Pages

Saturday, November 1, 2025

Jadi Dijual

1.11.2025
Angka 1-na triple, mudah-mudahan ka hareup naon anu dipigawe ayeuna beubeunanganna triple. Amin.

Ignis anu pas lunas, dijual sabab teu kapikiran kudu dikumahakeun.

Ignis nu ruksak, rag-rag kana jurang, nambru geus kana 3 bulan di parkiran bengkel Pacific Motor.  Teu bisa ngoméan,  da teu kabayar. Harga ngomé kana 50 jutaan.  Teu bisa kagantian ku Asuransi, da kerusakan kurang ti 75%,  kerusakanna 60%.
Tungtungna: ngoméan teu mampuh,  asuransi teu daék ngaganti. Kaputusanna dijual.

Ari dijual  deuih, saban nu nawar hargana matak ngaraheutan jeung motong urat nadi. Handap pisan. Ignis Delux AGX ngan ditawar 37 juta. Alesanna kudu aya mayar keur derek, mayar parkir, mayar pajeg. Mémang pajegna téh can kaburu dibayar, kuduna Agustus dibayar, pan kacilakaanna gé Agustus,  jadi teu kapikiran mayar pajegna. 
Asa ngajual beusi kiloan, kitu ceuk rarasaan. Mun dua kali lipetna mah, nya haté téh méréan. Ngan hanjakal teu aya nu daék.  Nu meuli mah hayang murah, urang nu boga barang,  hayang luhur. Teu nyambung-nyambung jadina. 

Aya nu nawar hargana 51 juta, tapi biaya parkir diteumbleuhkeun ka urang. Dipikiran ogé teu matak réngsé,  nya atos baé dijual ka ngaran  Sunarto Widjaya. Creng dibayar.
Duitna langsung pindah ti manéhna ka kuring. 

Alhamdulillah 
Hiji pasualan bérés. 


No comments:

Post a Comment