Pages

Sunday, December 7, 2025

Mubadir

Jadwal gawé keur meuweuh antara PKKS jeung IHT Paancawaluya. Dina haté mah meuweuh gawé téh matak bungah, ngan kana awak matak karasa pasiksak. Awak nu geus dipaké 57 taun mah teu kaopan. Teu kaop hudang subuh teuing, beurangna leuleus jeung tunduh teu eureun-eureun. Teu kaop saré telat, isukna jul jol barusuh nu matak hésé ngomong.

Kacaritakeun M kapilih jadi peniléy Anugerah Paancawaluya. Kudu mariksa kurang leuwih 170 sakola, kitu ceuk hasil tina musyawarah daring. Nya kulantaran geus jadi kesepakatan, M mariksa hiji, du, tilu siki, diselipkeun di sela-sela pagawéan nu keur meuweuh tadi. Sigana bakating ku capé sok karasa ujug-ujug asa aya nu ngajelenging dina ceuli. Atawa asa ngalayang sakapeung. Awak ngabéjaan, méré tanggara yén aya nu teu saimbang. 

Ku dikeureuyeuh mah, mariksa 170 sakola teh, nepi. Najan ningali batur mah aya nu 200. M jadi aya dina jajaran katilu peniléy anu pang lobana. Ceuk haté M, ya sakitu mah gawé téh teu ngerakeun. Keur jenis pagawéan nu rumit, butuh kadang satengah jam keur hiji sakola dina mariksana, bari jeung HARATIS mah, alus gawé M téh. Waktu keur mariksa nyérélék pisan. Loba kénéh nu tacan kapariksa. Kaputusanna, nambah personil. Der deui maraju gawé.

Waktu mariksa béak.
Saréréa bungah ku hasil pagawéanna sewang-sewangan. Pariksaeun kari 200 deui. Tapi teu terus dipariksa éta nu 200 téh, anggap teu lolos wé kitu ceuk pupuhu acara. Nya, M nurut kana éta katangtuan.

Lain teu hayang mariksa, ngan pan ku leuk-leukna, nepika ditambahan peniléy anyar, anger nya nyésa 200an téa. 

Acara maju ka tahap dua. Mariksa ka sakolana,  negeskeun naha anu dikirim dina video jeung sajabana téh, bener. M kabagéan marijsa anu di kabupatén C, aya opat sakola. Dihégkeun we mariksa éta sakola najan waktu samporét pisan. Diimpleng bisa ka sakola bari sakalian balik ti Bogor, keur dua sakola, bisa nu dua deui mah, méméh gawé di SMAN 1. Kabeneran IHT pan ku duaan jadi bisa giliran, Narsum non ASN sina maju heula nepika tsbuh 10. M bisa ka sakola nu lokasina di Cilaku.

Waktu ka sakola nu dua nu awal. Ka sakolana balik ti Bogor téa. Dikersakeun hujan ngagebrét. Atuh mariksa sakola téh bari rancucut. Matak muriang kapeutingnakeun.

Peutingna aya zoom. M milu asup kana zoom da hariweusweus, aya Pa Kepala Dinas, saréréa kudu asup zoom. M asup bari sirah dung deng.

Inti tina cariosan Kepala Dinas ngan hiji: bolay. Kabéh kegiatan tahap dua, bolay. Teu meunang diteruskeun. Sabab teu sapuk jeung pamadegan anjeunna. Kahoyong anjeunna mah, nganiléy sakola bikeun ka dinas setempat, nu mariksana pengawas. Engké dinas nu nyodorkeun sakola nu pangalusna versi dinas. Alesan cara nu awal teu bisa dipaké lantaran bisi jadi omong jeung ramé sabab sakola nu teu populer asup kana calon juara. Lebar ku hadiahna, panan gedé kacida, hadiahna miliaran! Ngan catet tina hadiah miliaran téh, angger keur ngongkosan juri mah teu aya. 

Nu karasa ku M mubadirna tanaga, waktu, jeung pikiran nu geus dipaké salila dua minggu. Ari gegedén mah, bisa wé ngatur ngarobah naon nu geus dibadamikeun ku panitia. 

No comments:

Post a Comment