Pare karak dipanen, dietém. Tangkaln nu jarangkung jadi tempat imahna simeut. Aya simeut Kalapa, cirina dina pundukna aya haris koneng, simeut Geulis, disebut geulis lantaran dina biwirna aya warna beureum siga dilipstik, anteneu dina sirahna paranjang. Anu gedé mah Betok, asana. Anak simeut anu engkéna sahede jempol, warnana koneng. Sukuna seukeut. Poho ngaranna.
Simeut Jongrang oge rada gedé, awakna hejo, lempay. Seksi mun ceuk jelema mah. Aya oge simeut Bako. Jangjangna rada gede
Anu ulah diala mah simeut Nyungcung. Cirina sirahna Nyungcung, segitiga. Aya oge Congcorang, tapi eta mah tara diala.
Sigana budak jaman ayeuna mah teu apaleun ngaran-ngaran simeut.
Sigana indit ngala simeutna teh beres isya. Kulantaran teu aya listrik jaman harita mah, kaayaan di luar imah, poék mongkléng téh lain bohong.
Tah indit teh nuturkeun nu mawa lampu patromak. Urang mah indit teh bari mawa botol urut orson. Batur oge kitu. Marawa botol Orson keur ngawadahan simeutna. Kulantaran urang mah teu pangalaman, teu pati beubeunangan. Perhatian leuwih loba ditamplokeun ka ningalian batur kumaha carana newak simeut nu saru maruntanng kana tangkal pare jangkung.
Indit teh teuing ka beulah mana. Maju we nuturkeun lampu patromak.
Duka kumaha urang bet malik. Nukangan lampu patromak. Beg teh asa tembok hideung ngahalangan. Poek nu pating tarumpuk. Narangtung matak eungap kana dada. Urang ngahuleng. Teu sadar lampu patromak maju ningalkeun. Poék tambah kandel, ngalegleg awak kuring. Dunya karasana asa jadi hideung kabeh, datar. Teu aya nanaonan, ngan hideung hungkul ngariung, nyekek kuring.
Kuring malik, Gebeg. Alah ieu di mana. Teu terang di kenca katuhu, kulon, wetan. Lamun hayang balik, kudu maju ka mana. Poek beuki ngalegaan ngamparna. Sawah leungit. Kari poek we. Kuring maju lalaunan. Teu aya tangkal pare, nu aya poek nu karasa tiis, kosong, tapi ngampar lega
Ti kajauhna katingali aya cahaya. Kuring muru kadinya.
Cahaya, poek mundur. Aya rasa haneut nyimbutan tonggong kuring nu tadi beurat ngagandong poek.
No comments:
Post a Comment