Sunday, August 13, 2017

Pilihan

Geus lila teu panggih jeung manehna. Ti saprak lulus SMA, kuliah, rumah tangga, boga anak dua, karak panggih deui. Mimitina asa karagok rék ngobrol téh. Sok bisi aya tuduhan, aya nu ngomén asa teu marantes geus kolot, masih ngobrol jeung lain muhrim. Atawa sok bisi aya nu nyarita, ongkoh wé maké kerudung,  sirah ditutupan ari ngobrol  jeung salaki batur.

Keur saheulaanan kasieun jadi bahan omongan téh teu pati dipaliré. Pék teh teuing rék ngomong kitu kieu ge, maranéhna moal mantuan mun kuring keur susah, moal nulungan mun kuring aya kabutuh. Kuring lah-lahan ngaregepkeun caritaanna.

Pokna ti saprak kaluar ti SMA. Manéhna tuluy kuliah. Kuliahna ngan 3 taun, terus bae kawin ka awéwé pilihanna. Lulus kuliah,  gawé di perusahaan luyu jeung kaahlianna.  Kulantaran tacan waé boga anak, waktu pamajikanna ménta idin hayang kuliah S2, dihègkeun.

Manéhna karirna nérékél, nya kitu pamajikanna. Lulus kuliah langsung disanggap jadi dosén. Sampurna hirupna ku katambahan boga anak.  Laju pamajikanana kuliah deui, ka S3, di Amerika, beasiswa ti kampusna. Manéhna teu ngahalangan, kuliahna cenah moal lila. Ngarah teu melang, anakna dibawa. Kari manéhna sorangan, anak pamajikan di Amerika.

Mimiti kabeuli imah, tuluy boga mobil, bisa nyieun kolam renang sisi imah, medah meduh, panghasilan leuwih ti cukup. Imah pereték, lengkep, eusina sagala aya. Ngan tiiseun, pamajikan teu balik-balik. Alesan kagok keur nyakolakeun budak kilangbara nepika bérés kuliah, atuh nepika SMA di Amerika. Teu bisa maksa balik da aya benerna, sakola di Amerika leuwih dihargaan ijazahna batan di jero nagara sorangan. Manéhna kudu manjangkeun sabar, ulah sirik lamun ningali aya hiji kulawarga ngabring indung-bapa-anak. Kudu ngalaérkeun nunggu, ulah ngarep-ngarep hayang ngabring saanak pamajikan.

Ngaregepkeun kana caritaanna, kuring ukur ngaheruk. Ras harita ka waktu SMA.  Manéhna kakak kelas béda sataun. Waktu manéhna lulus, terus kuliah. Kuring milu reueus. Ngan teu lila, waktu taun kadua, pas kuring lulus katarima di salahsahiji universitas, sakota jeung manehna. Harita  manehna mah tingkat 2. Kabayang jadi deukeut jeung manehna. Ngan bayangan téh kudu disinglar jauh pisan.  Teu gugur teu angin, manéhna ngirim surat, eusina menta supaya ngaku dulur baé. Hartina mah, putus, ngan cara lemes.

Kuring mapalérkeun sorangan ku soson-soson kuliah. Ti saprak narima surat,  les baé taya béja taya carita.  Kuring sok ngalamun sugan baé,  sugan baé. Hanjakal, lapur.

Kuliah bérés. Kuring langsung gawé. Lumayan bisa mayar kosan ku sorangan. Lila-lila bisa méré ka kolot. Hirup téh asa taya lungsur langsar.

Teu lila, saprak jadi pagawé negri, kuring kawin ka lalaki pamilih kolot. Cenah mah aya bau-bau sinduk kénéh ngan geus jauh pisan. Ngarangkepna kuring oge tujuanna taya lian  pikeun ngaraketkeun duduluran anu mimiti poékeun obor.

Prung baé kawin. Haté mah masih kénéh ngarep-ngarep manéhna,  sugan baé ngirim surat anu eusina anu sok kaimpikeun tengah poé.

Sataun kaduana, kuring boga anak. Salaki robah adat jeung pasipatanna. Kuring jadi loba salah, loba dicarékan, nu leuwih nyeri salaki sok wani neunggeul, téga nyijek, jeung tindakan anu teu pantes dipigawé ka jalma cenah anu dipikanyaah, batur hirup.

Basa boga anak nu kadua, salaki beuki angot galakna. Bosen nyiksa kuring, anak ogé sok kagiliran. Kuring waléh, teu kuat, ménta pisah.  Batan dijawab, kuring meunang bogem atah kana tonggong. Bébéja ka kolot, teu wasa, karunya,  kaayaan kolot nu geus deukeut ka sengsérang padung. Bisi baé matak ngabarubahkeun, tungtungna kolot kagegeringan, kumaha mun nepika ka maotna. Kuring neureuy buleud kasusah ku sorangan.

Basa manehna murubut cimata majar sirik kana rumah tangga kuring anu sakitu mulus banglusna, silih élédan, jeung salaki babarengan bisa panggih sirikna saban usik. Hanjakal pajarna téh baheula kabengbat ku babaturan kuliahna.  Kuring ukur seuri koneng. Kuring teu kedal ngabéjakeun kumaha asli jero-jeroanna rumah tangga kuring. Kuring ukur sanggup nganuhunkeun yén geus bisa panggih. Geus bisa eureun ngarep-ngarep. Geus bisa ngupahan manéh horéng lain kuring hungkul anu gering pikir téh.

No comments:

Post a Comment