Dua rumaja guntreng ngobrol.
A: “Njing, geus magrib ning, urang mah rek solat.”
B: “Emang, sia wae nu sok solat Njing, dewek oge osok. Hayu ah urang bareng Njing ka masigit.”
A: “Hayu, saha imamna Njing?”
B: “Didinya we Njing.”
A: “Heg lah Njing. Eh..Njing, rek solat mah kudu wudu heula, hayu Njing urang wudu.”
A ngimamanan solat magrib, aya sababaraha urang nu lain nu gabung milu ngama’mum ka manehna. A solat kalayan khusu, manehna maca surah Al-Fatihah kalayan rineh. Sarengse maca Fatihah, sanggeus ngucapekun walad’doooliiinnn. Ma’mum reang ngajawab,’aaaamiiiiiiin.’
A ngalieuk, pok ngomong, “Anjing Kompak!!!!”
Si B keuheul kacida, apan dina solat mah ulah ngomen. Dina hatena manehna ngagerentes, “ Keun siah mun maca Fatihah dina roka’at kadua, ku aing moal diaminan.”
A nuluykeun raka’at. Sarengse maca Fatihah, manehna rada ngajenghok lantaran taya nu ngaminkeun. Manehna galecok dina hatena, “Keun siah, tadi jempe wae, teu ngaminkeun, ku aing engke mun takbir moal ditarikkeun”.
Solat geus asup kana sujud pangahirna, A cengkat tina sujud, tapi teu nyebut Allohu akbar di tarikkeun sakumaha biasana pikeun ngabejaan pindah gerak solat. A tahiyat ahir dina hatena, terus aweh salam, leos bae indit.
Ari si B jeung ma’mun liana nungguan kode ti imam, tapi teu aya wae. Ahirna B cengkat, bari tumanya, naha bet lila-lila teuing sujud teh. Barang manehna cengkat terus nempo ka hareup, sihoreng si A, imamna, geus teu aya di tempatna. Manehna semu keuheul ngagorowok: “Anjing euweuh supiran…!!!!!!!”
Answer these questions
- What is the story about?
- What will you do if you are A?
- What will you do if you are B?
- What lesson you get from the story above?
No comments:
Post a Comment