Najan enya Ceuceu ngomongna matak tugenah, tapi pan éta téh dulur, najan ceuk Ceuceu,_téré_ ogé, keur kuring mah, dulur baé. Kuring moal korét ku pangampura urusan haté mah ukur rarasaan, bisa dilelemu ku kaimanan.

Soré-soré kuring rék datang nyeumpal orok incu Ceuceu ti nu bungsu, pikeun nunjukkeun yén kuring mah teu geuneuk teu maleukmeuk. Isuk-isuk mah teu bisa. Kuring geus boga jangji  rék nganjang ka Pa Endang Jaénudincenah mah dalang anu kungsi jadi guruna Asép Sunandar. Moal ka imah Ceuceu heula, rék liwat wé terus ka Pa Endang heula, bari balik, karak méngkol ka imah Ceuceu.

Indit ka Pa Endang téh bari mawa bahan-bahan liweteun. Maksud téh ngarah teu éra teuing.  Sapoé éta kuring ngararancang rék ngaguar hirup Pa Endang anu bisa jadi guruna dalang sohor Asép Sunandar. Kangaranan ngobrol kaditu kadieu, meureun kudu ruab raéb. Piraku pribumi nu kaprak keprek nyadiakeun sagala rupana. Matak kuring ka pasar heula, meuli bahan liweteun jeung cau keur goréngeun. Angkaribung di simpen dina motor. Geus karasa tarapti, biur baé indit. Palébah imah Ceuceu, motor rada dilaunan. Bisi baé aya nu diburuan, rék tamada moal nyimpang heula, tapi engké nyimpangna ari balikeun. Suwung, teu katingali aya sasaha. Ngan katingali aya amet, popok, pernél  karak meunang moé.  Ceuk pikiran téh pasti orokna di imah Ceuceu kénéh, dibantuan ngurusna. Malum pan ngurus raheut tapak operasi mah teu sacara ngurus raheut tapak péso ari malaweung keur nyiksikan bawang.
Motor ngageuleuyeung muru patempatan Pa Endang. Enya baé, geus nyampak dahareun, aya ranginang, opak, cau muli. Eujeung éta deuih, aya goréng ketan jeung sambel oncom sagala, sésa lebaran meureun. Kuring buru-buru turun, gok sasalaman, sok mikeun balanjaan. Teu dililakeun, terus baé guntreng ngobrol jeung Pa Endang ngaguar kahirupanna ti mimiti manéhna inget di alam dunya nepika jadi ruruntuk dalang. Hirup manusa mah, najan ceuk Pa Endang mah taya ahéngna, tapi keur kuring mah, luar biasa. Kahirupan jalma, sakumaha basajanna ceuk nu ngalakonanna, éstuning loba pulunganeun, loba pieunteungeun, jeung loba palasipah hirup anu diagemna nu bisa ditulad. Kuring jangji rék nganjang deui isukaning pagéto, sabab pastina ogé, aya kénéh hal-hal anu tacan kaguar. Waktu geus nyérélék ampir asar. Kuring amitan, inget rék ka Ceuceu. Pa Endang omat-omatan kuring kudu mindeng nganjang, majar téh resep aya batur ngasah uteuk.
Sora adan marengan kuring nu ngaléngléong dina motor rék mulang tapi saméméhna méngkol heula ka Ceuceu. Nepi ka buruan imah Ceuceu, siga tadi kénéh, karosong, bédana, teu aya popoéan. Bus kuring asup, sakalian motor diparkirkeun gigireun mobil Suzuki. Bangun mobil anyar, ceuk haté. Leungeun nyekel kénéh setang motor waktu panto hareu muka. Lol Ceuceu, romanna teu pati bérag, capé meureun ngurus incu, kurang saré. Capé ngurus indungna orok ogé sugan, panan kudu ati-ati pisan, raheut urut sésar ulah baseuh, komo jiih mah. Lamun kitu, pan dibedél deui, dijait deui.
“Rék kadieu Yi?” Ceuceu miheulaan nanya. Kuring kerung, naha bet nanya kitu, panan jelas motor dijugrugkeun di buruan imahna.
“Muhun, hoyong nyeumpal orok. Kumaha Alo Enéng? Séhat?” Kuring malik nanya teu nolih kana bubudén Ceuceu anu katingalina beuki ceudeum.

“Ka jero wé, kabeneran bapana si utun karak balik. Tah mobilna.” Ceuceu nunjuk ku pamenteuna kana mobil Suzuki anyar anu nangoh parkir gagah pisan sisieun motor Vario kuring nu butut.
Teu loba carita, kuring asup ka jero imah. Imah Ceuceu anu dicicingan jeung Alo Enéng imah anu digedéan jadi aya toko. Tamba kesel cenah, Ceuceu muka toko. Minantuna, salaki Alo Enéng agén barang-barang, dumukna di Jakarta nu ngeusian barangna.

Nyampak indung orok keur diuk, nanggeuy piring keur dahar. Ari orok keur ngageubra saré dina ranjang leutik nu dihias perenak perenik Doraémon.  Orok teh lalaki sigana pédah éta wé téma hiasan kamarna Doraémon. Sagala bulao ti mimiti pulas kamar nepika barang-barang nu aya di dinya, warnana dominan bulao.

Alo téh ngarérét saeutik waktu katingali kuring ngaringkang asup ka imah. Kuring ngajak imut. Terus baé nyampeurkeun ka orok. Teu ngajak ngobrol ka indungna, kagok bisi ngurangan kanima’tan daharna. Biwir ngunyem babacaan, ngadu’akeun sangkan budak mawa kabagjaan ka kolotna, mawa ningkat kaimanan ka kulawargana, intina mah jadi jalma soleh. Sok duit panyeumpal diselapkeun kana bantal handapeun sirah orok. Teu wani nyabak orok, bisi baé kuring mawa kuman Korona. Kuring langsung kaluar deui, rék terus balik, bisi kamagriban.

“Ceu, badé teras permios wé. Ngiring bingah Ceuceu tos gaduh incu deui. Mugi-mugi ibuna sareng orokna dipaparinan séhat. Atuh Ceuceu oge, sing janten taun ieu ka Mekahna.” Pok téh bari ngajak sasalaman, sora kuring halon pisan, bisi ngagareuwahkeun orok nu keur saré.

“Sugan t
éh geus poho ka dieu,” Ceuceu neuteup seukeut ka kuring, asa nembus kana tulang tonggong teuteupanna, “Tadi katingali kalah ngabéngbéos ka kulon bari rib-rib loba babawaan. Sugan téh rék  ngabagéakeun incu Ceuceu. Sihoréng lain geuning.” Ceuceu nutaskeun omonganna, ngomongna sarua lalaunan.
“Hapunten, tadi abdi ka Pa Endang heula, aya peryogi Ceu.”

“Alus! Ngaheulakeun batur! Teu boga ka
éra, awéwé nyampeurkeun lalaki. Abong randa, teu nalipak manéh, nyogrog-nyogrogkeun manéh bari séba sagala!” Ceuceu rada muncereng, tapi anger sorana mah laun, ditahan.
Kuring ngabetem. Haté ngageremet hayang nerangkeun, tapi lain pihadéeun.

“Engk
é deui lamun rék rucah, tong di deukeut imah Ceuceu, ka ditu sing jauh!” Omongan Ceuceu matak nyeletit kana ati. Ampir-ampir cimata bedah.

Kuring duaan jempé. Ceuceu bangun bungah bisa nyasaak haté kuring. Katingali aya imut leutik nyumput dina juru biwirna.

“Mah! Kadieu!” Kadéngé sora alo Enéng ngagoroan Ceuceu, Ceuceu mindahkeun teuteupna kana mobil Suzuki anyar. Pok némbalan, “Naon Néng?”

“Bibi téh nyeumpalna ageung Mah, ieu tingali geura.” Kadéngé sora alo Enéng ngagorowok ti jero imah, teu nyahoeun lamun kuring tacan indit.

Ceuceu imut bari pok ngomong, “Jung geura balik. Engké deui ari babawaan, ulah ukur liwat. Sing inget, nu ngasuh jeung milu susah ngagedékeun Ayi téh pan Ceuceu. Kudu bisa males jasa.”

No comments:

Post a Comment